Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

Tembang atawa kawih-kawih Sunda baheula, kayaning Girimis Ka­sorènakeun, Wengi Enjing Tepang Deui, Angin Priangan, Bulan Langlayangan Peuting, pikeun urang Sunda anu hirup di jaman harita, tur masih dina wanci ki­wari masih kènèh kumelendang, miban­da panineungan anu kacida jerona.

Mangsa Angin Priangan dihaleuang­keun tèh anu kacipta pakampungan anu asri, sakurilingna tatangkalan, cai hèrang cur-cor, mapaya-mapay wahangan, anu harita mah bisa kènèh dipakè ngalun.

Komo deui, tembang Kembang Tanjung Panineungan mah, lamun di le­nyepan kalayan daria, eusina tèh matak nyuat-nyuat hate, sabab nyaritakeun hiji indung anu keur kakandungan, diting­galkeun ku salakina hanjat ka gunung, pikeun berjoang dina raraga pager betis.

Kitu ogè kawih-kawihna Bimbo, husus­na anu aya patalina jeung agama, rarasaan tèh matak muringkak bulu punduk.

Dina Pop Sunda, di Tatar Pasundan, sakurangna aya dua ngaran anu kaa­sup dipikaresep, nyaèta Doel Sumbang anu dina kawih-kawihna, loba ngiritik pamarèntah jeung pulisi, malah ka­caritakeun kungsi sababaraha kali digen­traan ku pihak anu berwajib sagala.

Dina Pop Sunda anu wandana tradisi pisan, sigana urang Sunda mah arapaleun ka Kang Darso, anu ngaran lengkepna Hendarso. Malah samèmèh ancrub jadi penyanyi solo, Kang Darso kawèntar pisan Darso Calung, pèdah kawihna teu leupas tina calung.

Pokona mah, lamun aya anu ngo­brolkeun calung, anu pangheulana kainget tèh Darso. Kacintaanana kana dunya seni, hususna lagu-lagu Sunda, hèsè bandingananana, ti mimiti dia­jar ngawih nepi ka dipundut yuswana kurang leuwih 45 taun almarhum satia kana calung.

BACA JUGA :  Ucapan Akhir Kepemimpinan Bima Arya dan Dedie Rachim: Hatur Nuhun Sadayana, Abdi Pamit

Dina Tokoh Indonesia Eksiklopedia dicaritakeun yèn Darso geus ngalu­arkeun sakurangna 300 judul lagu, boh anu dirèkam di studio atawa samangsa anjeunna keur minton di panggung.

Darso ngamimitian nembang dina taun 1962, minangka pamaèn bas dina grup band Nada Karya jeung Nada Ken­cana.

Dina taun 1968, Darso mimiti min­ton bèda jeung biasana, ngagunakeunh waditra calung jadi pamirigna. Mintonna Darso jeung Calung Uko Hendarto tètèla narik ati paniten musik, S. Hidayat, sarta diajak manggung di RRI dipirig grup calung Baskara Saba Desa.

Mimiti rekaman, judul albumna vol­ume 1 babarengan jeung Grup Layung Sari, pimpinan Ali Wijaya, lagu anu di­haleuangkeunana beunang nyiptakeun Mang Koko Koswara jeung Uko Hend­srto. Nepi ka taun tujuh puluh dalapan, Darso boga grup calung sorangan, sarta ngaluarkeun album sorangan anu di­rekam di Akurama Reccord.

Ngaran Kang Darso beuki kawèn­tas saentas remen minton dina TVRI, sababaraha karyana diantarana, Marib­aya, Randa Geulis, Maribaya, Amparan Sajadah jeung Kabogoh Jauh, kawilang nyongcolang, tur remen diputerkeun di radio-radio di Jawa Barat. Kang Darso kawilang wani ngagaya, lamun salila ieu calung kacida identikna jeung pakèan calana pangsi, almarhum mah, sok make jas.

BACA JUGA :  Wajib Tahu! Bersihkan Usus Kotor Setelah Lebaran dengan 6 Makanan Ini

Malah dina lagu Sulanjana, salian ti buukna anu gondrong jeung dikacamata hideung, lamun henteu naèk kuda sok naèk mobil deuih.

Nepi aya anu nyebutkeun lamun Darso tèh minangka Micahel Jacksonna Pop Sunda, disebutna tèh Michaèl Darso cenah.

Lamun anu remen nongotn Sulanja­na, Suguhan Lagu Sunda Jaman Ayeuna di MGS TV, pastina apal pisan kana ketak Kang Darso.

Kawihna anu miindung kana waktu, mibapa kana jaman, saluyu jeung jaman ayeuna tèh nyaèta Kabogoh jauh anu rumpaka :

Boga kabogoh jauh, Mentas laut leuweung gunung Tapi apel teu bingung, Cukup hallo na telepon

Kuring di Pulau Jawa, Manehna Pulau Sumatera Lamun malam mingguan, Mojok via SMS-an

Jelema palinter, Dunya beuki maju Najan urang pajauh, Bisa ngobrol ung­gal waktu

Tiap SMS-an atawa nelepon, Teu jadi pikiran Kajeun pulsa kabobolan, Nu penting mah bisa ngobrol jeung manehna

jst…

Lamun dina tembang èta, pajauhna tèh bisa kènèh nelepon atawa SMS-an, ayeuna mah, jauhna Kang Darso tèh teu kaudag ku telepon jeung SMS. Anjeunna nemonan pamundut nu Maha Agung, Nu Ngahirupkeun keung ngamaotkeun.

Sanajan Kang Darso geus bèda alam, pajauh lain babasan, pastina kawih-kawihna mah moal bakal pajauh, malah bisa jadi leuwih deukeut jeung nu mikar­esepna. Wilujeng miang Kang Darso,

============================================================
============================================================
============================================================