Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
KEUR anteng ngalamun bari nemÂpokeun tangkal rambutan hareÂupeun imah anu ngan kari daunÂna, sabab buahna mah geus bèak paheula-heula jeung lalay anu mahabu unggal peuting, kadèngè di imah tatangga sabeulah aya nu nyetèl, Sahibul Hikayat, Ki Arief Balap anu keur ngalalakonkeun Ki Ahmad anu kakoncara ku koÂpèah beureum tèa.
Nya tibatan ngalamun teu puÂpuguh, mending ngadèngèkeun, Sahibul Hikayat ah. Lalakon Ki AhÂmad anu dicaritakeun ku Kiai Arief Balap tèh, nyaèta budak anu kataÂlangsara kusabab indung bapana jalma teu boga, geus kitu bapana Ahmad tèh ngedul jeung pagawèaÂnana tukang ngadukeun hayam.
Ahmad anu saterusna jadi santri boga pasantrèn sarta nikah jeung anakna Kiai, hirup bagya saÂbab pengkuh kana agamana, sabar darana jeung pinuh kaihlasan dina ngajalankeun kahirupan sapopoèÂna. Carita Ahmad ieu ngaguluyur, bari reumbeuy ku nasèhat ngeuÂnaan kaagamaan, sarta dipapaès ku gaya Ki Arief Balap, anu sakaÂpeung caritan tèh dilagukeun.
Mani asa gantung dèngèeun, lalakon Ki Ahmad tèh, asa mulang ka alam baheula, sabab Sahibul Hikayat model kitu tèh kungsi kaÂkoncara di taun 70 jeung 80-an. Malah harita mah anu hajat, boh ngawinkeun atawa nyunatan, sok nanggap Kiai Balap, lain ngan di Bogor wungkul tapi nerekab ka wewengkon Jawa Barat sèjènna.
Kiai Balap ogè dina sela-sela hikayatna sok nyelapkeun ShalaÂwat Nuril Anwar, anu unina kieu, Allohuma solli ala nuril anwar wasyiril asror, watir yafil ahyar…. jstna. Ah, pokona mah, matak pogot, sanajan ngan saukur ngaÂgunakeun kakuatan sora (verÂbal), teu ditambahan ku parabot lianna. Ki Arief Balap anu lingÂgihna di wewengkon Cemplang, ayeuna tos taya dikieuna, nemoÂnan panggero ka Nu Maha Agung. Tapi sanajan kitu, soanten jeung namina mah angger aya dina hate urang Bogor.
Teuing kabeneran, atawa mèÂmang geus takdir ti dituna, anu (di)ngaran (an) Arief, pinter pisan nyarita, diantarana aya Mama Arief Hidayat, tukang dongèng anu di jamanna mah, kawilang kawèntar. Di tingkat nasional aya DR. Arief Rachman anu ogè reÂmen kacida pinter nyarita anu aya patalina jeung dunya pendiÂdikan sarta agama.
Ki Arief Balap, Arief Hidayat, di jamanna kacida kakoncara, malah dongèng-dongèng Si RiÂweuh jeung nu lianna, nepi ka bisa ngarobah kabiasaan kaum ibu. Teu saeutik kaum ibu di jaÂman harita anu masak samèmèh waktuna, pikeun dahar sore tèh diusahakeun jam tilu geus rèngsè, sabab rèk ngadèngèkeun Dongèng Enteng Pasosorè.
Mama Arief Hidayat anu ayÂeuna masih kènèh ngadongèng, kungsi jadi idola pikeun kaum ibu, malah loba anu ngahajakeun daratang ka studio, ngan saukur hayang kapanggih atawa anakna anu dijero beuteung kènèh hayang dijiadan.
Kakuatan dua Arief di Bogor ieu, pastina lain kabeneran, sabab sakumna mahluk anu digubragÂkeun ka alam dunya taya anu kaÂbeneran, tapi rencana Nu Maha HyÂang Widi. Lamun Ki Balap, leubeut ku nasèhat agama, sarta “nyiwit†nu ngadarengèkeun karasa tapi teu matak nyeri, sabab kasangtukangÂna pasantrèn jeung ulama, Arief Hidayat mah, mangsa keur ngaÂdongèng bisaeun nepi ka 18 sora, ti mimiti aki-aki, nini-nini, parawan, bujangan jeung nu lianna.
Malah ceuk nu mikaresepna, lamun di jaman harita aya pamiliÂhan Bupati jeung Walikota, langÂsung kawas ayeuna, Mama Arief mah teu kudu kampanyeu, sabab geus kaceluk ka awun-awun kaÂkoncara ka janapria.
Dongèng Mama Arief dina mangsana, tètèla aya tapakna, sabab mangsa aya riungan atawa pasamoan, sawaktu diwanohÂkeun ka nu hadir, yèn di dinya aya Mama Arief Hidayat anu ahli ngadongèng tèa, umumna pada arapaleun, komo anu saentragan kuring jeung saluhureun mah.
“Oh ieu Mama Arief Hidayat tèh, kapungkur mah mung terang soantenna wungkul,â€pokna tèh bari terus ngajak sasalaman. HèÂbat puguh ogè, ngan hanjakal nu raresepeunna tèh ukur inin-inin jeung ika-ika wungkul. Jaman mèÂmang geus bèda, baheula jeung ayeuna. Ieu mah susuganan, laÂmun boga anak lalaki hayang pinter nyarita, ngaranan Arief. Sugan kitu ogè !