Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

KEBON Raya Bogor, sababarah waktu kaliwat geunjleung, jadi catur salelembur, èar sajajagat, kusabab aya opat urang nu tiwas, 21 tatu balukar katinggang tangkal anu rungkad, dina kaayaan teu gugur teu angin, komo bari jeung hujan badag mah. Urusan pati, cilaka, bagya jeung jodo saujratna geus ditangtkeun ku ngatur ti ditu­na, Nu Maha Murbeng Alam, Allah SWT. Carana rupa-rupa, aya maot kusabab gering heula, kacilakaan kawas kajadian anu tumiba ka panumpang Air Asia atawa sa­kumaha kajadian nu karandapan di Kebon Raya Bogor.

Sakabèhna ogè taya nu nyang­ka, yèn dina poè Ahad bakal aya kajadian èta. Dumasar katerangan ilmiah panyababna tangkal anu geus koropos sabab umurna geus puluhan taun. Nu pangriweuhna geus pasti Kepala Kebon Raya Bo­gor jeung rèngrènganna, nu ngala­man katunggaraan geus pasti ku­lawarga anu ditinggalkeun, atawa ngalaman kacilakaan nu ayeuna keur dirawat di rumah sakit. Pihak kapolisian keur daria nalungtik, panyababna.

Kebon Raya Bogor, dina kan­yataanna lain ngan saukur “paru-paru” Kota Bogor, tapi ogè puseur panalungtikan, tempat tujuan pariwisata sarta loba kènèh kagu­naana. Teu kabayangkeun kuma­ha panasna Kota Bogor lamun taya kebon raya, kacipta panasna. Boa-boa ciliwung ogè ngolètrak sumur-sumur warga anu aya di sabudeureun bakal saat.

Nyartitakeun Kebon Raya Bo­gor, pikeun sabagèan jalma anu percaya yèn di jerona loba pisan karuhun Bogor, teu leupas tina hal-hal anu sifatna ghoib atawa ceuk basa anu populèr mah, mis­tis tèa. Kusabab (?) di jerona aya sababaraha makam anu dikara­matkeun diantarana komplèk makam anu remen di datangan (dijiarahan) nyaèta Ibu Ratu Ga­luh, Embah Jepra jeung Embah Baul.

BACA JUGA :  Rapat Paripurna Terakhir Bima Arya - Dedie Rachim, Sahkan 2 Perda

Salian ti èta aya ogè nu nyebut­keun yèn anu disebut Ratu Galuh ieu, Nyi Ambet Kasih, aya ogè anu nyaritakeun Ibu Ratu Galuh ieu, Kentring Manik Mayang Sunda. Ngan sesebutan Ratu Galuh leu­wih deukeut jeung Nyi Ambet Kasih sabab pan mantenna mah urang Galuh (Ciamis) sabab Bogor mah samèmèh jadi Pakuan Paja­jaran, disebutna Karajaan Sunda anu ngadegkeunna Maharaja Ta­rusbawa. Sedengkeun makam anu aya di luhureun jeung di gi­gireunna, Amuk Murugul jeung Pangeran Papak.

Duka tah mana anu bener. Ke­bon anu legana kurang leuwih 87 hektar sarta mibanda sakurangna 15.000 jinis tatangkalan ieu, baheulana cenah mah bagèan ti Leuweung Samida anu dicip­takeun ku Sri Baduga Maharaja ( 1474-1513). Leuweung jieunan ieu gunana pikeun ngajaga kaasrian sarta pikeun miara tatangkalan anu kawilang langka.

Loba anu mere “komentar” kajadian rungkadna tangkal dam­mar ieu tèh, boh dumasar kana hasil panalungtikan ilmiah atawa spiritual. Saur Haji Mama Arief Hidayat, anu baheulana ahli nga­dongèng, sacara spiritual minang­ka pèpèling ka manusa anu harir­up yèn di jero kebon èta tèh aya karuhun.

BACA JUGA :  Mahkota Binokasih dan Artefak Perjalanan Islam Dipamerkan di Perpustakaan Kota Bogor

“Lamun rungkadna keur aya angin gelap dor-dar bari jeung hujan badag mah, kaharti sabab aya kasangtukangna. Atawa bisa nyalahkeun angin jeung hujan. Mangsa poè panas, langit caabf bari jeung taya hujan jeung angin mah, kaasupna kajadian ahèng.” pokna daria pisan. Cohagna, saur Mama Arief, ngabèjaan ka nu harirup kènèh yèn Aing (karuhun) aya kènèh, ulaj dianggap euweuh pisan, komo bari jeung dijejelèh sarta tempatna dipakè laku lam­pah anu teu araruni mah.

Sabab, di jaman kiwari loba pisan jelema anu geus ning­galkeun tari paranti, poho ka purwadaksi, kawas teu pernah dikandung jeung dilahirkeun ku indungna. Contona jelas pisan, aya anak anu nungtut indungna. Kumaha caritana nu kitu. Pada­hal dina ajaran kasundaan teges pisan, munjung kudu ka indung muja kudu ka bapa.

Lamun doraka ka indung bapa, ka luhur teu sirungan ka handap teu akaran. Kasimpulan­na mah, urang kudu tetep mula­sara rasa nyaah urang ka karuhun urang sorangan. Carana rupa-rupa, bisa ku ngadu’akeun atawa migawè anu pernah dipigawè ku marantenna salila teu pakia-kia atawa mèngpar tina agama urang.

“Jadi Aing tèh aya kènèh.”

============================================================
============================================================
============================================================