Hariring-Dadang-HP

Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

IEU mah kajadianana lain di wewengkon urang, lain di nagara urang deuih, teuing dimana boa, di hiji karajaan antah baran­tah bari jeung kajadianana taun sabaraha boa, ceuk itungan Jaman harita sakuma­ha anu dicaritakeun di luhur aya Sènapati ngaranna Arukamuning. Kalakuanana tèh mahiwal pisan jeung sènapati sèjèn­na, resep pisan ngahakanan pajeg ra­hayat, mabok-mabokan jeung ngaranyèd pamajikan batur.

Tapi lantaran manèhna boga pang­kat jeung sakti, tur loba baladna, rahayat anu kungsi didzoliman tèh teu bisa nan­aon, ukur pasrah narima kana nasibna. Tong boroning ngalawan, ku nyaritakeun kajadian anu tumiba ka kulawargana geus teu wanieun, sieuneun nepi ka Se­napati, sabab loba pisan mata-matana. Teuing boga èlmu naon tah, sanajan kalakuanana gorèng adat, loba pisan nu ngabèlanana. Naha aya gawè bareng kitu antara Arikamuning jeung anak-buahna? taya anu bisa mastikeun. Di nagara èta, Mulang Ti Kaanggagangan, unggal sènapati jeung balad tentarana boga pancèn sèwang-sèwangan. Aru Kamun­ing pancènna tèh ngajagaan tepis wiring tengah peuting.

Mèmang beurat, mangsa nu sèjèn mah keur nyègrèk, neuleuman alam pan­gimpiananana, Senapati Aru Kamuning mah kudu ngalanggang nagara, ngaro­ris nagri hususan di tepis wiring, atawa wates nagara. Pangna kudu dijaga tèh kaayaan nagara keur kurang aman, loba rampog jeung maling. Komo rombongan rampog anu digegedugan ku Tamut Du­ruwèksa, kacida telengesna. Lain ngan saukur ngagalaksak harta banda wung­kul, malah kampung anu didatanganana tèh nepi ka dibeuleumna. Ceuk riwayat, sabenerna antara Tamut jeung Aru tèh sabenerna saguru saèlmu, ngan bèda na­sib wungkul. Arum ah meneran bisa di­tarima jadi sènapati di nagara Hulu Lauk, sedengkeun Tamut Duruwèksa mah re­sepna leuleuweungan.

Baca Juga :  E-Warong BSP Muarasari Tak Ramah Lingkungan, Ancam Keselamatan KPM

Tah kulantaran baheulana kungsi di tempat anu sarua, rombongan Tamut tèh teu pati daèkeun ari kudu ngaranjah ka wewengkon kakawasaan Aru Kamun­ing mah. Tapi ngaranna ogè rampog, ari keur lapar-lapar teuing jeung mangsa nu jagana lain sobat baheula mah nya kitu tèa, sok aya kapanasaran. Kitu ogè Aru Kamuning, dina urusan kasaktian mah manèhna ogè ngarasa yèn èlmuna tèh aya di sahanapeun. Pikeun ngajaga kahormatan dirina sangkan ulah nepi ka ngaranjah ka tempat gawèna, manèhna cicing-cicing sok mere jatah prèman, Japrèm tèa. Sabab ceuk pikirna lamun kabutuhanana kacumponan mah, pas­tina ogè moal ngaco teuing. Tah pikeun nyumponana kapaksa, Aru Kamuning tèh sok nitah anak buahna, “metikan” harta banda rahayatna tengah peuting. Co­hagna mah pager ngahakan pepelakan, atawa bisa ogè disebutkeun nitipkeun hayam ka heulang.

“Ngan teuing kunaon, sanajan kal­akuanana kitu, èta Sènapati tèh diang­kat jadi wawakil patih,”saur Aki Mardud. Malah diumukeunana ogè ku Raja tèh di alun-alun, make upacara kanagaraan sagala. Dina waktuna, sakumaha biasa, gegedèn anu kakara diangkat sok dibèrè kasempetan pikeun nyarita. Sanggeus dibèrè waktu, ngong wè Aru Kamuning tèh bèantara.

Baca Juga :  KSPI Sebut PPKM Level 4 Ancam Para Buruh

Anu haladir di tempat èta, kabèh ogè kasima, mangsa ngadèngè Aru Kamuning pidato tèh, malah Raja ogè mani unggut-unggutan.Anu dicaritakeun Aru Kamun­ing tèh lolobana ngeunaan kumaha beur­atna ngajaga tepiswiring.

“Teu saeutik rampog anu kapaksa ku kuring dipaèhan kusabab teu bisa dinasèhatan mangsa katèwak ku kur­ing dipapatahan sina tobat balik deui ka jalan bener,”ceuk Aru Kamuning. Bari mapatahan ka pasukan jagapati anu aya sangkan jujur, junun jeung bèlapati ka nagarana.

“Asa rada ningnang Ki, lamun Aru Kamuning bisa ngomong kitu hareupeun Raja jeung rahayatna, pan manèhna ogè lain jalma bener, lin,” ceuk kuring pana­saran.

“Puguh nya kitu, di hareupeun mah balatentara tèh ungut-unggutan ngae­nyakeun, malah loba anu ngagorowok hirup Aru Kamuning…Hirup Aru Ka­muning, cenah. Ngan saèntas upacara kabèhna ogè ngaromongkeun, cik atuh mèmèh nyarita tèh ngariksa diri heula, naha dirina tèh geus bener. Pan sarèrèa ogè nyahoeun kalakuanana.”

“Tah nu kitu ngaranna beungeut nyanghareup ati mungkir.”

Di jaman kiwari ogè loba Arikamuning anyar, siga nu enya di hareupeun nu ping­pinanna mah, hareupeun rahayat, bangun nu alim, jerona mah maling gerot tah. (*)