Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

LAMUN aya paribasa siga monyèt ngagugulung kalapa anu hartina nyaho ngeunah eusina tapi teu nyaho cara murakna, sigana èta tèh keuna pisan ka diri sorangan, rumasa ku mokaha jeung bodo katotoloyoh tèa.

Padahal ceuk karuhun soran­gan, lamun bodo mah kudu alè­woh, daèk tatanya, sanajan teu nepi ka pinter ogè sakurangna, bisa nyaho. Apal sotèh basa ngo­brol jeung Abah Dasèp. Ngeu­naan iket mastaka atawa totop­ong tètèla lain ngan saukur make wungkul tapi di jerona tèh aya palsafahna.

Saur anjeunna, salah sahiji panyakit anu panggorèng-gorèng­na ceuk karuhun Sunda nyaèta gedè hulu atawa adigung adi­guna, asa aing uyah kidul atawa pangakangna tèa. Tah iket atawa totopong tèh maksudna mah mungkus sirah sangkan henteu gede hulu.

“Urusan ngaranna naha ba­rangbang semplak, parèkos nang­ka atawa nu sèjènna mah, ukur dilelebah wungkul. Tah lamun geus make iket, kudu geus nyun­da jeung jerona, henteu adigung, handap asor conto nyatana urang Kanèkès anu sapopoèna diiket, pan sagalana tèh nyebutkeun teu wasa, teu boga kakawasaan, komo anu aya patalina jeung uru­san ngamumulè alam mah kacida dijungjungna,”saur Abah Dasèp.

Kitu ogè, iket lain ngan sau­kur pamantes wungkul, sabab di Cimandè mah, bisa dijadikeun pakakas pikeun bèbèla diri, sa­rung ogè nya kitu kènèh. Puguh wè ngadèngè pangjelasan ti Abah Dasèp kitu tèh, mani asa ditonjok ku halu bèngkok, ampir wè iket anu keur dipakè tèh diudar, tapi rada mikir deui tah.

BACA JUGA :  Polisi Amankan Chandrika Chika, Selebgram Cantik Terkena Kasus Penyalahgunaan Narkoba

Sanajan encan nepi ka anu dimaksudkeun ku palsafahna, sakurangna jadi ciri yèn aya urang Sunda. Lamun urang Sunda geus embungeun nembongkeun jati dirina sorangan, atawa nyumput waè rèk iraha atuh majuna. Sabab lamun diperhatikeun, sikep kana budaya Sunda tèh sakurangna aya genep sikep. Kahiji anu anu wani tandang, sanajan modalna can cukup.

Nu kieu boga pamadegan dan­gdan bari leumpang, nu penting ulah nepi ka katinggaleun karèta, ngadangdanan dirina bisa dina jero lalampahan, sabab kanyataa­nana urang Sunda tèh geus loba katinggaleun. Nu kadua hayoh wè ngasah kabisa jeung nyukupan di­rina ka pangaweruh, hanjakalna lantaran loba teuing tapa, nepi ngaranna tèh teu kadèngè pisan.

Lamun ceuk dina dunya pasi­latan mah, latihan unggal poè tapi teu pernah ditempokeun ka pakalangan. Atawa lamun di sanggar tari mah, geus tapis kana rupa-rupa tarian tapi can pernah meunang kasempetan pikeun mintonkeun kabisana.

Asak-asakna mah, ngan teu pernah nyaho atawa ngukur nepi ka mana kabisana. Padahal kasem­petan samodèl kitu tèh tèh teu cu­kup didagoan wungkul, tapi kudu ditèangan jeung diciptakeun.

Anu katilu, mental calo, getol ngajak jeung nitah ka ba­tur, sawatara manèhna mah teu pipilueun, dina umajakna mah rajin kacida, tapi mangsa ditanya naha milu ngamumulè budaya, teu pisan-pisan miluan. Anu pa­mungkas, ngalakonan henteu ngajak henteu, ditanya ngan ng­abetem waè.

BACA JUGA :  Oknum Polisi Tega Cabuli Anak Tiri di Surabaya Berkali-Kali

Naha budaya karuhunna rèk kalindih atawa kagantian ku bangsa sèjèn ceuk paribasana mah jati kasilih ku junti, sumang­ga tèh teuing. Anu kalima, bisana ukur ngècè, ngiritik wungkul, disatukangeunana tèh teu bisa mere jalan kaluarna. Sawaktu anu sèjèn nyieun kamonèsan, in­yana ukur bisa nyalahkeun, bari nyebutkeun ah aing ogè bisa, tah kituna tèh bari jeung teu migawè nanaon.

Anu kagenep mah lumayan kènèh, bilukna tèh ngan saukur diajakan wungkul, sikepna kawas goong, teu disada lamun teu di­takol. Tangtuna anu pangalusna mah, anu èlmuna geus sampurna bari jeung wani tandang maka­langan. Malah leuwih sampurna deui wani maju sorangan, nyipat­keun kamotèkaran bari ditung­tungan ku istiqomahna, mibanda sikep ngagurat batu, teu gam­pang unggut kalinduhan, henteu gedag kaanginan.

Ngan nèangan anu kitu tèh arang kacida. Tapi sanajan teu kitu ogè atuh mun bisa mah uma­jak bari jeung ngalakonan. Ngajak nu lian ngomong basa Sunda, tapi dirina teu makèkeun. Nu kitu mah ngaranna calo.

Pan calo mah, gawèna ngagu­gubrag batur sina naèk, dapon mangkat manèhna ngajeten. Kitu ogè pamingpin anu ngan saukur ninitah wungkul bari teu ngaga­wèan atawa siga nu enya nyaah kana seni jeung budaya, urusan anggaran dicekèk pisan. (*)

============================================================
============================================================
============================================================