Hariring-Dadang-HP

Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

PARIWISATA tèh tina dua kecap, Pari tèh hartina nguriling (keliling) sugan tèh lauk pari anu ipis hèg digorèng garing, da­harna jeung sangu beureum, sambelna tarasi rada hèncèr (dasar ahli leleb atuh).

Wisata hartina perjalanan, jadi la­mun dihijikeun, hartina iinditan boh sorangan atawa babarengan pikeun jalan-jalan (tamasya) kusabab rupa-rupa kahayang/niat pikeun nedunan sagala rupa kapentingan, boh usaha (èkonomi), sosial, budaya, politik, aga­ma, kasèhatan, nambahan èlmu pangaweruh jeung sabagèna.

Jadi lamun anggota dèwan, paja­bat pamarèntahan, atawa saha waè anu iinditan ka luar nagri atawa ka­mana waè, boh pikeun studi banding atawa nèangan èlmu pangaweruh kaa­sup kana golongan pariwisata.

Ngan lamun jauh-jauh indit, di­waragadan ku nagara (duit rahayat), hasilna euweuh èta mah kaasupna pelesiran, atawa tamasya. Dumasar kana kalimah èta, saur Kang Haji Syaf, di jerona aya unsur nèangan kasenangan, nimu kabagyaan, serta katineung tina hasil perjalanan èta.

“Kitu sotèh lamun make duit sorangan mah, teu jadi pasualan, rèk ngan saukur nèangan kasenangan ata­wa suka-suka wungkul ogè Kang Lurah, tapi lamun ngagunakeun duit rahayat mah teu kaci,”cèkèng tèh. Komo deui lamun sagalan diparèkoskeun.

“Maksudna kumaha tah?” anjeun­na naros.

“Enya anu kuduna tilu poè, dir­ingkeskeun jadi sapoè, tapi itunganana mah, angger wè tilu poè, anu dua poè­na deui, leungit ilang tanpa karana,” ceuk kuring deui.

BACA JUGA :  Hilang Sejak Lebaran, Lansia Penderita Stroke Ditemukan di Dalam Sumur

“Hush, èta mah bèda deui, atuh jeung deui ulah loba suudzon hirup mah, sabab èta tèh panyakit hate anu matak ngabalukarkeun ditutup tina cahaya Illahi.

Lamun tèa mah aya anu kitu, keun wè da amaluna amalukum ieuh, sak­abèhna bakal dipertanggung jawab­keun di sisi Allah,”pokna daria pisan.

Dikitukeun tèh kuring teu wani nèmbalan deui, anya asa ditonjok halu bèngkok. Rumasa teu bisa ngajaga hate jeung ucapan. Sabab èta tèh ngan saukur ngira-ngira wungkul, teu apal kana jejeroananan.

Emh, hapunten wè atuh bapa-bapa nya, kuring geus suudzon, malah bisa ogè asup ka mitnah. Padahal jelas pisan corètna yèn mitnah tèh leuwih kejem anjeunna teu nèmbalan ieuh, ukur imut maur, tandana teu satuju kana ucapan kuring.

“Sabab lamun hate bersih, pikiran moal nguluwut, èta koncina sangkan urang sèhat, panyakit hate leuwih beurat diubaranana tibatan panyakit awak,”pokna deui. Kuring asa beuki ngayekyek sabab saenyan èta tèh.

Malah sakapeung mah, sok nga­rasa teu pararuguh mangsa nempo tatangga barang beuli anu alalanyar. mani ngadadak muriang tah. Nempo kuring cicing tèh, anjeunna balik deui kana pasualan anu poko nyaèta nyari­takeun urusan kapariwisataan.

Saluyu jeung buku Max Havelaar anu dikarang ku Multatuli, Indonèsia meunang jujuluk Intan Zamrud Khatu­listiwa, teu salah pamanggih èta tèh, sabab kanyatanana nagara urang tèh mibanda 13.677 pulo jeung deui du­nya pariwisatana geus kakoncara ti ba­heula mangsa Gubernur Jendral A.W.F Indenburg kumawasa dina taun 1910 ngadegkeun Veereniging Voor Touisten nyaèta badan resmi pamarèntahan Walanda anu ngatur urusan kapari­wisataan di nagara Indonèsia, (beuh geuning geus lila lalakonna tèh nya)

BACA JUGA :  Manfaat Jus Jambu untuk Kesehatan, Bisa Turunkan BB Juga? Simak Ini

Sajalan jeung perkembangan za­man, minat urang Eropa hususna Wa­landa pikeun ngajugjug ka Indonèsia beuki loba, komo deui saentas pausa­haan perjalanan Walanda anu disebut Belanda Lisonne Lindeman (Lislind) muka cabang di Batavia (Batawi).

“Dina taun 1928, Lissone Linde­man dihijikeun jadi Nitour singgetan tina Nederlands Indische Touristen Bureau) sarta mangrupa anak pausa­haan maskapai palayaran Karajaan Walanda nyaèta Koninglijke Paket­vaart Maatschapy (KLM) jeung Royal Interosean,”sanggemna.

Tah ti saprak dibukana biro-biro perjalanan sarta sarana transportasi ka antara Eropa jeung Indonèsia ngala­man kamajuan, jumlah anu daratang ka Indonèsia tèh kacida ngaronjatna.

Pikeun nampungna Pamarèntah Hindia Walanda ngawangun sababara­ha hotel diantarana, Hotèl Des Indes, Hotèl Der Nederland, Hotèl Royal di Jakatya, Panghegar di Bandung, Hotèl Salak di Bogor jrrd. Tah meureun ay­euna ogè mangsana pariwisata nguni­ang deui, kusabab loba pisan anu bisa “dijual”. Kari daèk henteuna nya !

============================================================
============================================================
============================================================