Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

CENAH, Urang Sunda baheula, sa­ditueun barèto, teu leupas ti kecap pamali sarta mitos. Anu disebut pa­mali mah, sarèrèa ogè pastina pada apal, kecap “sakti” anu sifatna nyaram dipigawè sabab aya balukarna tur taya pernah aya pangjelasan kunaon matak kitu. Tapi, lamun dititènan kalayan daria tètèla aya mangfaatna pangna dicaram ogè. Anu kadua nyaèta mitos.

Numutkeun ètimologi basa, mitos asalna tina kecap bangsa Yunani nyaèta carita anu aya di rahayat anu nerang­keun kajadian di mangsa baheula, anu ngawengku panafsiran ngeunaan alam sabudeureun jeung kaayaan mahluk di jerona, sarta dianggap bener-bener ka­jadian ku nu bogana atau anu ngagemna.

Jujutanana kana carita kabaheu­laan. Umumna mitos nyaritakeun jadina alam dunya, para pangeusina anu sifatna gaib (supranatural) jeung nu lianna. Anu karasa haneut kènèh pisan, tur di urang mah masih kènèh rada dipercaya (?) nyaèta lamun keur bobogohan hèg dibawa ka Kebon Raya, cenah remen aya nu tuluy pepegatan atawa papisah.

Bisa jadi tah tuluy pepegatan, la­mun di jero Kebon Raya kabogohna anu bener-benet ngajaga pisan kahor­matanana dipaksa pikeun milampah ruca, atawa mangsa manèhna keur cicing di tengah Jambatan gantung dit­inggalkeun sorangan ku kabogohna, komo lamun kabogohna ngaheureuy­an awèwè lian mah. Mitos (?) lianna nyaèta lamun hayang hujan, kudu ngamandian ucing, atawa lamun keur hujan gelap dordar dibarengan ku an­gin ngagelebug, pikeun ngeureunkeun atawa nguranganana tèh sok ngalung­keun calana jero awèwè kana kèntèng.

Naha lamun keur halodo entrag-entragan, hèg ngamandian ucing naha bakal hujan? Taya anu bisa ngajamin, dina enyana ogè ukur kabeneran, anu pangjelasna mah, ucingna pasti ti­riseun, sabab ucing mah paling teu re­sepeun kana cai, kusabab teu bisaeun ngojay, kawas meri atawa anjing.

Atawa naha ku ngalungkeun calana jero kana kentèng, hèg gelap dordar jeung hujanna tuluy eureun, sami ma­won, taya anu bisa mastikeun. Sabab naon patalina antara ngalungkeun jeung hujan anu ngagebrèt? Kitu ogè, mangsa dikersakeun hujan poyan, sok aya nu nyebutkeun loba anu paèh teu dahar.

Tah palebah ieu mah, rada bisa dilelebah, sanajan taya patalina jeung kaayaan alam. Bisa jadi di jaman ba­heula, mangsa nagara urang dijajah ku Walanda jung Jepang, loba anu nema­han pati alatan ku kurang (henteu) da­har. Bangsa urang disina “kerja paksa” rodi atawa romusha, dititah gawè beur­at pisan bari jeung teu dibèrè dahar.

Atuh nya teu munasabah lamun loba anu perlaya ogè. Kakejeman dua bangsa ieu, pastina moal bisa dipopo­hokeun nepi ka iraha ogè, tur kudu tetep dicaritakeun terus ka anak incu urang, utamana kumaha para pajoang ngabèbaskeun nagara ieu nepi ka merdèka. Boa lamun taya perjoangan marantenna mah, urang tèh moal bisa merdèka kawas ayeuna.

Hujan poyan anu disambungkeun jeung loba anu maraot teu dalahar bisa ngandung dua harti. Anu kahiji sifatna heureuy, sabab pastina ogè anu geus maot mah, moal jeung teu beukieun dahar, teu kawas RT Lampu Beureum, Ki Tatang tèa. Anu kadua, bisa jadi ny­indiran ka nu baleunghar, anu pakayan loba, ka hajina nepi ka sababaraha kali, tapi di gigireun jeung tukangeun imahna, loba anu sarwa kakurangan.

Dahar isuk sore henteu, kitu ogè sabalikna. Padahal teges pisan, Kangjeng Rasul nyanggemkeun yèn pangalus-alusna jalma nyaèta anu loba mangfaatna pikeun sabudueu­reunana. Jadi lamun èta manusa bisa ngalaksanakeun nepi ka dua tilu ka­lina, samangsa dipènta sidekah hèsè pisan. Atawa dina barangbèrè ka tatanggana tèh kadaharan pasèsaan bari jeung wujudna tèh teu matak pi­karesepeun.

Sawatara kecap pamali mah, sana­jan henteu dibèjèrbèaskeun hartina, lamun dilenyepan loba pisan mang­paatna. Diantaran lamun tas ngadahar dawegan, pamali cangkangna ulah ditangkarakeun. Sabab lamun ditang­karakeun, cai bakal nyalangkrung tur dipakè sayang reungit.

Pamali ulah cicing di lawang panto bisi hèsè jodo, padahal mah ngahalan­gan nu rèk ngaliwat, Kitu ogè, barudak leutik, awèwè rumaja dipahing pisan (pamali) mangsa Magrib arulin di bu­ruan, bisi dirawu kèlong. Padahal mah èta tèh ditaritah Shalat Magrib, sabab teu dipamalikeun ngabaring ka masjid jeung tajug mah !