Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
NGARAN Juanda atawa Ir. Haji Juanda, pastina geus teu bireuk deui, jadi ngaran jalan utama boh di kota-kota gedè, kota sedÂeng atawa kota leutik. Di Kota Bogor, Jalan Juanda mangrupa jalan protocol nyambung ti Jalan Jendral Sudirman nepi ka Jalan Siliwangi. Nu jadi patanyaan saha Ir. Haji Juanda, urang mana jeung kumaha ketak atawa perjoanÂganna, nepi ka dijadikeun ngaran jalan di mana-mana.
Nitènan kadinya pastina lain jalma sagawayah, pasrina ogè geus kacatet jadi pahlawan nasiÂonal. Sabab lamun ngan saukur pahlawan daèrah, ayana ngan saukur di kota èta wungkul, kaÂwas Kapten Muslihat, Dasuki Bakri, Saptaji jrrd. Numutkeun catetan, Ir. Haji Juanda lengkepna Ir. Haji Juanda Kartawidjaya, dilaÂhirkeun di Tasikmalaya dina tangÂgal 14 Januari 1911, lulusan TechÂnise Hogeschool (Sakola Tinggi Teknik) anu ayeuna jadi Institut Teknologi Bandung (ITB).
Karirna di widang potitik kawilang nyongcolang, kungsi sababaraha kali jadi Menteri diÂantarana Menteri Perhubungan, Pengairan, Kemakmuran keuanÂgan jeung Pertahanan di jaman Presiden Soekarno. Salah sahiji sikepna anu kawilang teuneung mangsa merhatikeun yèn wates wewengkon teritorial ngan sauÂkur 3 mil anu diukur tina sisi baÂsisier laut anu pangdèètna. LanÂtaran nagara Indonesia nagara kapuloan, pulo-pulo anu aya di Nusantara anu asup kana NagaÂra Kesatuan Republik Indonesi (NKRI) dipisahkeun ku wates laut Internasional.
Lamun nagara-nagara nu lian, kawas Amerika, Australia boga kapentingan pikeun ngajorag nagara Indonesia, gampang pisan nyulusup asup sarta cicing dina wates laut Internasional. Kayaan kitu geus pasti kacida ngabahayÂakeun kadaulatan nagara urang, ceuk pamikiran Perdana Menteri Juanda. Juanda anu harita nyangÂking jadi Pedana Menteri kalayan teuneung ludeung ngalawan nagara-nagara maju sarta nyieun Deklarasi Juanda anu dibèwaraÂkeun ka dunya luar dina tanggal 13 Desember 1957.
Deklarasi Juanda ieu negeskeun yèn saukur wahanÂgan jeung laut (perairan) anu aya di sakuriling bungking sarta ngahijikeun pulo-pulo anu asup kana wewengkon daratan atawa lemah cai Republik Indonesia, kalayan henteu nempo legana, sakabèhna mangrupa bagèan ti Nagara Republik Indonesia. SakÂabèhna èta mangrupa bagèan tina bagèan perairan pedalaman jeung peairan national, lain interÂnasional.
Deklarasi ogè negeskeun yèn panangtuan wates laut anu ngan saukur 12 Mil salumaÂha hukum laut Internasional nyaèta Territoriale Zee MariÂtiem Kringen Ordonantie bakal diatur deui ku undang-undang. Kaputusan ieu geus pasti meuÂnang hahalang ti Amerika jeung Australia. Perjoangan Juanda ieu ahirna diteruskeun ku Prof. Muchtar Kusumaatmadja jeung Prof. Dr. Hasyim Djalal ngaliÂwatan jalan diplomasi anu teu eureun- eureun.
Konsep Nagara Nusantara ieu ahirna bisa ditarima sarta ditetepÂkeun dina Konvensi Hukum Laut PBB, United Nation Convention on Law of The Sea (UNCLOS) dina taun 1982. Ku ayana kaputusan ieu, nagara Indonesia jadi nagara maritim panggedèna sa-dunya sarta mibanda wewengkon laut anu legana kurang leuwih 5,8 juta KM2 sarta tilu parapet tina lega sakabèhna.
Di jero wewengkon ieu, aya sakurangna 17 500 pulo sarta panjang basisirna 61.00 KM, noÂmer dua saentas Kanada. DeklrÂarasi Juanda ieu mibanda panÂgaruh anu kawilang luarbiasa kana geo politik jeung kaayaan strategis pikeun kasatuan jeung persatuan sarta kamajuan IndoÂnesia. Deklarasi Juanda ogè bisa disebutkeun tihang utama dina wangunan NKRI. Ir. H. Juanda ogè abdi nagara jeung abdi masaraÂkat, anjeunna PNS anu pantes diÂjadikeun conto. Ti saprak lulus ti ITB taun 1933, Juanda leuwih milÂih jadi guru di SMA MuhammadiÂyah Jakart kalayan gajih saayana. Kurang leuwih opat taun Juanda gawè di pamarèntahan, tegesna di Jawatan Irigasi Jawa Barat, salian ti èta ogè aktif jadi anggota Dewan Daerah Jakarta.
Juanda kungsi ngageunÂjleungkeun Pamarèntahan JeÂpang, basa dina 28 September 1945 mingpin para pamuda ngarebut Jawatan Kareta Api dituÂluykeun ku ngarebut Jawatan PerÂtambangan Kutapraja. KaresideÂnan sarta obyèk-obyèk militer di Gudang Kidul Bandung. Teu lila ku Pamarèntahan RI, Juanda diÂangkat jadi Kepala Jawatan KareÂta Api Jawa Madura, jadi menÂteri Perhubungan ogè ngajabat Menteri Pengairan, Kemakmuran Keuangan sarta Pertahaan. Loba kènèh. Sanajan loba pisan jasana, teu loba buku anu nyaritakeun perjuangan Juanda Kartawidjaya.
(ti sababaraha sumber)