Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

PIKEUN anu resep ngulik urusan kaba­haheulaan (buhun) boh paninggalan anu mangrupa situs, carita, sasakala, kasaktian, barang-barang pusaka ogè ajaran-ajaran ngeunaan tata-titi, kawijakan, kaluhungan jrrd, mangsa kapanggih jeung nu “saalam”, komo anu diajak ngobrolna, luhung èlmuna, jembar pangabisana, bisa nyaritakeun kalayan pèrèlè “kajadian-kajadian” anu salila ieu teu pernah aya dina buku buku sajarah anu sumebar, puguh wè matak pogot.

Kahiji sakurangna, ngarasa reueus, dumèh karuhun urang tètèla geus boga kawijakan, jeung budaya anu kacida luhungna. Kadua tina carita-carita èta, bisa dikorèhan, atawa sakurangna bisa dilarapkeun keur manusa jaman ayeuna pikeun ngambah kahirupan sapopoè.

“Ku jalan ngariung model kieu, urang bisa silih simbeuhan èlmu, ngalempengkeun anu barèngkok, ngalengkepan anu kurang, tah ieu tèh diantarana ngajalankeun amanah ka­ruhun, sabab di jerona, aya silih asih, asah jeung asuh, salian ti ngaraketkeun tali silaturahim antara sasama manu­sa,” saur Ki Bungsu basa ngariung di wewengkon Karadènan.

Sabab dina riungan èta mah saka­peung aya landian anu araranèh. Uku­ran “kolot” teu diukur ku pèdah umur­na leuwih ti nu sèjènna, atawa leuwih ti heula digubragkeun ka alam dunya, tapi dina pamahaman kana kahirupan.

Bisa ogè ku kapinteranana, “nar­jamahkeun” pesen ti para karuhun anu mangrupa palsafah jeung konci kahirupan, adab-adaban ti alam ba­heula dilarapkeun dina kahirupan alam ayeuna. Riungan anu mawa mangfaat, saur anjeunna, lain ngan saukur nyaur tanpa bukur, nyarita tanpa nyata, tapi kudu dieusian ku carita-carita jeung piwejang anu loba aya gunana pikeun ngahadèan ahlak jeung talajak.

BACA JUGA :  Lokasi SIM Keliling Kota Bogor, Rabu 17 April 2024

Ogè lain ngan saukur tamba sarè sore-sorè, ngadagoan waktuna sakadang tunduh datang. Tapi lain ogè kudu kaired ku romantisme atawa panineungan alam katukang. Sabab geus bèda alam jeung bèda lalakon sarta anu ngalakonana.

“Nyaah ka karuhun lain hartina kudu meuleuman menyan unggal peuting bari ngarep pitulung ka karuhun, sabab pèpèntaan mah geus jelas tempatna sa­kumaha anu diajarkeun ku agama urang, ka Nu Maha Kawasa, Nu Maha Murbeng Alam, Nu Maha Beunghar, Allah Subha­nahu Wataala,”pokna deui.

Cara nembongkeun kanyaah tèh diantarana ku ngaguar, sarta nepikeun deui anu kungsi dipesenkeun, ngar­awat paninggalan- paninggalanana, ulah nepi ka ngaruksak, cohagna mah ngamumulè, ngaraksa jeung ngariksa.

Kadituna, salian ti reueus tèh joro­joy wè, aya rasa cinta jeung nyaah kana sagala anu geus diwariskeun, tuluy di­mangfaatkeun sakumaha mistina.

Di para kasepuhan anu sok ngara­riung dina peuting-peuting anu geus ditangtukeun, sakapeung asa dibawa nganjang ka alam baheula, asa enya di alam èta. Salah sahijina basa keur me­darkeun kahariwang jeung kanyaahna kana paninggalan karuhun anu ayeuna “digular –golèr” di salah sahiji tempat di Banten, anu disebut Watu Gilang tèa.

BACA JUGA :  Timnas Indonesia Menang Tipis 0-1 Lawan Australia

Ceuk katerangan anu kungsi ka daritu, aya katerangan yèn Watu Gi­lang èta, mangrupa tempat panasbi­han Sultan-Sultan Banten, kitu ogè sakumaha ditulis dina Situs Disbudpar Provinsi Banten. Padahal, dumasar kana katerangan ti na Carita Parahyangan, watu gilang atawa Palangka Sriman Sriwacana ieu nyaèta unina kieu :

“Sang Susuktunggal inyana nu nyieuna palangka, Sriman Sriwacana Sri Baduga Maharajadiraja Ratu Haji di Pakwan Pajajaran nu mikadatwan Sri Bima Punta Narayana Madura Su­radipati. Inyana Pakwan Sanghiyang Sri Ratu Dewata (Sang Susuktunggal nyaèta anu nyieun yahta Sriman Sri­wacana pikeun Sri Baduga Maharaja ratu pangawsa di Pakuan Pajajaran anu ngageugeuh di karaton Sri Bima Punta Narayana Madura Suradipati nyaèta istana Sanghiyang Sri Ratu Dewata).

“Di sajeroeunana aya kènèh anu can kaguarkeun, lain ngan èta wung­kul, sabab aya potongan sajarah anu can ka eusian, anu sumberna masih nyararumput atawa disarumputkeun kènèh,”pokna daria. Sumber pikeun ngeusianana, bisa tina carita atawa pantun, atawa harèwos ti kahyangan.

Puguh wè, pikeun anu teu ngar­ti (kaasup kuring ) mah, mani ha­reugeueun, tapi lamun dititènan mah, “ kakosongan “ èta tèh geuning kaeu­sian. Ieu kitu anu dimaksudkeun masih kènèh dihandeuleum sieum geusan sampeureun, ditunda di hanjuang geu­san alaeun tèh kitu?!

============================================================
============================================================
============================================================