Hariring-Dadang-HP

Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

LAMUN aya paribasa siga monyèt ngagugulung kalapa anu hartina nyaho ngeunah eusina tapi teu nyaho cara murakna, sigana èta tèh keuna pisan ka diri sorangan, rumasa ku mokaha jeung bodo katotoloyoh tèa. Padahal ceuk karuhun sorangan, lamun bodo mah kudu alèwoh, daèk tatanya, sana­jan teu nepi ka pinter ogè sakurangna, bisa nyaho. Apal sotèh basa ngobrol jeung Abah Dasèp. Ngeunaan iket mastaka atawa totopong tètèla lain ngan saukur make wungkul tapi di jerona tèh aya palsafahna. Saur an­jeunna, salah sahiji panyakit anu pang­gorèng-gorèngna ceuk karuhun Sunda nyaèta gedè hulu atawa adigung adi­guna, asa aing uyah kidul atawa pan­gakangna tèa. Tah iket atawa totopong tèh maksudna mah mungkus sirah sangkan henteu gede hulu.

“Urusan ngaranna naha barang­bang semplak, parèkos nangka atawa nu sèjènna mah, ukur dilelebah wun­gkul. Tah lamun geus make iket, kudu geus nyunda jeung jerona, henteu adigung, handap asor conto nyatana urang Kanèkès anu sapopoèna diiket, pan sagalana tèh nyebutkeun teu wasa, teu boga kakawasaan, komo anu aya patalina jeung urusan ngamumulè alam mah kacida dijungjungna,”saur Abah Dasèp. Kitu ogè, iket lain ngan saukur pamantes wungkul, sabab di Cimandè mah, bisa dijadikeun paka­kas pikeun bèbèla diri, sarung ogè nya kitu kènèh. Puguh wè ngadèngè pangjelasan ti Abah Dasèp kitu tèh, mani asa ditonjok ku halu bèngkok, ampir wè iket anu keur dipakè tèh diu­dar, tapi rada mikir deui tah. Sanajan encan nepi ka anu dimaksudkeun ku palsafahna, sakurangna jadi ciri yèn aya urang Sunda. Lamun urang Sunda geus embungeun nembongkeun jati dirina sorangan, atawa nyumput waè rèk iraha atuh majuna. Sabab lamun diperhatikeun, sikep kana budaya Sun­da tèh sakurangna aya genep sikep. Kahiji anu anu wani tandang, sanajan modalna can cukup. Nu kieu boga pamadegan dangdan bari leumpang, nu penting ulah nepi ka katinggaleun karèta, ngadangdanan dirina bisa dina jero lalampahan, sabab kanyataanana urang Sunda tèh geus loba kating­galeun. Nu kadua hayoh wè ngasah kabisa jeung nyukupan dirina ka pan­gaweruh, hanjakalna lantaran loba teuing tapa, nepi ngaranna tèh teu kadèngè pisan. Lamun ceuk dina du­nya pasilatan mah, latihan unggal poè tapi teu pernah ditempokeun ka paka­langan. Atawa lamun di sanggar tari mah, geus tapis kana rupa-rupa tarian tapi can pernah meunang kasempetan pikeun mintonkeun kabisana. Asak-asakna mah, ngan teu pernah nyaho atawa ngukur nepi ka mana kabisana. Padahal kasempetan samodèl kitu tèh tèh teu cukup didagoan wungkul, tapi kudu ditèangan jeung diciptakeun.

BACA JUGA :  DARI PREMAN TERMINAL, SEKDES HINGGA ANGGOTA DPRD PROVINSI JABAR

Anu katilu, mental calo, getol nga­jak jeung nitah ka batur, sawatara ma­nèhna mah teu pipilueun, dina uma­jakna mah rajin kacida, tapi mangsa ditanya naha milu ngamumulè bu­daya, teu pisan-pisan miluan. Anu pa­mungkas, ngalakonan henteu ngajak henteu, ditanya ngan ngabetem waè. Naha budaya karuhunna rèk kalindih atawa kagantian ku bangsa sèjèn ceuk paribasana mah jati kasilih ku junti, sumangga tèh teuing. Anu kalima, bisana ukur ngècè, ngiritik wungkul, disatukangeunana tèh teu bisa mere jalan kaluarna. Sawaktu anu sèjèn nyieun kamonèsan, inyana ukur bisa nyalahkeun, bari nyebutkeun ah aing ogè bisa, tah kituna tèh bari jeung teu migawè nanaon. Anu kagenep mah lumayan kènèh, bilukna tèh ngan sau­kur diajakan wungkul, sikepna kawas goong, teu disada lamun teu ditakol. Tangtuna anu pangalusna mah, anu èl­muna geus sampurna bari jeung wani tandang makalangan. Malah leuwih sampurna deui wani maju sorangan, nyipatkeun kamotèkaran bari ditung­tungan ku istiqomahna, mibanda sikep ngagurat batu, teu gampang unggut kalinduhan, henteu gedag kaanginan. Ngan nèangan anu kitu tèh arang kacida. Tapi sanajan teu kitu ogè atuh mun bisa mah umajak bari jeung ngalakonan. Ngajak nu lian ngomong basa Sunda, tapi dirina teu makèkeun. Nu kitu mah ngaranna calo. (*)

BACA JUGA :  Resep Membuat Soto Ayam Bening Khas Solo yang Sedap dan Nikmat, Bikin Ketagihan
============================================================
============================================================
============================================================