Ditulis oleh: DADANG H PADMADIREDJA
PIKEUN anu resep ngulik urusan kabaÂhaheulaan (buhun) boh paninggalan anu mangrupa situs, carita, sasakala, kasaktian, barang-barang pusaka ogè ajaran-ajaran ngeunaan tata-titi, kawijakan, kaluhungan jrrd, mangsa kapanggih jeung nu “saalamâ€, komo anu diajak ngobrolna, luhung èlmuna, jembar pangabisana, bisa nyaritakeun kalayan pèrèlè “kajadian-kajadian†anu salila ieu teu pernah aya dina buku buku sajarah anu sumebar, puguh wè matak pogot. Kahiji sakurangna, ngaÂrasa reueus, dumèh karuhun urang tètèla geus boga kawijakan, jeung budaya anu kacida luhungna. Kadua tina carita-carita èta, bisa dikorèhan, atawa sakurangna bisa dilarapkeun keur manusa jaman ayeuna pikeun ngambah kahirupan sapopoè.
“Ku jalan ngariung model kieu, urang bisa silih simbeuhan èlmu, ngalempengkeun anu barèngkok, ngalengkepan anu kurang, tah ieu tèh diantarana ngajalankeun amanah kaÂruhun, sabab di jerona, aya silih asih, asah jeung asuh, salian ti ngaraketÂkeun tali silaturahim antara sasama manusa,†saur Ki Bungsu basa ngariÂung di wewengkon Karadènan. Sabab dina riungan èta mah sakapeung aya landian anu araranèh.
Ukuran “kolot†teu diukur ku pèÂdah umurna leuwih ti nu sèjènna, atawa leuwih ti heula digubragkeun ka alam dunya, tapi dina pamahaman kana kahirupan. Bisa ogè ku kapinÂteranana, “narjamahkeun†pesen ti para karuhun anu mangrupa palsafah jeung konci kahirupan, adab-adaban ti alam baheula dilarapkeun dina kaÂhirupan alam ayeuna. Riungan anu mawa mangfaat, saur anjeunna, lain ngan saukur nyaur tanpa bukur, nyarÂita tanpa nyata, tapi kudu dieusian ku carita-carita jeung piwejang anu loba aya gunana pikeun ngahadèan ahlak jeung talajak. Ogè lain ngan sauÂkur tamba sarè sore-sorè, ngadagoan waktuna sakadang tunduh datang. Tapi lain ogè kudu kaired ku romanÂtisme atawa panineungan alam katuÂkang. Sabab geus bèda alam jeung bèda lalakon sarta anu ngalakonana.
“Nyaah ka karuhun lain hartina kudu meuleuman menyan unggal peuting bari ngarep pitulung ka kaÂruhun, sabab pèpèntaan mah geus jelas tempatna sakumaha anu diaÂjarkeun ku agama urang, ka Nu Maha Kawasa, Nu Maha Murbeng Alam, Nu Maha Beunghar, Allah Subhanahu Wataala,â€pokna deui. Cara nemÂbongkeun kanyaah tèh diantarana ku ngaguar, sarta nepikeun deui anu kungsi dipesenkeun, ngarawat panÂinggalan-paninggalanana, ulah nepi ka ngaruksak, cohagna mah ngamuÂmulè, ngaraksa jeung ngariksa. KadiÂtuna, salian ti reueus tèh jorojoy wè, aya rasa cinta jeung nyaah kana sagala anu geus diwariskeun, tuluy dimangÂfaatkeun sakumaha mistina.
Di para kasepuhan anu sok ngaraÂriung dina peuting-peuting anu geus ditangtukeun, sakapeung asa dibawa nganjang ka alam baheula, asa enya di alam èta. Salah sahijina basa keur medarkeun kahariwang jeung kanÂyaahna kana paninggalan karuhun anu ayeuna “digular –golèr†di salah sahiji tempat di Banten, anu disebut Watu Gilang tèa. Ceuk katerangan anu kungsi ka daritu, aya katerangan yèn Watu Gilang èta, mangrupa tempat panasÂbihan Sultan-Sultan Banten, kitu ogè sakumaha ditulis dina Situs Disbudpar Provinsi Banten. Padahal, dumasar kana katerangan ti na Carita ParahyanÂgan, watu gilang atawa Palangka SriÂman Sriwacana ieu nyaèta unina kieu :
“Sang Susuktunggal inyana nu nyieuna palangka, Sriman SriwaÂcana Sri Baduga Maharajadiraja Ratu Haji di Pakwan Pajajaran nu mikadatÂwan Sri Bima Punta Narayana Madura Suradipati. Inyana Pakwan Sanghiyang Sri Ratu Dewata (Sang Susuktunggal nyaèta anu nyieun yahta Sriman SriÂwacana pikeun Sri Baduga Maharaja ratu pangawsa di Pakuan Pajajaran anu ngageugeuh di karaton Sri Bima Punta Narayana Madura Suradipati nyaèta istana Sanghiyang Sri Ratu Dewata).
“Di sajeroeunana aya kènèh anu can kaguarkeun, lain ngan èta wungÂkul, sabab aya potongan sajarah anu can ka eusian, anu sumberna masih nyararumput atawa disarumputkeun kènèh,â€pokna daria. Sumber pikeun ngeusianana, bisa tina carita atawa pantun, atawa harèwos ti kahyangan. Puguh wè, pikeun anu teu ngarti (kaaÂsup kuring ) mah, mani hareugeueun, tapi lamun dititènan mah, “ kakosonÂgan “ èta tèh geuning kaeusian. Ieu kitu anu dimaksudkeun masih kènèh dihandeuleum sieum geusan samÂpeureun, ditunda di hanjuang geusan alaeun tèh kitu? (*)