Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
PEUTING geus ngagayuh ka subuh, sakadang tunduh jigana tèh kalah beuÂki ngajauhan, teuing pèdah beurangÂna loba teuing sarè, atawa mèmang katerap panyakit hèsè sarè, da sanajan dipeureum-peureumkeun ogè angger wè kalah molotot, katambah peuting kamari mah hawa tèh mani karasa pisan panasna, salian ti ngoprot ku kèÂsang, sakadang reungit hayoh ngadon ngahièng dina puhu ceuli.
Ah, lengkep wè peuting èta mah gangguan tèh. Lantaran teu daèkeun peureum, cetrèk wè ngahurungkeun tipi brèh tèh keur nyaritakeun hiji indung anu umurna geus tujuh puÂluh taun leuwih, bari jeung teu ninÂgali dititipkeun ka Panti Jompo. Ceuk pangurus panti, èta kolot tèh dibawa ku hiji awèwè anu ngarasa karunya di sisi jalan.
Padahal sanggeus ditanyakeun ka Suminah, awèwè kolot anu dititipkeun, anu mawa tèh anakna nu bungsu. Malah Ibu Suminah tèh, nyaebutkeun sono ka anak-anakna anu jumlahna dalapan urang, sabab saentas dititipkeun salila sababaraha taun, tacan aya saurang ogè anu ngÂalongokan dirina.
Puguh wè matak nyeblak kana hate kana anu dipigawè ku anakna tèh, kahiji embungeun ngaku yèn èta tèh indungna, bari nyebutkeun yèn èta jalma tèh meunang manggih diÂjalana, kadua saentas nitipkeun tèh tara pernah dilongokan, mani kawas miceun runtah ka jarian. Nitipkeun kolot ka panti jompo, sigana tèh keur jadi ciri jaman kiwari, komo anu baleunghar (bari jeung kurang didiÂkan agama) mah tur ngarasa mamÂpuh ngawaragadan unggal bulanna, teu sirikna mani ngahajakeun pisan.
Padahal kalakuan kitu tèh teu dimeunangkeun ku agama, iwal ti aya alesan husus. Dina salah sahiji hadistna Kangjeng Rasul nyebatkeun yèn kacida hina jeung rugina anak-anakna anu masih kènèh bisa mangÂgihan kolot-kolotna dina kaayaan geus karolot, tapi teu bisa ngamangÂfaatkeun pikeun asup sorga ku jalan babakti ka duanana. Allah SWT, ogè ngingetan ka sakumna kaum musÂlimin sangkan ulah doraka ka indÂung bapana kusabab kaasup dosa panggedèna.
Nitipkeun kolot ka panti jompo (sanajan diwaragadan unggal buÂlanna) teu kaasup pagawèan anu hade dina agama, sabab sarua jeung miceun. Padahal mun urang nginget jasa-jasana, geus tangtu moal bisa ngÂabalikeun ci susu indung anu dibikeun ka anakna ku rasa nyaah, asih jeung deudeuh anu taya hinggana.
Pikeun èta urang Sunda geus boga koncina nyaèta munjung kudu ka indung muja kudu ka bapa, saÂbab indung anu ngandung bapa anu ngayuga. Paribasa ieu saluyu pisan jeung ajaran Islam anu nyebutkeun yèn salah sahiji dosa anu pangÂbadagna salian ti ngaduakeun Allah (sirik) nyaèta dosa ka indung bapa. Bari diteruskeun yèn ridona Allah tèh ridona kolot-kolotna.
Di panti jompo, sanajan loba baturna anu sanasib, tapi kasono ka anak-anakna jeung ka incu-incuna geus pasti moal kaubaran. Sabab kabutuhanana lain ngan saukur daÂhar jeung sarè wungkul, aya anu teu kaeusian, kanyaah ti nu jadi kolot ka anak jeung incuna. Kitu ogè sabalikna.
Mangsa incuna datang, nyiuman komo bari jeung barangbawa kareÂsepna mah, kolot-kolot urang tèh asa diperhatikeun, asa aya batur, teu nyorangan. Sok komo deui, pan geus kolot mah, kani’matan anu aya tèh mimiti di kurangan, panon geus kurang awas, ceuli geus kurang reÂungeu, kitu ogè kani’matan dahar geus ampir saparona, komo anu boga panyakit mah. Jadi sabenerna dina kaayaan kitu tèh, mun ihlas, tawakal, sadrah ngaraksa jeung ngariksana, bakal jadi jalan pikeun ka sorga.
Tapi nya kitu tèa, ngaranna ogè manusa bangun anu embung kaririÂweuhan kalah hayoh dititipkeun di panti asuhan, bari nèangan rupa rupa alesan. Saèstuna nu kitu tèh lain buÂdaya urang, teu kaasup kana siloka silih asih,asah jeung asuh. Padahal jelas pisan papatah ti karuhun urang yèn Indung tunggul rahayu, bapa tangkal darajat. Ngurua nu jadi indÂung ku leungeun sorangan can tangtu bisa malikeun jasa indung ka urang. Komo deui dititipkeun ka Panti JomÂpo, kawas anu dipiceun. Eum ulah kitu ah !