Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

KECAP rèmèh dina basa Indo­nesia jeung Sunda hartina jauh atawa bèda pisan. Rèmèh ceuk basa Malayu (sabab dasarna basa Indonesia tina Malayu) pasualan atawa perkara anu teu sapira, leutik atawa henteu gedè. Diang­gap rèmèh hartina bisa ogè di­anggap leutik. Tah palebah dieu mah rada sarua. Sabab geus pasti rèmèh mah leutik, saeutik pisan. Dina basa Sunda, rèmèh hartina nyèsakeun atawa sangu anu (di) sèsa (keun) kusabab daharna kurang bener.

Nu nyèsakeun dahar atawa ngarèmèh biasana budak leutik anu kakarab diajar dahar, nepi ka uprat-aprèt, ngasupkeun san­guna henteu pas kana sungut. Sèsa dahareun anu aya dina pir­ing, ragraga kana lantèy, dina gado ogè dina pipi kaasup kana golongan rèmèh. Kolot baheula mah mahing pisan lamun dahar nepi ka nyèsakeun sangu atawa rèmèh, komo nepi ka ragrag kana taneuh mah. Paribasana tèh Nyi Sri Pohaci bakal ceurik, atawa Gust Allah bakal ngurangan re­jeki. Sabab urusan pare atawa bèas teu leupas ti “jasana” Nyi Pohaci, numatak di dapur mah aya rohangan husus anu dihan­cengkeun keur Nyi Pohaci anu disebut padarangan, pabèasan sarta ayana di goah, bagèan tina dapur. Beuki dieu, saentas aga­ma Islam asup, aturan anu ku kolot baheula disebut pamali la­mun ngarèmèh, kakara kabuki, maksudna. Jelas pisan yèn lamun anu resep ngamubadirkeun (ka­daharan atawa naon waè) kaasup golonga sètan. Nyiuk sangu saur Kang Dèdèn bisa jadi ukuran, naha urang boga pangira-ngira anu pantes pikeun dirina atawa henteu.

BACA JUGA :  Puncak Arus Balik di Terminal Baranangsiang Diprediksi 15 April 2024

“Lamun urusan dahar atawa nyiuk sangu waè èta jelema boga pasualan, nu sèjènna ogè teu jauh ti kitu,”pokna tèh basa da­har bareng ngariung di bumina di Cimanggu. Teu ngarti tadina mah kamana caritaan anjeunna tèh. Tapi saentas dijelaskeun deui kakara paham kamana tujuanna. Lamun èta jelema dina nyiuk sangu kana piringna nepi ka loba teuing, leuwih teu kadahar, dina dirina aya sifat rakus atawa sieun bèakeun, nepi ka piringna mu­cung tapi kamampuan beuteung­na geus teu nyukupan, antukna sanguna loba nyèsa.

Kumaha di parasmanan hajatan, boh ngawinkeun, pèsta ulang taun atawa kariaan sèjèn­na, anu ampir sakabèh tamu nyèsakeun kadaharan dina piring lantaran nyokotna loba teuing. Pasualanna kulantaran loba pisan jinis kadaharan anu disuguhkeun, nepi sakabèhna hayang kaasaan. Conto anu paling gampang, san­gu waè nepi ka dua rupana, san­gu biasa jeung sangu gorèng. Kitu ogè deungeunna, daging rupa-rupa, aya sate hayam, sate embè, aya anu disemur, dibalado, dike­capan sarta rupa-rupa jinis ma­sakan. Padahal maksudna sagala diayakeun, bisi tara kana daging embè disadiakeun daging hayam, bisi teu resep disemur disayagikeun dimasak ku cara sèjèn, kitu sangu, lamun tara biasa kana sangu gorèng disadiakeun sangu bodas, kitu ogè sabalikna. Kan­yataanna sakabèhna hayang di­asaan, nepi piringna mucung ka­was Gunung Kelud, bèak henteu. Ngaran dahareun sèsa geus pasti lumpatna tèh kana wadah run­tah, paling alus jadi parab hayam atawa parab bèbèk. Sawatara di luar, loba “dulur” urang anu tong boroning manggih dahar ngeu­nah samodèl kitu, bisa dahar dua kali bari deungeunna karo iwak asin wungkul ogè mani geus bun­gaheun pisan.

BACA JUGA :  Digadang Gantikan Bima Arya, Ini Sosok Hery Antasari Pj Wali Kota Bogor

Nu nyèsakeun daharna tèh lain barudak, tapi kolot anu geus kuduna nyontoan lampah hade ka sahandapeunna. Pale­bah dieu jelas pisan lumaku, yèn nafsu (dahar) bisa ngawasaan manusa (kolot atawa budak, kaasup aki-aki jeung nini-nini). Pastina nu arondangan moal daèkeun disebutkeun baturna sètan mah nya !

Kitu ogè barudak urang dina nyiuk sanguna sakapeung tara make ukuran, komo lamun nem­po dina mèja aya deungeun san­gu kabeukina. Antukna lantarana “daya tamping” beuteungna teu saimbang, nya loba sèsa sangu dina pirinngna. Afdolna mah, ti ayeuna diajarkeun yèn lamun ny­iuk sangu ulah sakaligus gedè tapi saeutik-saeutik kajeun remen. Bisi jadi batur sètan atawa ng­anyeurikeun Nyi Pohaci. Kètang jaman geus robah, ayeuna mah urang dasarkeun sagalana kana kaislaman (nu Islam mah), teu kudu nèangan hukum sèjèn anu can puguh benerna. Nu model kieu ulah dianggap rèmèh. (*)

============================================================
============================================================
============================================================