dadang

Ditulis oleh: DADANG HP

SALAH sahiji panyakit hampang, tapi lamun diantepkeun bakal jadi mamala gedè nyaèta asup angin, sanajan ceuk dokter mah taya kategorina. Ciri-cirina awak paranas tiris, teu ngeunah dahar, komo udud mah karasana pait, hèsè sarè, jeung lamun dikerok sok beureum. Enya sabenerna mah teu kudu ngalaman katara­jang asup angin, sabab pan ung­gal usik, unggal ngarènghap teu sirikna anu diseuseup tèh “an­gin”, tapi mangsa sagalana loba teuing (kaleuleuwihi) jadi pan­yakit, teu bèda ti dahar sangu, pan mangsa leuwih tina ukuran mah, jadi kamerekaan lin. Uku­ran anu pantes pikeun sagalana sacukupna dina sagala hal èta tèh, sagala pagawèan jeung sikep anu ditambahan ku kecap teuing, biasana sok jadi gorèng, bageur teuing, galak teuing jrrd. Kanda­raan ogè, hususna anu BBMna so­lar atawa diesel, lamun geus asup angin, sok mejejes, malah tara daèkeun hirup, sanajan sababara­ha kali distarter ogè. Lamun hay­ang hirup biasana anginna kudu dipiceun heula, Kitu ogè rèm mobil, lamun aya angin palsuan, kudu dikocok heula, sangkan bisa pakem. Tapi tangtuna dina kaay­aan kitu bakal ngabahayakeun, pikeun amanna nya angin pal­suna kudu dipiceun heula. Tètèla anu palsu tèh lain ngan duit, buuk jeung huntu wungkul, dina istilah bèngkèl mah geuning aya angin palsu sagala. Ngan teuing kumaha wujudna tah, can kawè­nèhan nempo.

Baca Juga :  Heboh, Pria di Bogor Bongkar Kuburan, Polisi Ungkap Penyebabnya

Naha asup ngabahayakeun?, bisa jadi lamun geus kadalon, ata­wa ceuk basa Malayuna mah an­gin duduk tèa, nepi ka hanteuna, sabab lila-lila bakal nyesek, eun­gap malah ceuk Pa Eddy mah tu­luyna nepi kana jantung. Lamun geus nepi ka lebah dinya, sok nepi ka hanteuna. Ngubaranana, kumaha kabiasaan, aya anu kudu ka dokter ahli, Puskesmas, aya ogè anu cukup dikerok atawa di­urut, dikaluarkeun anginna, ca­geur wèh.

Istilah asup angin ogè, kiwari dipakè pikeun para pagawè atawa pajabat anu narima setoran. boh leutik atawa gedè. Tangtuna ti para pangusaha anu rèk arusaha sarta aya patalina jeung urusan idzin jeung panegakan peraturan daèrah (Perda). Pajabat anu keu­na angin badag, nepi ka asup an­gin kadalon, biasana api-api teu nyaho, mangsa aya palanggaran di hareupeun panonna. Pikeun ngabèlaan atawa api-api teu nari­ma, èta pajabat sibuk nèangan alesan pikeun ngabenerkeun, anu panggampangna nyebutkeun yèn izinna keur diprosès, pada­hal mah boro-boro. Lamun geus diramèkeun di koran atawa ma­sarakat aya anu demo kakara pa­hibut, nèangan alesan jeung jalan kaluarna sangkan katempo dirina bersih. Ku sababaraha pangala­man teu anèh lamun aya nu nyar­itakeun, adegkeun jeung wan­gun wè heula, urusan izin mah kumaha engkè atawa ti tukang. Jigana mah loba para pajabat anu nyokot istilah ti Wapres baheula almarhum Adam Malik (tapi salah prakna) Semua Bisa Diatur.

Baca Juga :  Vihara Amurva Bhumi Jakarta Selatan Tiadakan Pertunjukan Barongsai Pada Imlek 2022

Kulantaran kitu, nepi aya nu ngagambarkeun lamun rèk muka usaha, kawas meunangkeun parawan, (punten) reuneuhan wè heula, kawin mah di tukang. Naha aya kitu pajabat di urang anu asup angin? Lamun nempo cicirènna ma, sigana tèh aya, malah loba. Sababaraha kajadian anu dibejakeun dina koran, aya indikasi ka lebah dinya. Mudah-mudahan wè asup anginna tèh henteu nepi kadalon, sabab lamun geus jauh teuing, bakal maèhkeun rasa atawa rumasa. Lamun geus keuna panyakit ru­masa, biasana tunggul dirarud catang dirumpak, urusanana kumaha engkè, lain èngke kuma­ha. Disebut èngkè kumaha tèh lain cilaka keur dirina wungkul, tapi generasi anu bakal datang, anu bakal ngeusian jeung neruskeun. Ulah ngan saukur dibèrè paning­galan kabingung jeung tulang-talèngna. Urang anu ayeuna aya mah, sigana moal nepi ka dua puluh taun deui, kumelendang di alam dunya tèh. Engkè mah bakal sarua ngeusian hiji tempat anu ukuranana ngan saukur dua kali hiji meter, bari ukur make boèh sarta nu bakal maturanana ukur amal-amalan wungkul. Numatak pikeun anu ayeuna ngarasa asup angin, buru-buru ubaran, boh ka Puskesmas, dokter atawa cukup dikerok. Bisi kadalon mantèn, sabab lamun diantepkeun lain ngan ukur asup angin, bisi nepi ka asup anjing. Tah èta mah tarik­ing picilakaeun. (*)