Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
ALHAMDULILLAH kamari jeung mangkukna, bisa perè, sanajan teu sagemlengna bisa perè kaÂwas batur, ulin ka luar kota jeung kulawarga, migawè hal-hal anu matak nyenangkeun hate jeung pikiran mopohokeun pagawèan sapopoè.
Boh ulin ka pagunungan ngaÂrarasakeun hawa anu seger, ataÂwa ka basisir nempoan ombak anu paudag-udag jeung baturna, mangsa geus nepi ka sisi tuluy peuyar. Aya panghalangna puÂguh ogè, kahiji usum ngijih jadi pastina ogè dimana-mana hujan, malah kabèjakeun dina koran jeung televise loba anu ngarandaÂpan banjir.
Kaduana nu panganganjelna, teu boga bekel, aya keur indit taya keur mulang. Antukna mah kalah nalingakeun ucing ngaÂjuru, Si Abèl ucing anu di imah, anakan mani saopat-opat. DiperÂhatikeun tèh, geuning ucing ogè nyaaheun pisan ka anak-anaknya nya, teu kaop aya anu ngadeuÂkeutan ngahereng, da meureun sieuneun ngaganggu anakna.
Mungguhing Allah Maha KaÂwasa ka sakur mahlukna, sanajan teu perna “diajarkeun†kawas manusa jeung teu dibantuan ku bidan, ucing mah bisa ngajuru sorangan. Ditempokeun sakabèhÂna tèh dilètakan bangun nu nyaaÂheun pisan, bener tèh paribasa sagalak-galakna maung tara ngaÂhakan kopèah, èh anakna.
Manusa? anu ku Allah dipapaÂrin akal, rasa welas asih, remen kacaritakeun nyiksa anakna, aya anu dipiceun mangsa keur orok kènèh, pèdah hasil tina anu teu halal, aya ogè anu geus mangsa rumaja kalahka dipergasa ku bapÂana, anudzubillah, summa naudÂzubillahimindzalik, nepi ka aya istilah cunak, nya incu nya anak.
Lamun geus kieu, taya bèÂdana pisan antara sato jeung manusa, jalma anu kaleungitan akal sèhatna, leungit rasa èrana kalakuanana teu bèda ti sato, tong boroning baturna, dalah anakna ogè pan dikaniaya.
Kasempetan tètèla teu datang ka unggal jalma, aya anu ku Allah dipaparin harta banda anu loba, pakayana bru di juru bro di panto ngalayah di tengah imah, sangkan ngalobakeun tutulung ka sasaÂmana, ngarèakeun sidekah atawa ngalaksanakeun rukun haji anu kalima pikeun “nyampurnakeun†rukun Islam tapi teu digunakeun.
Mangsa aya anu datang mènta sidekah nyebutkeun na tèh persaÂben keur kosong cenah, atawa waktu shalat Jumaahan disodorÂkeun koropak masjid, hayoh kaÂlah disurung ka tatangga shafna, dina sidèkahna ogè ukur dua rèbu pèrak bari duitna tèh ngaÂhaja dipilih anu pangkuleuheuna.
Rajeun aya mobil ukur dipaÂjang di hareupeun imahna, jaÂjauheun ngajak tatangga ngaji babarengan mah. Sakalina dipènÂtaan tulung nganteur ka rumah sakit ogè, loba alesan, anakna anu jadi supirna keur kurang sèhat, ah pokona mah, èstu ngan saukur jadi pajangan wungkul, pikeun naèkeun gèngsi.
Padahal apal pisan, ibadah tèh lain ngan saukur, shalat wunÂgkul jeung deui manusa anu muÂlya tèh nyaèta manusa anu loba gunana pikeun sabudeureunana. Boh ku amal ibadahna, daèk tutuÂlung ka nu butuh tatalang ka nu susah, ku tanaga jeung hartana.
Aya anu ku Allah dipaparin kasempetan waktu luang pikeun ngadeukeutkeun dirina ka AlÂlah, tapi kalah ngalalaworakeun, diantarana, ngudag dua puluh darajat, ku jalan shalat berjaÂmaah, ngeusian hirupna ku amal-amalan anu loba, diantarana nu geus purna bhakti tèa, tapi hare-harè baè, Magbrib ahir, Ashar tinggaleun, Isya di perjalanan kèÂnèh, Subuh kabeurangan, padaÂhal musholla jeung masjid nampo gigireun imahna.
Lamun geus dibèrè ujian, boh ku jalan gering, hartana bèak pikeun urusan dunya, kakara ceurik balilihan nyegruk di pangÂsujudan, ngadadak jadi jalma pangsolèhna.
Saur Ki Tatang tèa mah, lebar pisan mangsa boga kasempetan keur nulungan hèg teu dimangÂfaatkeun, bisi kasempetan èta teu datang deui. Tapi teu sakÂabèh kasempetan wajib digunakÂeun, utamana mah kasempetan pikeun ngagasab barang nagara, komo deui bari nènèangan sèla-sèla pikeun milampah gorèng mah.
Palebah dieu, teu lumaku mangpang-meungpeung, meungÂpeung keur boga kakawasaan, meungpeung keur ngajabat kènèh, nepi ka urusan aturan dikatukangkeun. Sabab, kakaÂwasaan mah aya waktuna, rèngsè mancèn kakawasaan jadi jalma biasa deui, curukna teu laku, omonganana teu diwaro.
“Kukituna meungpeung aya kasempetan pikeun milampah hade gunakeun saalus-alusna,†saur Ki Tatang. Sapuk !