Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

KEUR ngahuleng mikiran pilam­paheun kumaha nèangan pilam­paheun nyiar duit, sabab tilu poè deui geus kudu mayar listrik, ngeusian padaringan nu geus korèdas sarta nu lianna, jol Kang Haji Lili, lanceuk kelas basa di sa­kola macul.

Tadina mah rada bungah aya nu datang tèh, rèk minangsaraya, sugan anjeunna mah eusi pèsak­na keur metet, rèk nyelang heula lilana saminggu mah. Ih, geuning sarua waè, sabab samèmèhna geus mayar rupa-rupa kawajiban.

“Hampura lain teu hayang nulungan. Kakara bieu pisan mayar ieu tah,”pokna tèh bari nèmbongkeun kuitansi. Geun­ing lumayan badag tah. Antukna kuring jeung Kang Lili tèh jadi pa­pada ngahuleng, bari panon mah manco ka jalan nempoan mobil nu ngalaliwat.

Pikeun ngeusi waktu bari ngabrangbrangkeun pikiran, antukna duaan tèh nyaritakeun kaayaan nagara, diantarana ngeunaan BBM jeung hahargaan anu bakal diturunkeun, saentas ditaèkeun, nepi ka urusan Papa Mènta Saham ka Freeport. Beuh, teu kaudag puguh ogè ku uteuk kuring anu cupet mah.

Geus kitu kayaan èta tèh tam­bah dililieur ku caritaan-caritaan jalma palinter, anu keukeuh nga­rasa kaputusanna bener. Palebah dieu mah, sigana tèh nu palinter nyarita tèh kudu leuwih remen turun ka handap, ngarah nyaho kumaha rahayat anu diwakilan­na. Sabab lamun ukur cicing di satukangeun mèja, ukur ngagu­gulung teori hukum, pastina moal nyambung jeung kahayang rahayat.

BACA JUGA :  Polisi Ungkap Angka Kecelakaan Tahun Ini Menurun 18 Persen

Ceuk nu bodo kawas kuring mah, ieu tèh siga anu keur nga­du jajaten antara tilu lembaga pamarèntahan DPR, jeung nu lianna. Ah, puguh jadi tambah lieur, komo deui sakabèh telepisi anu aya, babarengan nyiarkeun kagiatan èta. Antukna trek wè tipi tèh dipareuman.

Saur Kang Haji Lili, kakuatan jalma mah ayana dina du’a salian ti ihtiari tèh. Contona aya hiji jalma anu ngadu’a husu pisan, sangkan bisa usaha bari ucang-ucang anggè.

Teu sabaraha lila tah, du’ana tèh dikabulkeun ku Allah, nga­dak-ngadak aya nu ngirim me­sin kaput. Atuh èta jalma tèh pagawèanna jadi tukang ngajait atawa tukang ngaput. Ngarasa bosèn jeung cape jadu tukang jait, èta jalma tèh rajin deui ngadu’a anu eusina, sangkan di­paparin usaha ukur ku diuk.

“Na èta diijabah tah. Sabab teu kungsi lila manèhna meu­nang panggilan jadi purah ngada­goan WC,”saur Ki Lanceuk tèa. Teu salah-salah teuing, sabab tu­kang ngadagoan WC mah, gawè­na ukur diuk, ngadagoan anu bèrès ngaheujeun atawa anu sau­kur kahampangan. Dasar manu­sa, ngarasa teu sugema baè tah.

Ngarasa du’ana remen dika­bulkeun tèh, hih tuluy wè mènta deui pagawèan sèjèn. Enya jadi tukang ngajagaan WC mah, pas­tina ukur diuk, tapi panghasi­lanna pasti teu sabaraha. Pasti bèda jeung tokèhna anu boga sa­babaraha tempat sarta sababara­ha panto.

BACA JUGA :  Wajib Tahu! Bersihkan Usus Kotor Setelah Lebaran dengan 6 Makanan Ini

Malah urusan kitu tèh geus jadi pakasaban anu kacida hadè­na, sakumaha nu baroga lapak roko jeung usaha bubur kacang hèjo. Pan anu bogana mah bos galalalèdè tah. Cong wè, èta jalma tèh ngadu’a deui unggal peuting, kituna tèh bati dibaren­gan ku rasa kahusuan nu kacida kandelna.

Ari nu dipèntana hayang boga pagawèan anu dirariung ku awèwè, sabab nepi ka harita can aya pibatureun hirup. Bakat­ing ku husu sarta mèntana enya-enya, du’ana tèh dikabulkeun ku Allah.

Heuleut sabulan aya tamu anu teu wawuh datang ka imahna. Eta tamu tèh ngadon mere duit, bari nyebutkeun yèn geus mawa dorongan atawa gorobag pikeun dagang sayur.

“Ya Allah, anu dimaksad tèh sanès janten tukang sa­yur,” ceuk èta jalma ngageuri dina jero hatèna. Tapi lantaran geus ngarasa èra mènta, ahirna pagawèan jadi tukang sayur tèh dilakonana ogè.

“Enya teu salah jadi tukang sayur mah dirariung ka awèwè wa, sanajan nu ngariungna tèh ibu-bu jeung nini-nini,”ceuk ge­rentes hatèna. Numatak hirup mah kudu dipinuhan ku rasa syu­kur ogè. (*)

============================================================
============================================================
============================================================