Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
KAMARI mah langit tèh langit mani lènglang, beresih, tiisuk nepi ka sore taya tanda-tanda piÂÂhujaneun, komo deuia malem Ahad, anu disebutna tèh malem panjang, padahal mah, sarua waè, rèk malem Sènèn, Salasa jeung peuting sèjènna teu jauh bèda. Sugan pèdah isukna perè, henÂÂteu gawè jadi teu perlu hudang isuk-isuk, rada rinèh, rèk hudang beurang ogè.
Pikeun anu geus garawè mah, poè pèrè tèh bener-bener diÂÂmangpaatkeun keur kulawargana, boh ngaroris imah, menerkeun kentèng anu bocor, beberesih buÂÂruan, nganjang ka dulur-dulurna, atawa lamun anu boga duit mah, jalan-jalan jeung kulawargana, ngaÂÂbrangbrangkeun pikir, atawa sakaÂÂdar mere hiburan ka kulawargana.
Poè perè ogè digunakeun pikeun ngalaksanakeun karesepÂÂna, upamana waè anu resep nguseÂÂup. Ti peuting kènèh geus popolah nyieun eupan jètu. Tah lamun geus kitu, komo mangsa kukumbul geus lup=lep aya anu nyorang mah, saÂÂgalana ngadadak poho, poho kana hutang jeung sagalana, malah cenah mitoha ngaliwat ogè teu katempo. Waktu tèh teu karasa, Lohor liwat, Ashar kalangkung, inÂÂget-inget tèh geus rup-reup Magrib.
Kayaaan jiga kitu tèh geus pasti kacida diarep-arepkeunana, komo pikeun para rumaja anu keur ‘jatuh cintrong’mah, poè tèh mani asa karasa lila, hayang geura-geura peuting, pastina ogè hayang nganjang ka bèbènèna. Ti sore kènèh geus èjègèlèr teu daèk cicÂÂing, baju anu pangalusna geus diÂÂsetrika, nepi ka sababaraha balik, make panyengit.
Duit meunang ngolo ti koÂÂlot sababaraha kali diilikan dina dompètna bisi katinggaleun, keur nraktir kabogoh bisi hayang baso, atawa ngajak lalajo di Bioskop. Mangsa kiwari mah, apèl atawa nganjang ka bogoh tèh, loba pisan kandaraanana, boh motor atawa angkot, teu kawas baheula.
Lamun hayang kapanggih jeung bèbènè tèh kudu ngaliwatan kuÂÂburan jeung tempat anu pararoèk, nepi aya istilah colèk-colèk manuk tuweuw, poè-poèk ogè ludeung. Baheula mah, komplèk kuburan atawa astana tèh, dipikasieun, ayÂÂeuna mah dipakè tempat bobogoÂÂhan, lumayan cenah, sanajan rada poèk ogè nu penting mah gratis, bari itung-itung ngabibita anu geus bèda alam. Bener, teu salah ceuk Wa Idar, ayeuna mah manusa jeung sakadang jurig tèh geus hare-harè, hirup sèwang-sèwangan, tara daèkeun ngaganggu.
Tah inget ka lebah dinya mah, jadi rada hariwang, komo mangsa maca dina Koran, barudak sakola ayeuna, boh anu SMP atawa SMA, sawaktu digaradah ku guruna tèh geuning marawa parabot pikeun anu kararitu, alat kontrasèpsi saÂÂgala. Padahal dipikir-pikir mah keur naon, make mamawa anu lain ‘hak’ jeung kawajibanana. Kawajibanana barudak sakola tèh pan meureun diajar sa-alus-alusna, sakola nepi ka junun, ulah migawè pagawèan sèjèn anu taya patalina jeung urusan diajar.
Lamun mamawa nu kitu, hèg kanyahoan atawa kadèngè ku kuÂÂlawargana, moal teu sawan tah kolotna. Sakurangna boga pikiran gorèng mah kudu. Komo ninggang indungna anu boga panyaki janÂÂtung mah, boa jadi matak. Tètèla lobana informasi anu asup ka nagÂÂara urang tèh geuning disikepan ku robahna adat, kecap pamali anu baheula mah, kecap anu sakti ayeuna mah lir angina nu ngahiliÂÂwir, siga anu teu apaleu hukum haÂÂlal jeung haram. Padahal pangajaÂÂran agama geus kurang kumaha, di sakola, jeung di lemburna ogè aya.
Ngan sigana tèh teu nerap, tah meuereun PR tèh ayeuna mah kumaha carana sangkan pangaÂÂjaran agama nerap tur diprakÂÂtèkeun dina kahirupan sapopoè. Sigana mah, nu pangalusna salian ti diajak ngobrol ngeunaan bahaya anu kararitu tèh, nancebkeu ajaÂÂran agama sangkan ngagetih jeung ngadaging, kolotna kudu mere conto anu bener.
Ulah ngawowoy teuing baruÂÂdakna, ku rupa-rupa barang anu bisa ngaksès anu teu araruni. SaÂÂbab mangsa pikiranna can panceg jeung can dèwasa, hèg disuguhan ku rupa-rupa tongtonan anu ngonÂÂdang birahi, kapanasaranana tèh bakal nambahan, ditambah deui pan ayeuna mah alat kontrasèpsi tah ngaleuya, bisa dibeuli dimana-mana, komo deui bari jeung aya anu ngabagikeun bari haratis mah.
Sanajan enya, maksudna baÂÂbagi tèh ceukmaranèhanana mah alus, ngajaga panularan jeun sumebarna panyakit, tapi disÂÂagèdèngeun èta, sabenerna sarua jeung nitah migawè jinah. Anu perlu dipikiran tèh mana anu bakal timbul, naha mudaratna atawa maslahatna?