Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

BUDAYA disiplin anu pangkaci­rina nya sawaktu keur di jalan aspal hideung (jalan raya) malah ceuk salah saurang ahli sosial bu­daya, lamun hayang nempo hiji kota disiplin atawa henteu dina ngalarapkeun aturan, bisa dital­ingakeun sawaktu masarakatna ngagunakeun kandaraan. Kuma­ha pangna kitu? Saur anjeunna tartib lalintas raket patalina jeung kasalametan diri, boh dirina ata­wa nu lian.

“Lamun disiplin dina lalu lin­tas waé anu aya patalina jeung kasalametan kacida goréngna, komo nu lian. Misalna lamun tas busiat atawa kahampangan tara dibanjur,”tegesna. Bisa jadi tah, sabab urusan jeung cilaka ogé geus lalawora, komo kawajiban séjén utamana lima waktu, ka­wasna téh didagoan pangahirna. Sagalana kago ku pagawéan. Dina urusan ieu, lamun téa ceuk ahli social budaya bener, bisa jadi sabagéan gedé masarakat Bogor goréng pisan.

Buktina pareng urang cicing di Lampu Beureum boh anu di Jalan Pajajaran deukeut hotel anu ka Jalan Kumbang, Jalan Bang­barung jeung di Warung Jambu, sakabéhna ngaliwatan garis anu dtetepkeun. Kitu ogé di Pertelon Jalan Darul Qur’a boh anu di Loji atawa anu hareupeun RSUD, si­gana téh sakabéhna bangun anu teu sabar hayang norobos jalan, bari lampuna katempo beureum kénéh.

Harianeun dina panto lawa­ng karéta api mah geus teu bisa dicaturkeun deui. Jalan pikeun liwat anu ti beulah hareup, beak katutup ku motor. Hiji waktu mah mani reuwas, basa aya ang­kot kudu mundur deui sabab aya karéta anu rék léwat, sawatara jalanna ka tutup. Kajadian kadua mangsa mobil boks teu bisa li­wat sedengkeun di tukangeunna ngantri motor bari karéta geus deukeut pisan. Aya untungna can kajadian, tapi lamun kitu waé, ja­lan pikeun kandaraan hareu katu­tupan, teu munasabah bakal aya kajadian anu teu diharepkeun.

BACA JUGA :  Hilangkan Kerutan dan Wajah Kendur, Wajah Kencang Bebas Noda Hitam Hanya dengan Jeruk Nipis, Ini Dia Caranya

Conto lain sawaktu sore maju ka peuting (anggepanna polisi geus arang) loba pisan nu maraké motor teu ngagunakeun helm, bari tiluan sarta nu mawana bo­lon kénéh, dipastikeun can bo­gaeun SIM. Nu kitu téh ayana di unggal tempat, harianeun ti beu­lah Cibanteng ka Jasingakeun, Parung- Ranca Bungur, Cisarua nepi ka Sukamakmur, Jonggol ogé sarua.

Ieu mah di tengah kota ogé pa teu kurang, mawa motorna téh ngajago deuih, gas digerung-gerung tuluy diajolkeun. Pada­hal pentingna make helm lain ngan saukur nyinglarkeun tina tilang polisi wungkul, saujratna ngajaga kasalametan. Sabab di antara anggota awak anu kudu ditangtayungan nya sirah atawa mastaka.

Kunaon pangna kitu? Bisa jadi salah sahiji alesanna kurang kasa­daran atawa dicontoan goréng ku kolotna. Kamari basa rék ka pasar di Jalan anu ka Jambatan Mérahkeun, kurang leuwih jam dua beurang, aya hiji kolot, sir­ahna rada botak, buukna geus bodas ukur di topi wungkul ny­emprung di tengah jalan. Pana­saran naha mawa helm henteu? Tétéla helmna mah aya ngan teu dipaké. Kumaha lamun kapang­gih jeung anak incuna, mangsa nempo bapa atawa akina mawa motor bari jeung teu make helm.

BACA JUGA :  Bejat, Ayah Perkosa Anak Kandung di Serang hingga Hamil dan Melahirkan

Ceuk tiori, jumlah waktu anu dibéakeun ku budak sakola leu­wih loba di imah tibatan di sakola, sarta conto anu panggampangna ditiron lamun lain ti kolotna ogé ti kulawarga anu séjén. Balik deui kana sikep pangguna jalan, anu ngarumpak aturan lalulintas utamana di panyetopan, kuduna mah aya sikep anu teges ti aparat. Meungpeung can aya korban.

Sabab lamun geus aya kor­banb kakara aya tindakan mah dianggap geus leuir atawa telat. Meureun sigana lamun nempat­keun patugas kapolisian sarta mere tindakan anu teges, sigana nu samodél kitu téh bakal ngu­rangan. Ogé nu paling penting kumaha ngaronjatkeun kasada­ran sarta disiplin, saba disiplin téh salah sahiji sikep anu kacida pentingna dina ngamajukeun nagara.

Lamun sakabéhna teu disip­lin atawa kurang disiplin dina sa­galana, kamajuan pangwangunan bakal kaganjel, sarta waragadna bakal leuwih gedé. Kukituna per­lu gawé bareng ti sakabéhna dina ngawangun generasi anu bakal datang (nu ayeuna mah geus hésé dirobahna, adat kakurung ku iga) sangkal mibanda sikep anu diharepkeun ku urang saréréa. Yu ah urang benahan ku urang saréréa !

============================================================
============================================================
============================================================