Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

UMUMNA di urang, boa di tempat sėjėn ogė kitu, taat kana peraturan tėh, lain pėdah taat kana peraturan tapi sieun ku patugas. Contona dina peraturan anu ngawajibkeun makė hėlm, pangna “diwajibkeun” dipakė boh ka nu ngaboncėng atawa anu diboncėng, pikeun kasalametan anu naėkna.

Sabab sirah, tÄ—h, anggahota awak anu pangpentingna. Loba kacilakaan anu nepi ka hanteuna alatan sirahna henteu diheleman, dina panghampangna kacilakaan ogÄ—, pan sakurangna tÄ—h geger uteuk. Lamun bagÄ—an ieu anu keuna pastina bakal mangaruhan anu sÄ—jÄ—nna.

Ceuk tiori beulah katuhu jeung beulah kÄ—nca. Anu beulah katuhu ngawasa gerakan awak bagian kÄ—nca kitu ogÄ— sabalikna. Ceuk tiori, otak kÄ—nca leuwih dominan dina basa, pikeun ngolah anu kadÄ—ngÄ— sarta boga pancÄ—n pikeun nyarita, salian ti Ä—ta boga tugas ngalogikakeun jeung itung-itungan Ä—lmu pasti.

Tah lamun urang mikir atawa nginget-nginget uteuk ieu anu nÄ—anganana. Otak katuhu, mibanda tugas anu raket patalina jeung rupa, gambar atawa musik (seni). Uteuk tÄ—h gunana loba pisan, diantarana nyaimbangkeun jeung hatÄ— tur anggota badan sÄ—jÄ—nna.

Tah numatak kacida perluna dibungkus ku helm anu alus tur kudu makÄ— standar nasional IndonÄ—sia (SNI) ogÄ—. Salah sahiji buktina, kurangna kasadaran masarakat kana aturan tÄ—h, geura wÄ— di Beulah Kulon mah rada arang anu marakÄ— hÄ—lm.

Lamun aya razia, kakara ribut marakÄ— alat pangaman ieu. Padahal, sanajan taya patugas ogÄ—, hÄ—lm tÄ—h kacida pentingna. Saujratna kasalametan lain ngan saukur salamet ti razia polisi wungkul.

BACA JUGA :  Timnas Indonesia Menang Tipis 0-1 Lawan Australia

Ngarasa mokaha, teuing pÄ—dah deukeut, teu nyahoeun atawa pohoeun kana aturan yÄ—n anu diboncÄ—ng tÄ—h kudu makÄ— hÄ—lm saluyu jeung UU. No 22 Tahun 2009.

Urang sebutkeun wÄ— Siti Dewi Markonah, urang CÄ—mplang anu masih sakola di salah sahiji SMA swasta di Bogor. basa ngaliwat dina motor ka wewengkon PalÄ—dang tÄ—h ngarasa jongjon wÄ—, sanajan manÄ—hna teu makÄ— hÄ—lm.

Lantaran dianggap ngarumpak aturan, basa katempoeun ku patugas tÄ—h gancang dieureunkeun, bari ditanya kalengkepan surat-surat motor jeung SIM. Lengkep ari surat motorna mah, ngan palebah ditanya SIM rada hulang-huleng.

Sabab, umurna can cukup, geus kitu pan dasarna nyieun SIM tÄ—h kudu boga KTP heula. Sedengkeun pan manÄ—hna jeung dulurna (anu mawa motor) sarua umurna can tujuh belas taun, can boga hak pikeun boga KTP. Rupana patugas Ä—ta surti kana kaayaan duanana. Bari imut ngagelenyu, anjeunna mÄ—rÄ— hukuman anu kawilang hampang pisan.

“Tah lamun kitu mah, ayeuna ku bapa di hukum maca surat Fatihah,”ceuk ėta patugas bari omat-omatan ulah wawanianan ngagunakeun motor deui lamun teu boga SIM tur kudu makė hėlm lengkep, boh anu diboncėng atawa nu ngaboncėng.

“Kunaon maca surat Al-fatihah pa?’ ceuk ėta budak satengah ngahuleng.

BACA JUGA :  Kebakaran Hanguskan Bus Pahala Kencana di Tol Jambang

“Enya pan hėlm tėh gunana keur kasalametan, kitu ogė surat Al Fatihah,”tėmbal ėta patugas bari tuluy nitah mangkat saentas ėta budak bėrės maca suratna. Sapanjang jalan balik ka imah, duanana ting gerendeng. Mani asa kakaraeun, ditilang bari “dendana” tėh ngan ukur maca surat Al Fatihah.

Sadatangna ka imah, gancang manėhna mukaan internėt nėangan fadhilah surat Al Fatėhah anu disebut Ummul Qur’an tėa. Tėtėla surat ieu tėh pangagungna, saha-saha anu maca surat ieu bakal meunang balesan pahala nu gedė pisan di sisi Allah. Komo deui lamun macana ihlas tur bisa neuleuman eusina.

Salian ti ėta Surat Al Fatihah kawilang anu pangalusna, Al – Qur’an Al – Azhim. Sakumaha dawuhan Kangjeng Rosul dina Hadist Bukhari anu nyebatkeun “Ummul Qur’an ( Al-Fatihah) nyaėta tujuh ayat remen dibalikan jeung Al-Qur’an Al-Azhim“.

Ogė pikeun ngarukyah, cahaya pikeun Umat Islam, panangtu shalat, (teu sah shalatna lamun teu maca Fatihah) Malah bisa jadi salah sahijina tėh mangrupa du’a salamet sakumaha anu dicaritakeun ku patugas ėta.

“Nuhun Pa Polisi, ti semet ayeuna mah kuring jangji moal naėk motor lamun can boga SIM jeung rėk nurut kana aturan,”pokna dina jero hatė. Tėtėla pikeun nyadarkeun jalma sina taat hukum tėh teu salawasna ditibanan anu beurat nya !

============================================================
============================================================
============================================================