Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
SAUR Aki Tatang RT Lampu Beureum, mangsa manusa dipisahkeun sukma jeung ragana, geus bèrès tugasna di alam dunya, kadituna kari ngadagoan prosès-prosès pertanggungjawaban di Pangadilan anu pangadil-adilna saÂmangsa meunang pancèn jadi “khaliÂfah†di alam dunya.
Mun geus kitu taya kecap hanjakal anu bisa dikedalkeun, lamun tèa mah samangsa kumelendangna teu ngamangfaatkeun waktu atawa kasempetan nu geus dibikeun, atawa ngalalaworakeun. Sakumaha kaungÂgel dina Al Ashar anu nerangkeun ruÂgina hiji manusa anu henteu migawè amal kahadèan jeung kasolèhan, sabar tawakal, jeung silih nasèhatan dina bebeneran.
Ngeunaan èta, karuhun urang anu can “kasaba†ku ajaran Islam tètèla geus boga ajaran anu linuhung kumaha kuduna nyangreudkeun kaiÂmanan ka Nu Maha Agung (hablum minallah) kumaha nataan kahirupan jeung sasamana (hablum minannas) sarta ngaraksa jeung ngariksa alam dunya (hablum minaalam).
Geura wè urang titènana, salah sahijina dina Kitab Sèwaka Darma ataÂwa Amanat Galunggung, Prabu Guru Darmasiksa (1175-1297), pangawasa Sunda Galuh masihan wasiat pikeun turunanana ti mimiti anak, incu, umpi, cicit/bao, muning/udeg-udeg, anggasÂantana/gantung siwur, kulasantana/ janggawarèng, peti Santana, jst.
Dina lambaran kahiji nyaritakeun ngeunaan tetekon hirup, diantarana ngeunaan kasang tukang(sajarah) jeung jatidirina. Dina lambaran kadÂua, ditulis ngeunaan kawaspadaan, kamulyaan (kawibaan jeung kaÂkawasaan) sarta kajayaan bangsa sorangan henteu nepi ka ragrag (direÂbut) bangsa deungeun.
Ngeunaan sikep hirup èta dianÂtarana ulah ngarasa diri sorangan asa pangbenerna, pangjujurna, panÂglempengna, teu maning kawin jeung dulur, teu meunang maèhan anu teu boga dosa, teu meunang ngarampas hak batur, teu meunang nganyenyeri jalma anu reu boga salah, jeung ulah silih curiga.
Dina lambaran ka tilu ditulis ngeuÂnaan cecekelan atawa ugeran kahiruÂpan, sangkan kabuyutan (tempat anu disucikeun) henteu direbut batur, dina bancang pakèwuh ogè kudu tetep dipertahankeun. Malah jelas pisan dijèntrèkeun yèn leuwih boga harga careuh anu hirup di tempat runtah tibatan anak raja anu henteu bisa ngajagaan tempat kabuyutan. Malah disebutkeun ogè teu meunang nyarèkan jalna nu teu boga salah sarÂta kudu babakti kana karuhunna.
Sèwaka Darma, jumlahna aya tilu welas lambar, tur ampir sakabèhna mangrupa papatah atawa ajaran pikeun ngojayan kahirupan sangkan salamet “dunya jeung ahèratâ€. Malah diantarana aya anu rada anèh, lamun urang digogorèng ku batur, lain kaÂlahka ngalawan ka nu ngomongkeun tapi anu kudu diriksa jeung diseuseuh tèh diri sorangan, Dina gawè ogè ulah nèangan pamuji batur, pupujieun.
Ogè disebutkeun yèn jalma anu mulya tèh nyaèta anu sampurna amalÂna, kajujuran jeung kabeneran aya dina diri sorangan. Pokona mah anu tilu belas lambar tèh pepek ku aturan hirup anu kudu dijalankeun sangkan bisa asup surga di kahyangan.
Lamun Kitab Sèwaka Darma manÂgrupa pituduh kahirupan, Sanghyang Watana Ageung anu disusun ku Sang Kandihawan, Raja Resi Medangjati, pangawasa Karajaan Kendan Galuh dina abad ka genep mah mangrupa kumpulan undang-undang anu ngaÂtur kahirupan dina nagara, masayaraÂkat jeung kaagamaan. Satuluyna aya Kitab Sang Hyang Siksa Kandang KareÂsian jeung Sanghyang Darma.
Kitab-kitab anu disebutkeun di luhur tèh dina mangsa harita mah kaÂcida diturut ku pangagung, jeung raÂhayatna, nu matak ngalaman jaman kagemuhan atawa gemah ripah loh jinawi hirup rèpèh rapih, sepi maling towong rampog. Di jaman kiwari mah rarasaan asa ku pakia-kia, malah aya sasmita atawa moto anu kacida paÂpalingna, yèn paraturan anu dijeun tèh keur dirumpak.
Malah diantarana aya nu ngaÂhajakeun nèangan tambahan pangÂhasilan tina hasil ngarumpak aturan. Lamun kitu kanyataanana beu cilaka, nya. Kajadian anu keur haneut di BoÂgor ayeuna, salah sahijina disababÂkeun aya nu nyoba-nyoba ngarumpak aturan anu geus ditangtukeun. Tah patali jeung anu keur dilaksanakeun kamari, yèn Kota Bogor geus marilih pamingpinna, mugia wè anu kaÂpilih tèh anu amanah,tur pengkuh kana jangji jeung aturan anu geus dijieun, sabab lamun henteu matak picilakaeun. Jadi harepan rahayat mah teu loba, mingpin nu hade jeung jujur. PEUN !