Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
UMAT manusa, komo kaum musÂlimin mah, pastina apal ka Imam Ghazaly, ahli filsafat jeung tasawuf anu kacida kakoncarana.
Malah pikeun kaum Muslimin mah, Imam Ghazaly tèh beunang disebutkeun hujahna umat IsÂlam. Sakumaha anu dimuat dina sababaraha situs jeung blog dina internet, aya obrolan mantenna sareng para murid anu ngandung nasèhtat jeung pangajaran sakitu luhungna.
Sawaktos Imam Ghazaly naroÂskeun naon anu pangdeukeutna jeung diri urang di dunya ieu, murid-muridna ngajawab, indÂungbapa, guru, babaturan jeung dulur-dulur.
Anjeunna, ngalereskeun sadaya waleran para muridna, mung saurÂna anu pangcaketna mah , maot, saÂbab sakumaha jangji Allah yèn anu nyawaan pasti bakal maot kaunggel dina Surah Al Imaran 185.
Patarosan kadua, anu pangÂjauhna di dunya ieu, para muridna ngawaler, Negri Cina, Bulan, MaÂtahari sareng Bèntang-bèntang. Waler Imam Ghazaly, sakabèh jawaban èta teu salah, tapi anu pangleresna tèh mangsa katukang. Sabab naon waè kandaraan urang, moal mungkin bisa balik deui, ngaÂjugjug ka alam ka tukang. Kusabab kitu, anu perlu dijaga tèh nyaèta poè ieu, jeung nu bakal datang sarta ngalakonana saluyu jeung aturan agama.
Nalika, anjeunna naroskeun anu pangbadagna, para murid ngaÂjawab, gunung, matahari, bumi. Al Imam, angger ngalereskeun tapi anu pangleresna tèh nyaèta hawa nafsu, kumargi hawa nafsu anu teu dijaga bakal mawa diri urang ka naraka.
Kitu ogè dina patanyaan sèjènna, anjeunna teu nyalahÂkeun, namung masihan keteranÂgan kayaning anu pangbeuratna tèh, nyepeng amanah, anu pangÂhampangna saur anjeunna, ningÂgalkeun shalat, sabab ngan saukur ngagugulung dunya, loba anu ningÂgalkeun shalat, sedeng anu pangÂseukeutna saurna, lètah manusa, kumargi, lètah mah gampil pisan nganyenyeri hate manusa sareng raraosan dulurna sorangan.
Ku patarosan èta, saleresna Imam Ghazaly tèh keur ngaÂnasèhatan para muridna jeung kaum muslimin yèn saenya-enyaÂna urang kudu ngalobakeun amal ibadah sabab sabenerna maot èta tèh kacida deukeutan.
Taya bèja, taya carita samèmèhna, sarta kudu bisa ngaÂgunakeun waktu sakumaha misÂtina jeung saalus-alusna, tur sing ati-ati jeung hawa nafsuna, sabab bisa mawa jalma tikunclung kana naraka anu panghinana.
Ogè dina urusan nyekel amaÂnah kudu sing iatna, waspada ulah nepi ka hianat. Ngeunaan anu panÂghampangna, ninggalkeun shalat.
Sabab ninggalkeun shalat mah leuwih hampang ti batan kapas. Malah jeung Kang Endang mah, lamun geus sakali wè ninggalkeun shalat, sok kateterusan, kadituna manggih kani’matan shalat mangÂsa geus teu ngalakonan shalat.
Sora panggero lima kali anu sakitu harusna tèh, ih teu kadèngè wè. Manusa anu kitu geus poho kana kawajibanna di dunya, sabab pangna manusa jeung jin dicipÂtakeun ku Allah SWT, taya deui iwal ti sina ibadah.
Komo deui pan shalat mah tihang agama, lamun jalma teu migawè shalat lir ibarat ngaruksak tihangna jeung dirina sorangan. Sabab patokan nilèy ibadah nu sèjèn tèh pan shalat, lamun jalma henteu shalat, ibadah sèjènna jadi taya gunana pisan.
Lamun lila teuing teu migawè shalat, bari jeung teu ngarasa salah, asa teu boga dosa, lila-lila hate jadi geumeuk maleukmeuk, kadituna beuki teuas lila-lila ngabatu dina narima bebeneran ti Allah SWt.
Komo lamu geus nepi ka diÂpoèkeun mah, Audzubillah sumÂma audzubillahimindzalik. Di jaman baheula, barudak leutik atawa rumaja remen “arulin jeung sarè†di tajug (masjid leutik).
Sakurangna lamun cicing (sarè) di masjid mah, bakal kaajakan shalat sarta remen ngadèngèkeun kalimah-kalimah suci.
Numatak teu anèh lamun anu deukeut ka masjid (lain pèdah imahna sisi masjid), gampang pisan dina diajar kaagamaan, atawa dina sasarna ogè tara jauh teuing, sok aya nu ngageuingkeun.
Beuki kadieu ayeuna mah, masjid tèh beuki ditutup pikeun umatna sorangan, dibukana ukur dina waktu-waktu shalat wungkul. Panyababna? teu kudu dijawab urang ogè pasti surti lah, palebah dinyana mah.
Patanyaanna rèk nepi ka iraha, sabab barudak ayeuna leuwih reÂsep nongkrong di jalan ti batan cicÂing di masjid. Komo deui ayeuna mah disadiakeun taman anu kaÂcida lobana tah !