Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

MUSEUM Perjoangan Bogor (MPB) anu pernahna di Jalan Merdèka Nomer 58 Kota Bogor, di wangun di luhureun taneuh anu legana kurang leuwih 650 mèter ieu, mibanda sajarah anu kacida panjangna. Baheu­lana Jalan Merdèka tèh ngaranna Jalan Cikeumeuh nomer 28. An­tara taun 1879 nepi ka taun 1967, sarta kabèhdieunakeun robah jadi jalan Merdèka.

Tangtuna aya kasangtukangna pangna di ngaranan Mu­seum Perjoangan Bogor tĕh. Dumasar kana catetan anu aya, MPB diadegkeun dina bulan juli 1879, wangunan ieu bogana Wil­hem Gustaf Wissler, urang Wa­landa tur harita mah dijadikeun gudang panyimpenan barang. Teuing geus sabaraha kali ganti nu bogana, nu jelas di hareupeun ge­dong ieu baheulana aya kuburan Walanda, anu ayeuna paenteung eunteung jeung Merdèka Mall. Dina awal Juni 1938, gedong ieu kungsi dijadikeun kantor Per­saudaraan Parindra Cabang Bo­gor, anu mangrupa kantor bank simpen pinjem jeung kagiatan lianna.

Samangsa Jepang ngawasaan nagara urang, tegesna dina tanggal 9 Maret 1942, gedong ieu dijadikeun gu­dang ku tentara Dai Nippon. Tah ti saprak 1945, gedong ieu di­gunakeun pikeun kagiatan-kagia­tan kantor Komite Nasional, BP 3 sarta markas perjuangan Kota jeung Kabupatèn Bogor ogè Kan­tor Perjuangan Karesidènan Bo­gor, sarta laskar rahayat Bambu Runcing ku para pemuda.

Kulantaran pihak Walan­da jeung Inggris terus-terusan ngadesek perjuangan bangsa urang, dina tanggal 13 Februari 1946, gedong ieu kapaksa diting­galkeun ku para perintis per­juangan. sarata antara 1948 nepi ka taun 1949 digunakeun pikeun kagiatan gabungan Serikat Selu­ruh Indonèsia, anu dipingpin ku Priyatna. Saentas perang campuh antara Tentara Nasional Indonè­sia ngalawan Walanda dibèwara­keun, gedong ieu ditetepkeun jadi kantor Pamarĕntahan Darurat Kabupatĕn Bogor jeung KMDJ lil­ana kurang leuwih 3 taun. Dina taun 1950-an, kalayan saran ti Mayor Usman Abdullah kungsi dijadikeun sakola rahayat nomer 34, nyaèta sakola husus pikeun anak-anak tentara, satuluyna di­buka pikeun umum. Dina tanggal 16 Dèsember 1953, gedong anu dipibanda ku Umar bin Albaha­wab ieu, dihibahkeun ka Yayasan Museum Perjoangan Bogor.

BACA JUGA :  Resep Membuat Rendang Ayam Tanpa Santan yang Lezat dan Bikin Ketagihan Keluarga

Satuluyna, para pamingpin Perjuangan Kamerdèkaan 17 agus­tus 1945 di Karesidènan Bogor, kempel di bumina Bupati Bogor mangsa harita, R.E. Abdullah di Jalan Panaragan No. 31 pikeun nyawalakeun tur hasilna netep­keun gedong di Jalan Cikeumeuh nomer 28, jadi Gedong Monumèn Nasional, nyaèta Museum Per­joangan Bogor, ogè mangrupa museum perjoangan pangheu­lana sa-Nusantara.

MPB ieu dibuka ku ibu Kar­tina Muslihat, garwana almarhum Kaptĕn Tubagus Muslihat, tabuh 8 enjing, ping 10 November 1958, diprakrasaan ku Mayor Ishak Djuarsa, sarta diresmikeun ku Kolonèl R.A. Kosasih harita nyangking kalungguhan Panglima Teritoritorial III Siliwangi.

Saentas maca sababaraha do­kumèn anu aya, Komandan Ko­rèm 061 Surya Kancana, Mayor Oyik Suroto, dina Surat Parèn­tahana nomer 663/VIII/1981/ ngeunaan pembentukan pengu­rus Yayasan Museum Perjoangan Bogor. Di MPB ieu disimpen rupa-rupa barang-barang perjoangan, ti sababaraha para pejoang anu geus ngorbankeun harta banda jeung ragana pikeun ngamèrdèkakeun bangsa Indonèsia, diantarana raksukan Kaptèn Muslihat, raksu­kan sababaraha pejoang sèjènna, korsi paragi ngahukuman bangsa urang, jeung rèa-rèa deui.

BACA JUGA :  Kcewa dengan Wasit, STY Sebut Laga Timnas Indonesia vs Qatar Seperti PertunjukanKomedi

Kayaan MPB ayeuna keur tunggara alias pikahariwangeun, luhurna bocor sarta caina ning­gang lomari tempat panyimpanan barang-barang anu mibanda nilèy kasajarahan. Ogè nu jagana mun teu salah geus lila teu meunang honor anu gedèna teu sabaraha.

Salian ti sababaraha bagèan wangunanna geus loba nu ruk­sak, museum ieu teu boga tempat pikeun parkir. Puguh perlu perha­tian anu daria ti pihak pamarèn­tahan satemapt, lain ngan saukur pinter basilat lètah. Di jero muse­um ieu disimpen barang-barang anu mibanda sajarah tur nu bo­gana tèh pan pahlawan bangsa anu nandonkeun nyawa pikeun kamerdèkaan bangsa ieu.

Naha urang anu harirup ay­euna tur bisa ngarasakeun kuma­ha ni’matna hirup di alam ka­merdèkaan teu èro nempo kana kaayaan samodèl kitu? Lamun enya embung merhatikeun hayu ah, urang kumpulkeun duit sarè­bu saurangna salila sabulan. La­mun tèa mah istiqomah tina 500 rèbu urang kali Rp 30 rèbu, meu­reun bakal kumpul duit sakurang­na Rp 15 milyar. Maenya teu cuk­up pikeun ngahadèan gedong anu ruksak mah nya. Der ah !

============================================================
============================================================
============================================================