Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
SALAH sahiji cara pikeun ngadeukeuÂtan jalma, manjangkeun babarayaan komo bari jeung aya anu dimaksud, boh su’al proyèk atawa naon waè, anu aya patalina jeung kamajuan usaha, salian ti maèn golf, nguseup babarengan, geus jadi kailaharan sok diajakan dahar, boh dahar beurang anu disebut lunch tèa, atawa dahar peuting (dinner).
Bangsa deungeun mah lolobana tèh leuwih resepeun dahar peuting, sabab saentas dahar peuting bis diÂtuluykeun ku acara sèjènna kayaning dansa, nongton, atawa sakumaha paÂnyatujuan duanana. Jigana di urang ogè di kota gèdè mah teu jauh ti kitu, boa kètang budaya kawas kitu tèh geus ngaranjah ka kota-kota leutik.
Anu pangumumna, dina olahraga mah, maèn golf, sabab lolobana, para pangusaha leuwih resepen olah ieu, sigana tèh, golf mah bisa disebutkeun olahraga anu baleunghar. Saenyana tatèh, salian ti harga parabotanana jut-jutan, malah nepi ka puluhan juta, nyèwa tempat keur maènna, jadi anggota kleub ogè, kudu mayar caddy.
Tukang mamawa parabotan, ngaÂlayanan anu keur maèn golf, salian ti ngarora jeung gareulis tèh, pakèaÂnana pungsat deuih. Bisa jadi pikeun anu resep nempoan kaèndahan boh alam, atawa nu sèjènna, maèn golf jadi salah sahiji pilihan utama. SanaÂjan teu sakabèhna kitu.
Numatak basa aya salah sahiji buÂpati rèk ngeureunan karesepna maèn golf aya nu nganaha-naha malah manghanjalkeun tur nyaram sagala. Sabab golf dipercaya bisa jadi cara anu effektif. Kitu tèa mah pantes, da moal bakal aya tukang ojèg atawa tuÂkang ngaborong kalapa anu maraèn golf. Pastina ogè jalma-jalma gedè, para pajabat, pangusaha anu laloba duitna.
Cara sèjènna nyaèta dahar bareng tèa. dina riungan dahar, boh dina meja dahar atawa bari andiprek, jaman ayÂeuna mah ilahar disebut lèsèhan tèa, sakapeung mah sok poho. Kulantaran kadaharan anu dipikahayangna tèh tempat rada jauh, da mèjana lega sarÂta ku hayang-hayangna ngasaan anu disadiakeun, dina ngarongkongna tèh sakapeung mah kèlèk tèh nutupan daÂhareun anu sèjèn.
Padahal cara kitu tèh teu saluyu sareng dawuhan Kangjeng Rosul, saÂkumaha anu ku diriwayatkeun dari Umar abi Salamah ra.
“Kuring tèh salah saurang budak lalaki anu diasuh ku Kangjeng Rosul, geus jadi kabiasaan lamun dahar lengeun tèh ngopèpang kamana-mana, nyokotan sakabèh dahareun anu dipidangkeun dina mèja di haÂreupeun kuring. Tah waktos ningali kitu, Kangjeng Rosul ngadawuh ka kuring. Anu eusina tèh miwarang ngaÂmimitian ku nyebut nami Gusti Allah, dahar ku leungeun katuhu sarta nu pangdeukeutna jeung diri kuring.â€
Salian ti èta, dina muterkeun boh kadaharan atawa inumeun alusÂnamah ka Beulah katuhu heula, saÂkumaha diriwayatkeun ku Anas bin Malik ti Al Zuhri.
Hiji waktu nalika aya anu mangÂmereskeun susu biri-biri kanggo Kangjeng Rosul anu waktos harita mantenna di rorompok kuring. Susu èta tèh kacampur jeung cai sumur., saterasns dipasihkeun ka Kangjeng Rosul, legu wèh dileueut.
Disapalih kiwa anjeunna Abu BaÂkar, dipalih katuhuna aya urang badui. Sawaktos Kangjeng Rosul nurunkeun gelas tina lambeyna, sayidina Umar ngaraos hariwang upami Kangjeng Rosul masihkeun susu èta ka urang badui. Anjeunna gancang sasaur : Ya Rosul, pasihkeun ka Abu Bakar anu calik di sapaliheun anjeun.â€
Tapi Kangjeng Rosul kalah masihÂkeun ka urang Badui anu calik disapaÂlih katuhu anjeunna bari ngadawuh :“Anjeun kudu ngamimitian ti jalma anu diuk dibeulah katuhu anjeun.â€
“Pan sakapeung mah urang tèh kulantaran ka gegedèn atawa inoÂhong, sok miheulakeun aranjeunana sanajan diukna di hareupeun atawa di Beulah kènca urangnya. Kitu ogè sawaktu dahar sakapeung mah ngaÂrongkong anu jauh bari teu malirè anu deukeut.†saur Ki Madi ka Ujang Kèmèd.
“Ih, abdi mah henteu kitu ieuh, Ki buktosna dina gaplèh muterna ka beulah katuhu.â€
“Ari, siaaa, urusan agama disaÂmarutkeun jeung nu kararitu patÂutnya,†ceuk Ki Madi bari molotot. Jadi sagalana ogè kudu merenah jeung maranti dina tempat jeung waktuna. (*)