Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

GEUS ampir opat taun, indung ning­galkeun dunya fana, nyaba ka alam kalanggengan nemonan pamundut ti Nu Maha Ngahirupkeun, Nu Maha Ngamaotkeun, Maha Murbeng Alam. Mangsa salsè, panasaran beberesih kamarna anu salila ieu dikosongkeun, paling ogè ngariung unggal malem Ju­maah, ngaji Yasin babarengan, tahlil sakumaha diajarkeun mangsa anjeun­na sareng pun bapa kumelendang kè­nèh di alam dunya.

Bari jeung dadareugdeugan, ku­lantaran taya lalaki deui, nu mingpin tèh iwal ti kuring. Lantaran teu daèk sarè, lalaunan ngalongok kamar jen­atna indung bari hayang sakalian bèbèrès kamarna.

Saentas bèbères kamar, pangang­guran muka lomari, brèh aya catetan-catetan, diantarana hasil rontgen awak indung, jeung surat katerangan maot pun bapa. Sup dipernahkeun kana am­plop coklat, tuluy diplastikan, diper­nahkeun dina tas coklat, tuluy diteun­deun dina tangga lomari pangluhurna.

Di handapeun koran, aya buku tulis kandel, ana dibuka, brèh tulisan indung. Apal pisan atuh, tulisanna baradag, bari jeung miring, kumaha wè tulisan kolot baheula dina buku ang­gun, ipis kandel tèa geuning. Panasaran dibacaan rada imeut,kuring ngagebeg, asa rareuwas. Eusina matak hookeun, sabab geuning ampir sakabèh carita palaputrana anu lima kumplit.

Ti mimiti anu pangcikalna nepi ka nu bungsu ninggalkeun dina umur 6 bulan. Carita kabagyaan, nalangsa nepi ka nu pangpeurihna ditulis leng­kep pisan, kaasup jam, poè, tanggal, bulan jeung taun kajadian. Kitu ogè urusan boga hutang ka sasaha, iraha kudu mayar, geus dibayar atawa acan, kaasup dulur jeung tatangga nu boga rekening husus ka indung.

BACA JUGA :  Resep Rendang Kentang untuk Menu Makan Bareng Keluarga Dijamin Bikin Nagih

Hèbat puguh indung mah. Saming­gu samèmèh ngantunkeun, aya dina tanggalna, sakabèh hutang anu kudu dibayar, geus dicorètan lunas, tanda geus dibayar. Hutang tatangga jeung dulur, ditulisan ku mangsi beureum, bari dicorèt, Insya Allah diihlaskeun.

Maca catetan èta kuring ngagug­kguk, teu tahan. Sabab lamun ceuk ukuran sakola mah, teu sabaraha, teu luhur ieuh, nu nyongcolangna aya ca­tetan ti nini, kungsi masantrèn di ko­bong mangsa papanggih jeung pun bapa. Tapi dina urusan kaarsipan mah geuning teu èlèh ku nu sakolana luhur, bari jeung ayeuna mah sarwa canggih, dina computer.

Anu pangjerona nyaèta mangsa maca kalimah panutup, manusa hu­susna kaum hawa, bakal ngarasaan kumaha beuratna jadi indung saentas jadi indung. Rada lila ogè ngilo tulisan èta tèh, aya kana sapuluh menitna, kituna tèh bari ngalamun. Teu lila dèngèk incu ceurik, padahal lain waya tatèh, jam dua janari. Sigana calana baseuh, atawa lapar nèangan indung­na. Teu lila indungna hudang,kadèngè ngagerencem.

“Ih Dèdè ngompolnya,” tuluy kacai, ngaganti popok budakna. Beu­nang dipastikeun tah panon indungna tèh satengah mèlètèt bakating ku tun­duh. Komo deui mangsa budak rungs­ing kurang sèhat, nini jeung indungna tèh gentian ngais, sapeuting jeput, sabab sanajan geus sarè mangsa dien­cagkeun mah, dengèk deui wè ceurik.

BACA JUGA :  2030 Tak Ada Pembangunan TPA Baru di Kota Bogor, Kok Bisa

“Euh ieu meureun anu dimaksud ku indung, bakal karasa beuratna jadi indung saentas jadi indung tèh,” ceuk pikiran kuring. Kalah kumaha ogè pan­gorbanan indung ka anak mah. moal bisa ditebus, sanajan ceuk paribasana unggal peuting ngawulaan. Komo deui, asihna indung ka anak, geus pas­ti bèda jeung anak ka indung.

Taya ngarasula, taya ngarasa cape, pinuh kaihlasan, diguyuran ku kanyaah jeung du’a anu taya kendatna. Ah, po­kona mah hèsè pisan dicaritakeun wè, kumaha nyaahna sakabèh indung ka anak-anakna. Tapi di jaman kiwari mah geung geus rada robah, indung aya anu tèga miceun anakna kusabab ngarasa teu dipikahayang tèa.

Anu pangèdanna mah anak nyiksa ka nu jadi indung, nganyerikeun, nung­tut nepi ka ngusirna. Palebah dieu mah, manusa tèh geus teu bèda jeung sato, malah jigana tèh leuwih telenges alahbatan sato. Teuing kumaha tah carita tungtungna, sabab indung mah tunggul rahayu. Bener tah teu salah, catetan indung tèh. Tapi kètang loba ogè nu geus jadi indung, tapi can bisa jadi indung. Sabab teu nyaaheun ka indungna. Nya rèk kumaha deui atuh, sigana adat geus kakurung ku iga. (*)

============================================================
============================================================
============================================================