Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
WAYANG golèk, ceuk para dalang jeung para panitèn budaya, saujratna eunteung kahirupan manusa, aya laku lampah anu hade jeung gorèng. Anu alus bakal dibales ku kabagyaan, kitu ogè anu nyimpang tina aturan agama jeung darigama bakal nimu katunggaraaan atawa kaÂsangsaraan.
Jejer caritana sanajan sumÂber utamana mah Ramayana jeung Mahabrata, tapi dina kanÂyataanana, gumantung kana kaparigelan jeung kamampuhan dalang kumaha ngagarapna. Almarhum Ki Asèp Sunandar Sunarya, saentas jadi haji tur neuleuman agama Islam, sok leuÂwih loba nyelipkeun hadist dina ngadalangna.
Malah beunang disebutkeun, da’wah dina cara anu bèda, sabab diwakilan ku tokoh-tokoh wayang. Dalang lianna anu kungsi kawènÂtar dina mangsana tèh nyaèta diantarana Dalang Tarkim, R.U. Partasuwanda, Abeng Sunarya, Entah Lirayana, Apèk, Cècèp SuÂpriadi jsbna. Sawatara juru maÂmaos/kawih/sindènna nyaèta Upit Sarimanah Titim Patimah.
Malah dina taun 1960-an mah, Upit jeung Titim tèh sasatna bisa ngèlèhkeun kawèntarna para dalang di jaman harita. Titim FatiÂmah mah kungsi kacaritakeun salah sahiji sindèn anu pangdikaÂresepna ku Presiden Soekarno.
Dina ngawayang teu sagaÂwayah, aya tetekon atawa ugeraÂnana. Sacara umum, pangadegaÂnana kahiji Tatalu, nalika dalang jeung sinden naèk ka panggung, dituluykeun ku gending jejer/ kawit, murwa, nyandra, suluk/ kakawen jeung biantara.
Kaduana, Babak unjal, paseÂban jeung bebegalan katilu nyarÂitakeun nagara sejen, satuluyna Patepah, Perang gagal kaluar wèh Panakawan biasana sok aya pangÂumuman, nasèhat, geus kitu perÂang kembang, perang raket jeung dipungkas ku tutug. Pamungkas kalimahna, Tutup Lawang SigoÂtaka.
Lamun urang merhatikeun kalayan daria, loba pisan anu bisa dicokot tina pintonan wayÂang golèk, hususna dina pasualan laku lampahna. Nu kahiji, mangÂsa dina nancebkeun golèk, GaÂtokcaca, Arjuna, Bima, pasti rada (di)tungkul(keun) samangsa anu dhareupanana Batara Kresna, kitu ogè para punakawan, Semar Badanaya, Cèpot Astrajingga, Udawala jeung Nala Garèng, nalika nyanghareupana dununÂganana, boh Arjuna putra panengah Pandawa atawa nu lianna.
Anu kadua wirahma gamelan jeung igelan, atawa kaayaan anu keur dilalakonkeun ku dalang, mangsa keur sedih, perang, heuÂreuy pastina bèda. Jadi tegesna hirup mah kudu saluyu jeung kaayaan. Contona dina barang bèrè atawa sidekah kudu saimÂbang jeung pangaboga.
Lamun imahna sigrong, moÂbilna alus, asa teu boga duduga peryoga pisan, kudu nyumbang ngan saukur Rp 20 rèbu ka paÂnitia Agustusan, komo lebaran anak yatim mah. Anu kitu beuÂnang disebutkeun mèrègè hèsè, cap jahè jeung nu lianna. Komo deui lamun aya “hak batur†anu teu dikaluarkeun, biasana Allah nguras hartana tèh ku jalan sèjèn, upamana tèa mah, keuna ku panÂyakit beurat, nepi ka kudu bulak-balik asup ka rumah sakit. Atawa ku pasualan lianna, anu panungÂtunganana mah, kaluar duit gedè-gedè kènèh, malah itungana leuÂwih loba sababaraha kali lipet tina anu kudu dikaluarkeun tèa.
Kitu ogè mangsa keur nyangÂking jabatan anu luhur, upamana waè jadi Kapala Dines, aya “anak buahâ€na mènta tulung kusabab pamajikanana dirawat di rumah sakit, asa kurang duduga peryoga lamun “nyumbangna†ukur Rp 50 rèbu, teu saluyu jeung tangÂtungan sarta jabatan. Anu kitu beunang disebutkeun teu bisa ngahargaan dirina sorangan.
Ceuk kolot baheula, hirup mah darma wawayangan, èta tèh bener pisan. Enya sabot keur diÂlalakonkeun ku dalang, pan bisa itu- bisa ieu, komo keur jadi pamÂingpin mah sasatna lagu kumaha baè ogè bisa, kusabab dirojong ku duit jeung kakawasaan tèa. Ceuk paribasana, tunggul diraÂrud catang dirumpak, ngahaÂlalkeun sagala cara pikeun nguÂdag kani’matan, pangkat jeung jabatan taya nu hèsè.
Tapi samangsa geus diaÂsupkeun kana peti, lalakonna dibèrèsan, kakara karasa teu walakayana. Geus kitu mah taya raja, taya punakawan, sarua saÂpeti kabèh. Sanajan enya, hayang dikubur di tempat anu hargana milyaran ogè, moal dibèdakeun ku Nu Maha Murbeng Alam mah, sarua waè.
Ukur amal kahadèan nu bakal nulungan. Tah sigana pikeun para pamingpin anu boga sifat gorèng, ngandelkeun èlmu bangÂkong, resep pisan ngarumpak aturan, teu amanah, atawa cap jahè, anu ceuk barudak ayeuna mah, pangurus “Pertina†kudu ngalobakeun nongton wayang. Sugan wè, robah sikepna. (*)