Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

KEUR uplek ngobrol jeung Ki Madi ngeunaan kajadian ujian anu geus jeung kakara lumang­sung di sakuliah Nusantara. Dina tipi jeung sababaraha Koran, dibèjakeun yèn aya guru jeung kapala sakola anu ngantepkeun muridna nyaronto.

Puguh wè, jadi teu kaharti tah, kalakuan samodèl kitu tèh. Sabab pangna dilumangsungkeun ujian bareng, bari jeung soalna sarua tèh, pikeun nganyahokeun geus nepi ka mana urusan pendidikan tèh. Naha geus sarua hasilna ata­wa kualitasna di unggal daèrah, ulah nepi ka emblog-emblogan jiga cèt anu dibahèkeun kana tèmbok.

Tapi lamun anu diudagna ngan saukur lulus wungkul bari jeung teu ngèndahkeun aturan mah, minangka totondèn yèn dunya pemdidikan tèh geus di­anggap gagal, sakurangna dina urusan ahlak.

Sabab ku diantepkeun dina nyonto ogè, sarua jeung geus ni­tah murid-muridna ngahalalkeun sagala cara, nu penting lulus. Ieu kitu gambaran hasil pendidikan tèh? Anu teu ngajarkeun sikep ka­jujuran, jeung ngatik sangkan ba­rudak sakolana tanggungjawab?

‘Ah, sia mah bisa wè, tah kop mere teu kudu unjam injeum sag­ala. Barina gè iraha kacaritakeun mayar manèh tèh. Nginjeum tèh ngan ukur babasan wungkul,” tèmbal Aki Madi, liang irungna katempo ngadadakngabeukahan jiga torowongan under pass, ata­wa sakurangna Guha Gudawang.

“Sanès ieu tèh Ki, hoyong tu­maros, seueur jalmi anu nyebat­keun ageman Sunda Wiwitan, èta tèh anu kawas kumaha tèa, Ki?” Ujang Kèmèd nanya leungeunna ri­kat pisan ngasupkeun duit lima pu­luh rèbuan salambar kana pèsakna.

BACA JUGA :  Lokasi SIM Keliling Kabupaten Bogor, Sabtu 20 April 2024

“Kabeneran pisan, euy ka­mari aya incu datang catetan ngeunaan Sunda wiwitan cenah mah meunang ngunduh tina in­ternet, ti Wikipedia, sok tah baca sing tarik. Sakalian kami ogè hay­ang nyaho,”saur Aki Madi bari ngasongkeun kertas sababarah lambar, ku Ujang Kèmèd diilo tu­luy dibaca.

Sunda wiwitan bisa dihar­tikeun Sunda munggaran, Sunda mimiti, asli atawa sajati nyaèta agama atawa kapercayaan se­sembahan kana kakuatan alam jeung karuhun anu dilakonan ku urang Sunda buhun, diantarana aya di Kanèkès, Lebak, Banten Kidul, Sukabumi, Kampung Naga jeung Cigugur. Ceuk anu ngagem­na, Sunda Wiwitan ieu geus aya samèmèh datangna agama Hindu jeung Islam.

Dumasar kana kateran­gan ti puun kampung Cikeusik mertèlakeun yèn urang Kanèkès lain panganut agama Hindu ata­wa Budha,tapi animisme, tapi kabèhdieunakeun kapangaruhan Hindu jeun Islam. Dina Carita Parahyangan ajaran ieu disebut Jatisunda. Ajaran Sunda wiwitan nempatkeun Sang Hyang Kers (Nu Maha Kawasa) atawa Nu Maha Ka­wasa ogè disebut Batara Tunggal , Batara Jagat atawa Batara Seda Niskala.

MantenNA lumahing di Bua­na Nyungcung, sedeng manusa jeung mahluk sèjènna nyicingna Buana Pan Tengah, sedeng anu panghandapna Buana Larang (naraka). Antara Buana Nyung­cung jeung Buana Tengah, aya 18 lapis alam, pangluhurna Bumi Suci Alam Padang (alam khayan­gan, Mandala Hyang). Anu kadua ti luhur nyaèta tempatna Sunan Ambu Nyi Pohaci Sanghyang Asri.

BACA JUGA :  Agam Sumbat Diguncang Gempa M 4,4

Sang Hyang Kersa sorangan nurunkeun tujuh batara ka Sasa­ka Pusaka Buana, anu pangkolot­na Batara Cikal tur dianggap karu­hun urang Kanèkès. Dasar ajaran Sunda Wiwitan nyekel dua poko nyaèta cara ciri manusa jeung ciri bangsa. Dina ciri manusa aya lima perkara, welas asih, undak usuk, tatakrama, budibasa jeung budaya. Sanajan dina cara ciri bangsa basana umum, tapi dina ajaran Sunda Wiwitan aya bèdana nyaèta, rupa, adat, basa,aksara jeung budaya.

Sakumaha anu aya dina kitab Sunda Wiawitan nyaèta Siksa kanda(ng) Karesian. Agama ieu dina prak-prakanana ngalaman “kamajuan” pikeun ngahormat tempat-tempat anu dianggap suci jeung karamat kayaning kabuyu­tan anu disebut Sasaka Pusaka Buana jeung Sasaka Domas, sarta tumut kana papatah dina tatanèn, dina ajaranana loba larangan atawa pamali. Pamali anu ceuk urang Kanèkès mah buyut tèa.

“Tah aturan-aturan ieu anu diamalkeun ku urang Baduy Jero,” Ujang Kèmèd nganggeuskeun macana bari tuluy ngalipetkeun kertas bacanana. Ajaran buhun tètèla sarua ngagungkeun ahlak talajak dina kahirupan sapopoè, silih ajenan, silih hargaan jeung silih rapihkeun. Di jaman kiwari ketak gorèngna adat tèh katempo pisan mangsa di lampu beureum jeung stopan karèta api. Sanajan aya wates hayoh wè dirumpak !

============================================================
============================================================
============================================================