Hariring-Dadang-HP

Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

KEUR lelenggutan bari ngadèngèkeun tembang-tembang dangdut heubeul anu disiarkeun ku salah sahiji radio di Kota Bo­gor, tina hapè babaturan, se­lengseng bau menyan neumbrag irung, kaambeuna mani segak.

Puguh wè mani ngarènjag di jaman kieu masih kènèh aya anu beubeuleuman anu model kitu. Panasaran dipapay ti mana sumberna, horèng Kang Lani keur ngenyot udud kolobot.

Teuing meunang ti mana tah, naha ngahaja meunang meuli, atawa pamèrè. Naha ngan saukur pangangguran, ata­wa aya niat sèjèn. Sabab biasana anu sok beubeuleuman anu kitu tèh aya pamèredihna.

Komo di jaman SDSB atawa Porkas aya kènèh mah, tukang rampè, tukang menyan tèh laku pisan. Di jaman harita anu disebut apel jin, buhur, madat, menyan jeung beubeuleuman sèjènna anu bauna cenah mah bau jurig, laku kacida,

“Tapi pan boh porkas atawa buntut tèh geus teu laku, teuing lamun aya kupon bodas anu di­jual susulumputan mah,”cèkèng tèh. Meuleum menyan biasana sok dibungbuan ku jangjawo­kan, ceuk Kang Yan anu ngulik kana urusan èta, biasana mènta balabantuna ka sabangsan­ing jin, jurig, dedemit pikeun ngawujudkeun kahayang sang­kan buru-buru dikabulkeun. Ngan lamun nitènan jangjawo­kan tètèla teu sakabèhna mèn­ta ka mahluk-mahluk salian ti manusa, sabab diantarana aya jangjawokan anu disungsuman ku kalimah tauhid.

Numutkeun Poerwadar­minta ,mantera atawa jangja­wokan nyaèta ucapan anu nga­datangkeun daya gaib anu bisa nyageurkeun jeung bisa ogè ny­ilakakeun. Atawa susunan uca­pan anu jiga pantun, anu diang­gap ngandung kakuatan gaib, tur biasa dipakè ku para dukun pikeun ngungkulan kakuatan gaib anu sèjèn.

BACA JUGA :  Tenggelam di Kolam Koi, Pelajar SMP di Lebak Tewas

Pangbagiananan, ceuk Rusy­ana, aya tujuh, dumasar kana tujuanana nyaèta, jampè, pan­gasihan, panyinglar, jangjawo­kan, rajah, ajian, jeung pelèt.

Tujuan jampè pamakè, aya anu bodas aya nu hideung. Nu bodas pikeun kahadèan, anu hideung keur kajahatan. Salah sahiji conto jampè bodas anu tu­juanana pikeun panyalindungan nyaèta kawas dihandap ieu :

Rarakan Nyi Pohaci, Hihid kekeper iman

Nyiru tamprak ning iman, Dulang ketuk ning iman

Parako bengker ning iman,Hawu dungkuk ning iman

Suluh solosod ning iman, Sèèng kukus ning iman.

Sedengkeun pèlèt atawa jam­pè asihan :

Samping aing kebet lèrèng, ditilik ti gigir lenggik

diteuteup ti hareup sieup, mi­kaeunteup mikasieup

mangka eunteup mangka sie­up, ka awaking

awaking ratu asihan, ti luhur kuwung-kuwungan

ti handap teja mentrangan, ditilik ti tukang lenggik

di tilik ti gigir sieup, mangka eunteup mangka sieup

asih…asih… asih….

asih ka badan awaking.

Aya ogè jampè pamakè anu geus Islami, biasana diselapan ku kalimah Lailla hailelloh sarta Muhammadarosulululoh.

Anu pangutamana mah, pas­tina tèh kumaha niatna jeung kamana muntangna. Lamun niatna gorèng bari jeung tujua­nana salian ti Allah SWT, geus pasti mèngpar, kitu ogè anu muntangna ka Allah, niatna gorèng, sarua waè ulah dilak­sanakeun.

BACA JUGA :  Jadwal SIM Keliling Kabupaten Bogor, Rabu 24 April 2024

Kitu ogè dina beubeuleu­man, lamun tujuanana pikeun mènta kasalametan haram hu­kumna, sabab nyuhunkeun tu­lung dina kasalametan pikeun umat muslim mah ngan ukur ka Allah swt. Sedengkeun pèpèn­taan ka Allah mah kudu saluyu jeung katangtuan anu dijelas­keun ku Allah swt.

Sakumaha firman Allah dina Al Qur’an surat Al Baqarah ayat 186 anu eusina nerangkeun yèn lamun mahluk-mahluk-NA nan­yakeun ka anjeun, ngeunaan Diri-NA, mangka jawab, yèn Manten-NA deukeut.

Manten-NA ngobulkeun jal­ma-jalma anu ngadu’a lamun èta jalma mènta ka Manten-NA, sarta maranèhanana nedunan sagala parèntah-NA jeung sakuduna maranèhanana ariman ka Man­ten-NA, sangkan maranèhanana salinana aya dina bebeneran.

Ngeunaan meuleum menyan ogè anu pikeun nyengitan ro­hangan anu mangrupa kai anu geus diteukteukan laleutik teu diharamkeun. Sabab seuseungi­tan tèh kaasup anu dipikarasep ku Malaikat.

Nupenting mah alus tujua­nana jeung puguh mèntana ka Allah SWT, lain ka sasama mahluk Allah. Pan manusa mah mahluk anu pangsampurnana nya! Tah su’al beubeuleuman tèa, alusna mah ulah pati dipa­dungdengkeun teuing, da teu ngaganggu batur ieuh, komo deui pan urang mah teu nyaho niat sabenerna nu beubeuleu­man tèh. Nu kudu dicaram mah, meuleum imah sabab bisa nga­rugikeun batur nya. Cag ah !

============================================================
============================================================
============================================================