Hariring-Dadang-HPBpk. Dadang HP

Basa  ngadèngè salah saurang babaturan aya nu mulih ka jati mulang ka asal, ngabèrèskeun lalakon hirupna di alam dunya, satuluyna bakal masrahkeun tanggungjawab salila kumelendang di alam marcapada atawa buana panca tengah. Teu karasa biwir ngegeter bari ngucapkeun Innalillahi Wainnailaihi rojiun. Mugia anu mulang ditampi Iman Islamna, ditampi amal ibadahna pikeun maturan di alam kuburna.

Ngadèngè aya nu maot tèh  jadi ras ka diri sorangan, boa lalakon sorangan ogè teuing nepi ka iraha. Bisa isuk, beurang , sore atawa tengah peuting tah malaikatul maut datangna. Teu ka nu gering  jeung nu kolot waè, dalah anu ngora bari jag-jag waringkas ogè, lamun geus ninggang mangsana mah moal bisa dihalang-halang.

Sabab urusan pati mah, rusiah Nu Maha Kawasa, Nu Maha Ngahirupkeun jeung Ngamaotkeun. Rarasaan can boga pibekeleun ka alam jaga, alam sèjèn anu pasti bakal dianjangan ku sakabèh mahluk hirup.

Paingan atuh Kangjeng Rasul  nyebatkeun yèn ngalayad  ka nu (ka)maot(an) mangrupa pagawèan anu disunnahkeun sakumaha dawuhna dina Hadist Riwayat Ibnu Majah, Pikeun saurang mukmin anu ngalayad ka dulurna anu ngalaman kamusibahan mangka Allah bakal makèan dirina ku perhiasan kamulyaan dina poè Kiamat.

Kitu ogè dina papakèan anu digunakeun pikeun ngalayad, dina agama henteu ditangtukeun kudu warna hideung, tapi anu pentingt mah sakumaha dawuh Rasulullah SAW  dina Hadist Riwayat Abu Hurairah, sing anu nganteurkeun layon/mayit saurang muslim kalayan iman  jeung ihtisab  nepi ka nyalatkeun sarta rèngsè nguburkeun saenyana, sawaktu maranèhanana mulang bakal mawa dua qirath.

Masing-masing qirath kawas Gunung Uhud, jeung sing saha anu ngan saukur nyolatkeun wungkul, sarta mulang saencan dikuburkeun,saenyana ukur meunang hiji qirath. (Riwayat Bukhari).

Patali jeung èta saur Ustad Mustopa, aya sababaraha adab-adaban anu kudu diperhatikeun ; saalusna sikepna  tèh tenang jeung  teu loba omong samangsa nganteurkeun mayit ka makam,  pikeun jalma-jalma nu solèh maot, dibuburukeun di kurebkeun. Dina salah sahiji Hadist, Rasulullah  ngadwuh, lamun layon  diangkat jeung jalma-jalma ngagarotong dina tak-takna, lamun layon èta hade, manèhna bakal nyarita, geuwatkeun perjalanan kuring.

Sabalikna anu kurang hade, èta mayit bakal nyarita, Cilaka, rèk dibawa kamana kuring. Sakabvh mahluk bakal ngadèngè sorana, iwal ti manusa. Sabab lamun manusa bisa ngadèngè bakal kapiuhan. (Riwayat Bukhari  jeung Muslim).

Saentas ngurebkeun afdolna mah heunteu buru-buru ninggalkeun, tapi nangtung heula sisi kuburan, pikeun ngadu’akeun. Sayidina Usman RA, nyarios,  Kangjeng Nabi, upami saatos ngurebkeun mayit, mantenna ngadeg sarta ngadawuh, pangmèntakeun ampuna ka sadèrèk aranjeun jeung pangmèntakeun kateguhan pikeun dirina, sabab ayeuna manèhna keur ditanyaan. (Riwayat Abu Daud  jeung  sahih numutkeun Hakim).

Adab sèjènna nyaèta maurkeun taneuh ka kuburan, lobana tilu kali dimimitian tina sirah. Saencan ngadu’a meunang nepikeun nasèhat singket ngeunaan maot jeung hirup, sangkan jalma-jalma anu hadir leuwih tenang tur leuwih siap pikeun munajat ka Allah.

“Anu pangalusna mah  anu ngalanteur ka  pamakaman tèh bisa nyokot hikmah jeung palajaran tina ngagogotong mayit  jeung nganteurkeun ka kuburan. Sakumaha didawuhkeun ku Kangjeng Nabi, tingali jalma anu gering jeung iringkeun mayit, kusabab kitu maranèh bakal ngingetan ahèrat,”saur Ustad Mustopa.

Kusabab maot mah teu kanyahoan iraha datangna, alusna mah urang tetep aya dina jalan Allah, sabab unggal usik jeung malik, aya anu ngawaskeun. Kumaha mangsa datangna  maut tèh urangna keur dina kaayaan maksiat atawa keur dina ngalampahkeun dosa?

Malah  lolobana mah lolowodèh pisan dina ngamangfaatkeun waktu tèh, leuheung lamun waktu tèh jadi duit, satuluyna duit èta pikeun nambah-nambah ibadah. Ieu mah, jadi duit henteu, sok komo deui pinuh ku amal solèh jeung aya mangfaatna mah.

Padahal ècès pisan yèn jalma anu teu bisa ngamangfaatkeun waktu kaasup jalma anu rugi. Ibadah wajib ditunda, anu sunat harianeun teu pernah digawèan. Beuh…kumaha lamun kaburu datang, padahal sagalana can ditobatan. Komo deui mangsa urang pipilueun kana “ibadah” nu lian, pan asup kana golonganna lin?  Ah, dunya mah geuning kitu nya !