Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
PIKEUN sabagèan sèkèsèlèr Sunda anu kacida “muhitâ€na ka Prabu Siliwangi, aya kayakinan anu kuat yèn Eyang Prabu bakal datang deui ngalanglang anak incuna atawa turunanna anu hade kalakuanna sarta rancagè hatèna, sakumaha anu ditulis dina wangsit.
Kayakinan samodèl kitu pasÂtina aya sanajan nyamuni atawa heunteu pati nembrak, utamana anu nepi ka kiwari masih kènèh ngalaksanakeun komunikasi, Malah teu saeutik anu ngaku bisa “ngobrol†langsung jeung Eyang ku media husus, sarta ukur katepi ku jalma-jalmanu mèmang boga èlmu linuwih. Puguh wè ku uteuk jeung pangabisa kuring mah teu katepi.
Tah ngeunaan Prabu SiliwanÂgi ieu, aya rupa-rupa pamadegan. Aya ogè anu nyebutkeun yèn SiliÂwangi tèh gelar atawa sesebutan pikeun raja-raja di Tatar PasunÂdan anu mibanda kaahlian atawa sifat husus mangsa keur marènÂtah. Sakurangna pasti Maharaja, kadituna meureun wijaksana, weruh sadurung winarah sarta kahèbatan lianna.
Ceunah Sri Baduga Maharaja anu marèntah Karajaan Sunda Galuh (Pakuan Pajajaran) manÂgrupa Prabu Siliwangi anu ka 7, ku kutuna raja-raja samèmèhna ogè meunang kapangkatan Prabu Siliwangi, sakurangna aya kana genep urangna.
Salian ti èta aya ogè anu nyariÂtakeun yèn Prabu Siliwangi anu dimaksud ukur “ragrag†pikeun Sri Baduga Maharaja, sabab MaÂharaja Wastu Kancana (akina) kenging gelar Prabu Wangi, serta Rahyang Dewa Niskala (apana ) kenging jujuluk Prabu WangisuÂtah (sutah :anak) sedengkeun Siliwangi (silih/sili :gaganti), ngan saukur pikeun Sri Baduga anu sagalana nyeples pisan akina, Wastu Kancana, boh dina cara marèntah, dedegan, kasaktian, kawijaksanaan dina mutuskeun urusana karajaan.
Digambarkeun mangsa Prabu Wastu Kancana marèntah karaÂjaan Sunda Galuh anu harita puraÂsabana di Kawali Ciamis, karajaan ieu ngalaman gemuh, sugih palaÂmaarta, gemah ripah loh jinawi. Kitu ogè salila Sri Baduga marènÂtah salila 39 taun (1482-1521 MaseÂhi), anu disebut Prabu Siliwangi sakumaha dicaritakeun ku PanÂgeran Wangsakerta:
“Kawahnya ta twang sunda lawan ikkawang Carbon mwang sakweh ira wwang jawa kulwan anunyebuta prhabu siliwangi raja pajajaran danyk du ngaran swarÂga niraâ€
(Ngan urang Sunda di CireÂbon jeung Jawa Barat, anu nyebut Pabu Siliwangi Raja Pajajaan jadi lain ngaran pribadina (sabenÂerna). Hal ieu ogè dijèntrèkeun dina Pustka Rayja Bhumi NusanÂtara parwa II sarga 2 anu ditulis dinataun 1695 anu eusina;
Ikang sayup tinya hana raja sunda ngaran siliwangi, kawalya janapadarat bhumi sunda anyebut prabu siliwangi.
Saterusna dina Pustaka NagÂara Kertabhumi parwa I sarga 4 taun 1695 kaca 51: Rahyang Dewa Niskala manak ta Sryri baduga maharaja pajajaran kang amituhu wwang sunda sinebut prabu siliÂwangi.
Jadi lamun dina katerangan di luhur, jelas anu disebut Prabu SiliÂwangi yèh taya deui iwal ti Sri BaÂduga Maharaja. Tapi lamun nginÂgetan “wangsit Prabu Siliwangi†anu rèk ninggalkeun rahayatna kusabab kaayaan Pajajaran keur dijorag ku musuh anu diantarana nyebutkeun ulah pipilueun sangÂsara, anu dimaksud Siliwangi di dinya geus pasti lain Sri Baduga bisa jadi Ragamulya (Nusamulya) Surya Kancana. Sabab kaayaan nagara mangsa ditinggalkeun ku Prabu Sliwangi Sri Baduga mah pan keur gemuh, sepi maling toÂwong rampog, gemah ripah rèÂpèh rapih.
Kitu ogè urusan ngahyang (ngaleungitkeun) karaton, teu beunang ditarjamahkeun ku basa saklek, sabab Prabu Surawisesa anu nuluykeun karajaan Sunda Galuh, tempatna di karaton èta kènèh beunang nyieun MahaÂraja Tarusbawa anu dijiadan ku Bujangga Sedamanah beunang nyampurnakeun Prabu Guru Darmasiksa dina taun 1187 Masehi saluyu dina Koropak 406 Carita Parahyangan.
Memeh angkat ti Pakwan ngaÂdegkeun premana di saung galah, rakeyan darmasiksa ti inyana ka pakwan. Datang ka pakwan mangadeg ka kadatwan Sri Bima Punta Narayana Madura SuraÂdipati anggeus ta pahi dieusian kurut Sri Parasela para sanghyÂang ti beh kidul wetan tina para pasela Parahyangan ku rakeyan darmasisa ti inyanna di beulah kabuatan..
Leungit di dieu, bisa jadi leungit komara jeung wibawana, sabab saentas tiwas? ngahyang? Karajaan Sunda Galuh meunang ujian anu luarbiasa. Prabu SuraÂwisesa teu bisa neruskeun kajaayÂaan bapana, kitu ogè raja saentasÂna ti mimiti, Ratu Sakti, Ratu Dewata, Nilakendra nepi NusiamÂulya atawa Ragamulya SuryakanÂcana. (Tina sagala sumber)