Hariring-Dadang-HP

Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

NGUMPUL jeung para nayaga boh sa­mangsa keur nabeuh, atawa keur sal­sè, sawaktu dalang keur ngajrèkjrèk, ngulinkeun golèkna, tètèla loba pisan pulunganeunana, ti mimiti pangala­man nabeuh, boh anu pikasediheun atawa pikabungaheun.

Komo deui palebah heureuyna mah, anu tangtu bèda jeung banyolan rahayat umumna. Para nayaga anu keur manggung, biasana sok ngagu­nakeun sèsèbrèd nyaèta paparikan anu eusina babanyolan jeung silih poyokan anu kecapna matak pikaseurieun.

Kajadianana tèh samangsa pin­tonan wayang golèk can make juru kawih (sindèn). Sabot dalang reureuh, para nayaga tèh sok motah, ngaga­melan bari kakawihan, pilihgenti.

Tong daek ka leuwigoong, mend­ing ge balik ka Banjar, Tong daek ka tukang goong, ari balik tara mayar. Tah èta tèh ceuk tukang saron, tuluy dibales ku tukang goong;

Ulah daèk nyangu aron,nyangu dina sèèng kosong, Ulah daèk ka nu nyaron nu nyaron sok gedè bohong

Dina ngungkabkeun katugenah ogè para nayaga boga cara husus, kawas dalang anu sok ngagunakeun Si Cepot jeung sa­bangsa buta sèjènna, mangsa dipanggung geus taya kopi atawa taya lalawuh.

Basana tèh basa heureuy deuih, sanajan kadèngèna pikaseurieun, ngan pikeun nu boga hajat mah,matak rada beureum ogè. Biasana mah sok buru-buru nitah pangèjèg (purah babantu di tempat hajatan) pikeun nedunan kahayang anu keur di panggung.

Tah lamun teu adil, dina baba­gina, nepi aya anu teu kabagèan, ata­wa aya anu hawek nepi ka nu sèjèn teu kabagèan para nayaga ogè boga sisindiran husus.

Baca Juga :  Kapten Mirza, Pilot Pesawat Rimbun Air yang Jatuh di Papua Warga Bogor yang Dikenal Supel

Nu ngampar- ngampar nu nabeuh-nabeuh Nu lapar-lapar nu seubeuh-seubeuh Paparikan di luhur, bisa ditu­jukeun ka pamingpin anu teu adil dina babagi atawa ceuk basa ayeuna mah kudu professional jeung proporsional.

Hartina, dina ngabagikeun hancak ulah cueut ka nu beureum pontèng ka nu konèng, ulah kèna-kèna baraya, meunang bagèan leuwih ti misti, sana­jan gawèna henteu loba.

Tah ngeunaan wayang golèk èta, awalna mah aya nu nyaritakeun yèn asalna tèh ti India, tapi ieu ogè taya bukti anu nguatkeun lamun ti nagara èta tèh.

Bener, ari sumber caritana mah kayaning Mahabrata jeung Ramayana, asalna ti India. Ngan saentas dilu­mangsungkeun panalungtikan leuwih jauh, para ahli nyimpulkeun yèn sae­nyana wayang tèh asli beunang nyip­takeun urang Indonèsia, alesanana taya hiji ogè pintonan anu sarupa dina budaya bangsa sèjèn.

Wayang boh golèk, kulit jeung nu sèjènna mangrupa gambaran kahiru­pan dunya anu saujratna sakumaha aya dina paribasa Sunda nyaèta way­ang sakotak, dalangna ngan hiji, anu hartina sanajan sakumaha lobana jalma di dunya, Pangeranna ngan ukur hiji, nyaèta Allah Nu Maha Kawasa.

Tètèla jinis wayang tèh loba pisan diantarana, wayang cepak ti Indrama­yu anu ayeuna geus nepi ka lima gen­erasi dimimitian Ki Pugas, Ki Warya, Ki Koja, Ki Salam sarta ayeuna ditu­luykeun ku Ki Akhamadi anu yuswana parantos 63 taun.

Baca Juga :  Natasha Wilona Akui Baru Dua Kali Berhubungan

Salian ti wayang cepak aya ogè Wayang Beber, Wayang Calonarang, Wayang Gedog, Wayang Golek, Way­ang Kancil, Wayang Klitik, Wayang Madya , Wayang Menak , Wayang Kulit, Wayang Orang , Wayang Papak, Wayang Parwa, Wayang Sadad, Way­ang Sasak,Wayang Suluh, Wayang Ukur, Wayang Wahyu, Mayapada In­dah Wayang Golek, jeung anu anyar pisan anu diciptakeun ku urang Bogor, tegesna nonoman Sunda ti Curug Me­kar, Kacamatan Bogor Barat, namina Ki Adi Drajat nyaèta Wayang Awi.

Dina mere ngaranna ogè Ki Adi ieu, teu nyaruaan ngaran-ngaran sa­kumaha anu digunakeun dina way­ang golèk, salah sahijina Ijot, anu ngawakilan hiji istri “pikasebeleun” tukang heureuy, nyaritana plus-plos, tara didingding kelir tapi merlambang­keun kajujuran jeung kabersihan hate.

Si Ijot anu dijadikeun maskotna, biasana mah dieusian ku pesen-pesen moral, ngomongna siga nu heureuy tapi ngeusi.

Kulantaran umurna can lila, tangtu perlu rojongan anu daria ti sakumna urang Sunda, boh PEPADI Kota Bogor jeung pihak sèjènna sangkan Wayang Awi ieu leuwih dipikawanoh.

Saujratna, tangtuna kudu milu re­ueus, sabab ieu tèh diciptakeunana ku nonoman ngora pituin urang Bogor. Ceuk paribasana mah kendang geus dipadungdungkeun, tarompèt geus ditiup, tinggal der, sok ah!