Hariring-Dadang-HP

Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

SAENTAS sababaraha poe langit salilana bèngras, tadi peuting di­paparin hujan, mani asa sono, kana cihujan tèh, sanajan tengah peuting bari jeung asa didodoho ogè.

Enya kusabab salila ieu yakin pisan tara turun hujan, nepi ka jas hujan anu biasana digigiwing ka­mamana tèh, ti saprak “usum hal­odo” mah, nya ditinggalkeun dina sampayan.

Ngan mangsa turun hujan peuting jadi bingung lumampah, kapahung ku hujan. Rèk huhujanan rumasa geus ohir, tong boron­ing keuna cihujan, sakali mangsa parengan teu make jakèt ogè, pan urusana panjang, lamun teu dik­erokan ku patih goah, sakujur awak kudu dibalur ku minyak haneut.

Lamun teu kitu sapeupeuting teu bisa sarè, guling gasahan, sa­gala karasa. Palebah dinyana mah kudu ngarumasakeun beuki kolot mah, “onderdil” tèh geuning beuki kurang kuat.

Motor onaman bisa diganti ku nu anyar, anu aya jero awak mah rèk kumaha ngagantina. Paling ogè ukur miara jeung mulasara wun­gkul. Jadi tegesna mah, lumaku tah sadia payung samèmèh hujan, jadi mangsa hujan geus siap-siap pikeun nyanghareupana.

Saur Ki Tatang, paribasa sadia payung samèmèh hujan tètèla lain ngan saukur pikeun hujan, dina harti sabenerna, cai anu turun ti langit. Tapi ceuk Ki Tatang mah jero kacida, hususna pikeun sakabèh manusa, hususna anu geus boga kawajiban.

Baca Juga :  GM FKPPI Kota Bogor Gelar Vaksinasi Dosis Kedua

Pikeun anu geus akil balèg, tumiba kawajiban ngadegkeun Shalat, nya buru-buru adegkeun, sabab shalat tèh bisa jadi salah sa­hiji siloka tina payung, jeung amal-amal kahadèan nu lianna.

Payung lianna sakumaha dis­abdakeun ku Kangjeng Rasul Nabi Muhammad SAW, diantarana la­mun kahadèan urang dina poè ieu, kurang ti nu kamari, dosa, lamun sarua kaasup jalma anu rugi, nu pangafdolna nya unggal poè ka­hadèan leuwih loba ti samèmèhna jeung ayeuna.

“Unggal poè darajat ibadah kudu leuwih alus, lamun dina poè ieu urang shalat berjamaah Magrib wungkul, isukanana tambahan ku Isya, subuh nepi ka afdol lima waktu,”pokna daria pisan.

Saterusna, tambahan ku sun­nah, boh hajat, tahajud jeung shalat sunnah sèjènna. Tambahan wè ku sodaqoh, tutulung ka nu butuh, tatalang ka nu susah, ngajait anu ti teuleum nyaangan nu poèkeun.

“Tah èta ngaranna sadia pa­yung samèmèh hujan, bisi hujan atawa maot datang bari urang teu nyaho iraha pidatangeunana,” ceuk Ki Tatang. Lamun hujan aya cicirènna ku mega hideung sarta dimimitian ku girimis, manusa ogè aya tanda-tandana.

Kahiji buuk anu tadina hideung meles geus salin rupa jadi bodas, panon anu tadin awas, geus kudu disambung ku kacapanon, kulit anu tadina mulus bangles sabagèan geus mimiti kariput, kani’matan geus mimiti dikurangan.

Komo dina umur geus leuwih ti satengah abad mah, ciri èta tèh jelas pisan. Lamun umur geus tung­gang gunung, angen-angen geus teu wayahna pecat sawed, sabab bakal tojaiah.

Baca Juga :  614 Rumah di Rangkasbitung Terendam Banjir, 62 Warga Diungsikan

“Maenya geus aki-aki resep kè­nèh ulin ka cafè, bar, diskotik jeung migawè rucah. Sabab ceuk sarèatna geus ngadeukeutan liang kubur. Nambahan umur tèh lain namba­han kasempetan hirup di dunya, sanajan urusan maot mah, Hak Nu Gaduhna,” ceuk Ki Tatang deui.

Asa ku pantes pisan, nu geus aya umur, ngariung di majlis, datang ka masjid jeung musholla samèmèh waktuna shalat, sabab aya waktu ngadu’a anu kawilang diijabah pikeun ngadu’a, nyaèta di­antara azan jeung qomat.

Komo deui bari aya babasan, èngkè wè tobat mah lamun geus kolot. Har, saha anu bisa ngajamin urang bakal hirup nepi ka kolot. Pan dalah nepi ka poè isukan ogè can tangtu lin? Loba kajadian budak leutik, rumaja anu dicabut umur ku Allah. Jadi dina urusan jodo pati, bagya, cilaka mah, manusa teu bisa pipilueun pisan, teu daya teu upaya.

“Tah sangkan aman kamamana, urang tetep kudu sadia payung samèmèh hujan, boh dina harti sabenerna, sabab Bogor mah Kota Hujan, atawa tadi tèa payung dina harti siloka,” Ki Tatang negeskeun bari amitan rèk dagang wuduk di hareup. Nuhun Ki ah! (*)