Hariring-Dadang-HPDADANG H PADMADIREDJA

LAMUN di rèngrèngan pasantrèn aya kecap manjada wajadda anu hartina lamun enya-enya, daria ngalakonan hiji pagawèan bakal laksana, karuhun urang Sunda ogè bogaeun paribasa anu sarim­bag atawa sarua hartina, nyaèta lamun keyeng tangtu pareng.

Malah paribasa ieu dilengke­pan ku comtona sagala, cikara­cak ninggang batu laun-laun jadi legok. Paribasa anu dihandap jelas pisan, nempo tina kajadian alam. Malah anu ieu mah, bisa dilarapkeun kana sagala hal, bisa kana sagala rupa, salah sahijina dunya atikan.

Sanajan sakumaha bandelna budak ari ku remen digelendu­tan mah, insya Allah bakal nurut, sakumaha anu digambarkeun dina paribasa èta.

Kajadian alam ieu (lego­kna batu kulantaran karagragan cai), rada kagambarkeun basa nganjang ka Guha Gudawang di wewengkon Cigudeg. Di jero guha ieu, loba pisan sèsa sèsa kajadian anu dilantarankeun ku keyengna cai.

Numutkeun Kang Karyawan, sifat cai bisa ogè dilarapkeun jeung kapamingpinan urang Sunda. Cai boga sifat gampang ngahiji jeung kaayaan, mangsa diasupkeun kana gelas, nyaru­paan gelas, diasupkeun kana sèèng wujudna jiga sèèng, har­tina kudu kabula-kabalè, bisa ngamènak bisa jiga rahayat bi­asa, sakumaha anu kungsi dilak­sanakeun ku Eyang Prabu Sili­wangi (ceuk cariat kolot jaman baheula) sok nyamur jadi aki-aki, ngalanglang nagri, ngariksa kumaha kaayaan rahayatna, mantenna kawèntar Prabu Tan­duran Gagang.

BACA JUGA :  Resep Membuat Cah Kangkung Saus Tiram yang Lebih Sedap Bikin Ketagihan

Sifat cai lianna, nyaèta cai mah nèangan tempat anu leuwih handap, hartina orièntasina ata­wa jejerna kudu leuwih loba kah­andap, ulah ngan kalaluhur wung­kul. Lamun tèa pamingpin remen turba ka handap, diantarana dina mangsa hujan, pastina nyaho kaayaan di kotana sorangan.

Naha anu dibarendo tèh apaleun yèn lamun di Kota Bo­gor, sanajan hujanna ukur saten­gah jam, jalan di wewengkon Taman Kencana, Sempur, Kap­tèn Muslihat nepi ka Jambatan Mèrah kakeueum ku cileuncang.

Cai hujan ampir tujuh puluh persèn bahèna ka jalan, henteu kana kamalir ieuh. Padahal sau­jratna apaleun pisan lamun Kota Bogor tèh katelah Kota Hujan. Pikeun anu marakè mobil mah taya pasualan, sawatara pikeun anu marakè motor mah, nya ka­siksa pisan, komo palebah anu mawa mobilna rada eusleum, ngebut mangsa keur hujan, atuh nu dina motor tèh jibrug kakècrètan ku cileuncang. Komo deui ceuk Ki Wahyu di sapanjang jalan Katulampa mah, jiga wah­angan panjang.

Teuing tah, naha Kapala Dines anu aya patalina jeung urusan èta, sok turun ka lapan­gan mangsa hujan gedè, ambèh nyaho kaayaan anu sabenerna? Sabab pastina kawijakan ngurus anu kararitu mah aya dina pan­angan anjeunna, lain di RW lain di RT, komo Ketua DKM mah.

Lain mamatahan ngojay ka meri, sabab anu ngarasakeun mah nya jalma leutik, anu teu bisa nanaon, sarta nyorana ogè ukur bisa ngaharèwos lalaunan. Geus waktuna para pamingpin di nagara ieu, nurutan ketak pamingpin baheula.

BACA JUGA :  Timnas Indonesia Menang Tipis 0-1 Lawan Australia

Di Timur Tengah baheula anu kawèntar sederhana jeung remen ka handap tèh, aya Umar bin Khatab sareng Harun Al Ra­syid, di Tatar Sunda mah geus disebutkeun di luhur. Sugan wè atuh ti saprak ayeuna jeung ka­hareupn aya anu kawas kitu. Conto samodèl kitu tèh taya salahna diturutan, sanajan teu kudu nyeplès pisan, sakurangna ngadeudeukeutan. Sabab teu sakabèh anu dilakukeun ku pa­mingpin gorèng kabèh, ogè saba­likna. Ulah nepi ka cul dogdog tinggal igel, trotoar dialusan, taman dihade-hadè, ari jalan ka­keueum.

Sugan ari turun langsung ka jalan bari bèbècèkan mah aya jalan kaluarna, kumaha kuduna kaayaan anu samodèl kitu bisa dibèrèskeun. Pastina pikeun ka­pentingan rahayatna.

Tangtu para pamingpin nyaho pisan, yèn di pangadilan Allah, anu pangheulana ditan­yaan tèh para pamingpin heula, samèmèh rahayatna.

Sabab aya mangsana sakabèh anu dipigawè di alam marcapada ieu,kudu ditanggungjawabkeun, bari kaayanana tèh teu bisa mèn­ta tulung ka sasaha, jeung bisa ngabohong samangsa di dunya, anu hukumna bisa dibeuli jeung dibalucatbalicetkeun sangkan di­rina salamet. Punten ah lur ! (*)

============================================================
============================================================
============================================================