Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

Di majlis ta’lim anu keur mièling Isro Mi’raj, Ustad Soleh, ulama moyan urang Jasinga, ngomat-ngomatan ka jamaah nu haladir, utamana kaum ibu sang­kan waspada kana kaayaan jaman kiwari, kusabab dosa di jaman ay­euna lir hujan nu ngagebret, bisa asup ka jero imah kalayan laluasa. Numutkeun Ustad, kunaon pangna disebut hujan ngagebrèt.

“Di palataran atawa buruan anu negla sarta katempo ku saha waè anu ngaliwat, ibu-ibu keur sarenam bari pakèanana èstun­ing matak hookeun nu nempo, sawatara bapa-bapana buni pisan,” saur Ustad.

Dina angkot, di jalan raya, di stasiun, di terminal, di pasar, enya sirahna mah ditutupan buni pisan, ngan èta pakèanna mani nyitak awak, komo palebah anu sakudu­na dibunikeun, bangun nu ngahaja ditèmbongkeun, dijiplakeun pisan kana awakna. Pakèan anu kitu sanajan katempona siga Islam, pè­dah buukna dituruban, teu Islami.

Sabab bisa ngahudangkeun nafsu nu nempona. Kadituna, la­mun anu imanna kurang kuat, bakal migawè hal-hal anu ngaru­gikeun boh pikeun dirina atawa nu ngumbar oratna. Padahal siksa peurih bakal ngadagoan di naraka ka jalma-jalma anu resep pisan mi­lampah anu kararitu. Komo deui panerangan ngeunaan èta geus tepi ka dirina, tapi henteu pisan dipalirè.

Dina media sosial jaman ay­euna, loba jalma ngahaja ngasup­keun gambar-gambar jeung film porno, sangkan ditempo. Padahal anu ulin facebook, twitter, insta­gram jeung medsos lianna lain nu darèwasa wungkul, tapi budak anu can cukup umur ogè aya. Teu anèh lamun loba budak satepak anu mibanda kalakuan anèh-anèh sarta geus loba nu milampah pagawèan teu parok jeung baru­dak saumurna. Sawatara indung bapana sibuk, nèangan nafkah pikeun nyukupan kabutuhan ku­lawargana.

Baca Juga :  Depok Diterjang Hujan Deras dan Angin Puting Beliung, 622 Gardu PT PLN Rusak

“Enya urusan sandang jeung pangan mah kacukupan tapi uru­san eusi kalbu jeung ahlakna tinggaleun pisan, kosong siga ken­tongan. Padahal duanana ogè pent­ing, malah penting kènèh ngariksa jeung ngaraksa hate,”pokna daria pisan. Kumaha generasi panerus kahareupna jeung kumaha nasib bangsa ieu kahareupna, lamun para pamuda jeung pamudina teu ngajaga hatèna? Ustad Solèh satengah nanya ka nu aya di majlis ta’lim.

Komo deui ayeuna mah aya artis awèwè anu bangun ngaha­jakeun nèmbong-nèmbongkeun orat, ngaganti calana jèro di kolam renang. Teuing kumaha pikiranna, pan ceuk manèhna sorangan diri­na tèh bogaeun anak. Kumaha rèk jadi conto anu alus atuh.

Nu matak ngahariwangkeun deui, ampir sakabèh handphone ayeuna aya aplikasi anu bisa ngan­jang ka tempat èta. Jadi dihariwan­gkeun pisan, mangsa budak keur sorangan di jero kamarna mukaan nu kararitu, sarta nurutan kajadian dina situs atawa media sosial èta.

“Tah anu rada ahèng mangsa ningali nini-nini anu beberenjèn. Rarasaanna mah meureun ngora kènèh. Awak geus bayuhyuh, kulit geus kalalendor ari dangdan siga abègè pisan. Makè baju training anu rapet jeung awak, kaluhurna make kaos lèkbong you can see tèa, atuh jadi piomongeun anu kabeneran nempo manèhna. Tah nu model kieu sigana korban mo­deu,” saur Ustad Solèh deui. Kitu ogè nu ngantepkeun buuk bodas­na sina ngarewig jiga jurig, mani asa teu pantes pisan nempona tèh.

Baca Juga :  DPRD Kota Bogor Dengar Curhat Warga Selama Reses

Kolot lalakina ogè, lamun geus umurna tunggang gunung, geus kudu loba tadabur, tafakur di jero masjid, teu ninggalkeun shalat berjamaah, malah mun kuat mah ngalakonan puasa Senen-Kemis, sapopoèna ngajaga wudu, ambèh mangsa malaikat maot datang dina kaayaan siap pisan. Sabab maot mah datangna tara bèbèja heula, siap teu siap kudu siap.

“Ieu mah buuk geus dua warna masih kènèh resep asup cafè ngadon dugem, nèangan nu gareulis barudak anu sapantesna jadi incuna, majarkeun tèh obat awèt ngora. Adzubilah summa nauduzubilahimindzalik,”Ustad Solèh bari bibirigidigan. Ibu-Ibu anu umumna geus karolot umur­na, miluan istigfar.

“Tah urang mah geus karolot, kudu geus ngukur diri ngarampa awak. Dangdan jeung kalakuan tèh kudu saluyu jeung umur, ulah pakia-kia.Tegesna urang mah kudu geus ngaji diri jeung ngariksa naha pantes migawè anu kararitu tèh?”pokna daria pisan. (*)