Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
LAMUN tèa mah Unesco nginÂgetan ka umat manusa sangkan mièling jeung terus ngagunakeun basa indungna, kusabab basa tèh mangrupa kabeungharan budaya, pikeun urang Sunda mah sakuduna dipapagkeun ku rasa gumbira.
Sabab lamun diperhatikeun, basa Sunda tèh minangka salah saÂhiji basa anu beunghar kacida tur loba pisan unak-anikna. Diantarana aya kecap-kecap atawa kalimah anu nepi ka ayeuna teu bisa dibasa Indonèsiakeun.
Contona, aya kecap panganÂteur, kayaning jrut turun, bereÂbet lumpat, gèk diuk, gog nagog, tèrèkèl naèk. Kitu ogè nu sèjènna, salah sahijina basa kuring mènta tulung ka Ki Dèddy Roamer Ps, ahli basa Indonèsia di Bogor, angÂger wè teu tiasaeun ngawaler, basa kuring meredih mènta dipangtarjaÂmahkeun kecap clom giriwil.
Basa Sunda, atawa basa indung sèjènna, tètèla leuwih taliti atawa ceuk basa kiwari mah spesifik dina ngagambarkeun hiji kaayaan ku keÂcap anu singket.
Clom giriwil ngagambarkeun sawaktu keur nguseup, nyaèta beubeunangan waè, clom (mangsa useup jeung eupanna) asup kana cai giriwil laukna ngait dina useup (beunang).
Eta tèh kakara dina urusan nguÂseup wungkul, encan dina kaayaan nu sèjènna, kayaning ceplak pahÂang (nyarita sabalakana bari jeung karasana pinyerieun), ngeureut neundeun, leutik mahi loba nyèsa.
Malah dina katentaraan mah, kawèntar pisan Pasukan Siliwangi mah saeutik ogè mahi. Ungkeban èta ngagambarkeun yèn sabenÂerna urang Sunda (baheula, teuing anu ayeuna mah) mibanda daya adapatasi, ngaragangan kaayaan, anu kacida luhurna.
Hal èta kagambarkeun ku pariÂbasa kacai jadi saleuwi kadarat jadi salebak. Hanjakalna, dina wangkid kiwari urang Sunda loba anu teu bisa ngindung kawaktu mibapa ka jaman. Lain hartina, kaayaan jaman èdan, urang Sunda milu èdan.
Sabab urang mah boga tetekon anu mangrupa warisan ti karuhun anu saluyu jeung ageman anu diaÂgem ayeuna. Mun diperhatikeun kalayan daria, sikep èta tèh geus aya, diantarana kumaha nyanghaÂreupan kolot.
Pan cukup ku kalimah munÂjung kudu ka indung muja kudu ka bapa. Lain ngan dina basa wungkul kaluhungan budaya tèh tapi dina tatarian ogè aya, diantarana aya gerak-gerak kasaimbangan hirup, boh dina lèngkah atawa gerak leungeun. Anu pangkacirina nyaèta dina ngaran anak sato.
Geura wè perhatikeun, pikeun anak ieu urang Sunda boga sesÂebutan atawa istilah sorangan diÂantarana, anak anjing disebutana kirik/kicik, anak bagong: begu, anak bandeng: nanar, anak banÂteng: bangkanang, anak bangÂbung: kuuk, anak bangkong: buruy, anak belut: kuntit, anak bogo: cingok, anak boncel: bayÂong, anak buhaya: bocokok, anak deleg: boncel, anak embe: ceme, anak gajah: menel,anak hayam: ciak/pitik, anak japati: piyik, anak kancra: badal, anak keuyeup: bonceret, anak kuda: belo, anak kukupu: hileud, anak kutu: kuar, anak lancah: aom, anak lauk: keÂbul/burayak , anak lele: nanahaon, anak lubang: leungli, anak maung: juag/aum, anak monyet: begog, anak munding: eneng, anak reunÂgit: utek-utek, anak sapi: pedet, anak ucing: bilatung.
Hanjakalna, sanajan basa jeung budaya urang tèh kacida beungÂharna, urang Sunda bangeun anu mopohokeun kana jati dirina. Lain ngan dina basa wungkul dina seni tradisi ogè, loba anu kurang merÂhatikeun.
Sawaktu kuring nongton hiji acara anu mesèk ngeunaan tari Sunda di salaha sahiji telepisi BoÂgor, aya hiji ungkeban anu matak ngajenghok.
saur Kang Atang anu sapopoèÂna gulung gumulung dina seni tari tradisi nyebutkeun yèn nonoman Sunda (Bogor) leuwih resepeun diajar tari anu dicampur (dikolaburÂasikeun) jeung gerakan tari modern tibatan anu sifatna tradisi.
Sedeng bangsa deungeun anu keur dialajar di nagara urang daria pisan kana seni tradisi. Sabab, lèngÂkah jeung gerak modern mah diÂanggapna geus teu anèh deui.
Lamun kitu kanyataanana, boa sapuluh taun kahareup mah, urang Sunda tèh lamun hayang diajar seni tradisi kudu ka bangsa deungeun nya. Deudeuh teuing !