Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

DUA sobat dalit, Acun jeung Abon, keur gunem catur di sisi Situ Cikarèt anu sababaraha bu­lan kaliwat dipelakan lauk, dina raraga pangbukaan Lomba Da­yung tingkat Kabupatèn Bogor. Kagiatan èta saur Kang Deden Sukma mah salah sahiji cara dina sidekah bumi.

Lantaran ngarasa lapar tas ant­ri mayar pajeg motor di Samsat Cib­inong, nya duanana tèh milih dahar sisi sètu, pasti rasana sok rada bèda, ceuk pamikiran duanana.

“Genep puluh dalapan taun kaliwat, tegesna dina antara taun 1948 jeung 49, kaayaan Kabupatèn Bogor pastina teu kawas ayeuna. Harita mah masih kènèh luwang-liwung, leuweung geledegan, pas­tina ogè tacan aya listrik komo di wewengkon Kulon mah, pan ayeuna ogè loba kènèh tangkal pinus, karèt jeung sabagèan jalan­na ruksak tur simpè,”ceuk Acun muka caritaan sabot ngadagoan pesenan kadaharanna datang.

“Enya jigana mah anu dipakè nyaangan imah tèh ukur lampu cempor minyak lantung. Pareng rèk iinditan peuting kudu mawa obor karari, saoborna lamun di­hurungkeun paling lila ukur dua puluh menitan, jadi lamun in­dit jauh mah, kudu mawa rada loba,”Abon mairan.

“Tah lamun nyaritakeun obor karari, kuring jadi inget carita ahèng mangsa keur sakola di lem­bur. Uwa pameget kènging wartos apana pupus wengi èta. Mangka anggangna ti bumi ua pameget ka bumi sepuhna tèh aya kana tilu puluh kilo meterna, ngali­watan leuweung karèt sagala. Sigana lamun di Bogor mah ti Dramaga ka Leuwiliang tah, bekel oborna ogè kudu aya kana dua puluhna,”ceuk Acun. Komo pan jalanna ogè nanjak mudun bari garowès, can aya ojèg harita mah.

Baca Juga :  Depok Diterjang Hujan Deras dan Angin Puting Beliung, 622 Gardu PT PLN Rusak

“Terus kumaha tah?”

“Uwa pamget mung nyan­dak obor karari hiji, puguh rada anèh,” ceuk Acun. Bari nyarita­keun yèn basa rèk mangkatna tèh tetenjrag bumi tilu kali, les wè leungit siga aya nu mawa. Harita mah teu ngarti, naha ua pameget bisa leungit, hiber kitu.

“Sigana kajadian mapay-mapay leuweung geledegan bari tengah peuting dina kaayaan poèk mongklèng butarajin ogè kaalaman ku Bupati Bogor anu munggaran, Bapa Ipik Ganda­mana nya,”ceuk Abon.

“Ari kitu, kumaha tah?”

Barabat Abon ngadongèng­keun lalakon Bupati Ipik anu harita masih kènèh nyangking kalungguhan jadi Patih (Sekda ayeuna mah).Lantaran embung diajak gawè bareng ku Walanda, Ipik leuwih milih mindahkeun pamarèntahan ka Kampung Malasari Kacataman Nanggung, anu kayaan ( ayeuna) masih kènèh leuweung jeung kudu ngaliwatan leuweung pinus jeung karèt.

Ipik jeung rombongan pamarèntahan anu dibawana, nganjrek di Kampung Malasari nyicingan imah panggung, bari daharna saaya-aya pisan. Kaben­eran mantenna tèh resep pisan kana tutut. Mangsa Ipik diangkat jadi Bupati anu jadi patihna tèh nyaèta R.E. Abdulllah anu nam­ina dijadikeun ngaran jalan di wewengkon Gunung Batu.

Bupati Ipik saterusna di­angkat jadi Gubernur Jawa Barat sarta jadi Menteri Dalam Negeri, bari kasedepna teu robah angger wè tutut. Pusat Pamarèntahan Kabupatèn Bogor, satuluyna dip­indahkeun deui ka Jalan Veteran 127 di sagigireun BTM, sarta asup di wewengkon Kota Bogor.

Baca Juga :  3 Buah Warung di Bogor Ludes Dilalap Si Jago Merah

Mendagri jaman harita marèn­tahkeun sangkan puseur pamarèn­tahan Kabupatèn Bogor dipindah­keun ka wewengkon kabupatèn. Aya sababarahan pilihan dianta­rana di Kacamatan Ciawi, Leuwil­iang, Parung jeung Desa Tengah, Kacamatan Cibinong. Tadina rèk di Desa Rancamaya Kacamatan Ciawi, tapi deukeut teuing jeung pamarèntahan Kota Bogor. Kabèh­dieunakeun kabuktian, dina mang­sa pamekaran, sabagèan weweng­kon Kacamatan Ciawi diantarana Rancamaya asup ka Kota Bogor.

Dina Sidang Pleno DPRD Ka­bupaten Bogor taun 1980, ahirna ditetepkeun Desa Tengah Ka­camatan Cibinong, anu dipilih sarta satuluyna di usulkeun ka Pamarèntah Puseur sarta kaluar Peraturan Pemerintah (PP) No­mer 6 taun 1982.

Bupati anu mimiti marèntah di Cibinong nyaèta Kolonel Czi. Soedardjat Nataatmadja (Kang Adjat), taun 1985 nepi ka taun 1989 (rengsè diwangun), Eddy Yoso Martdipoera, Agus Utara Effendi, Rachmat Yasin jeung nu ayeuna Nurhayanti.

“Ari nami Ipik kunaon taya raratanna nya. Asa taya ngaran ja­lan di Bogor anu nganggo nami an­jeunna,’’ Acun bangun nu hèran.

“Puguh ogè kitu, tong boron­ing ngaran jalan dalah stadion anu anyar ogè teu make ngaran Ipik Gandamana,” Abon mani tatag. Beuh aya ku harianeun nya !!!