Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
TEU salah ceuk agama jeung darigama, anu pangtengtrem jeung ni’matna hirup tèh akur jeung batur sa-kasur, batur sa-sumur, salembur wè heula, ulah waka jauh-jauh sa-gubernur. Akur jeung batur sa-kasur mah komo deui, sabab lamun keur gètrèng bakal ripuh sagalana, wah poÂkona mah, matak teu bisa sarè lamun geus aya gencatan senjata jeung batur sa-kasur mah nya.
Tapi ngaranna hirup mah, afdolna akur jeung sasaha ogè, sabab lamun boga musuh, dunya karasana beuki sempit atawa heuÂreut. Ku akur mah sagalana tèh bisa disawalakeun kadituna bisa gawè bareng.
“Pan anak tèh, hasil gawè bareng lin,†ceuk Kang Aniel basa papanggih di Pasar Warung JamÂbu, harita anjeunna keur ngaboÂrong mie golosor, aya kana lima kilona, cenah mah rèk ngayakeun buka puasa bareng di lemburna.
Ceuk paribasana mah, boga babaturan sarèbu can cukup, musuh mah hiji ogè loba teuing. Jeung batur sasumur, meureun tatangga anu dareukeut, pangna disebut batur sa-sumur tèh meuÂreun baheula mah, sumur tèh dipakè mandi, atawa nyeuseuh babarengan, sakurangna sanajan mandina mah di imahna sèwangt-sèwangan, ari nyokot caina mah nya di tempat (sumur ) anu sarua.
Atawa ayeuna mah, sanggeus diwangun MCK tèa meureun anu disebut batur sasumur tèh geus kudu diganti ku batur sa-MCK. Kitu ogè jeung batur sa-lembur, kumaha lamun “musuh†tèh aya di jalan pangliwatan, meureun laÂmun embung papanggih tèh kudu nèangan jalan sèjèn. Komo anu keur jadi musuha tèh ahli maasÂjid, atawa ahli musholla, matak sangheuk ka masjid atawa ka musholla, antukna, katinggaleun shalat berjamah jeung tarawèh.
“Hirup runtut raut sauyuÂnan, lain waè dinasèhatkeun ku agama wungkul, dalah karuhun urang ogè nitahna tèh akur jeung sasama. Nepi ka aya paribasa nu jauh urang deukeutkeun, geus deukeut urang urang layeutkeun, geus layeut urang paheutkeun. Malah dina keur pangantènan mah jelas pisan du’ana tèh, runÂtut raut sauyunan, kacai jadi saleuwi kadarat jadi salebak,†pokna daria.
Malah, saur Kang Aniel, hirup rukun tèh geus diajarkeun ku kaÂruhun urang ti baheula. Tah ngeuÂnaan kaakuran, boh jeung sasama manusa anu saagama, boh jeung anu teu sakayakinan, pan ku kaÂruhun urang mah geus dicontoan. Bari tuluy nyaritakeun kungsi papanggih jeung sababaraha kasÂepuhan anu apaleun kana riwayat atawa babad Pajajaran, tur salila ieu teu pernah di (ka)catet dina sajarah anu ayeuna aya.
Di Astana Gedè Kawali, aya kuburan anu anu bèda agama (bèda ngujurna) dirèndèngkeun. Sajarah ogè, geus ngabuktikeun, sasatna pasantrèn anu dipingÂpin ku Syèh Quro tèh geus aya ti jaman Maharaja Prabu Wastu Kancana (akina Prabu Siliwangi) tapi teu dikua-dikeiu. Malah kabèhdieunakeun salah saurang santrina ditikah tur dijadikeun pramèswari ku Sri Baduga MahaÂraja tèa. Di sababaraha kelompok masarakat anu muhit, aya carita vèrsi Prabu Siliwangi anu nyariÂtakeun yèn salah sahiji anjeunna lèngsèr atawa masrahkeun kaÂkawasaan ka putrana, Prabu Surawisèsa, atawa dina babad rahayat mah sok disebut Prabu Mundinglaya Dikusumah, masiÂhan kasempetan ka palaputrana anu geus ngagem agama Islam tiheula.
“Jadi ngahyangna Prabu SiliÂwangi tèh, sabenerna mere kasÂempetan ka agama Islam anu keur disyiarkeun ku palaputra jeung incuna sangkan sumebar ka mana-mana. sabab salami aya anjeunna kènèh mah tangtosna hèsè kanggo sumebarna, kalah kumaha ogè ngarasa seunggah upami kedah mayunan Prabu Siliwangi,†ceuk hiji kasepuhan basa ngariung sababaraha bulan kaliwat.
Saur èta sepuh, Prabu SiliÂwangi, raja sakti waspada praÂmana tingal, tangtosan terangeun kana eusi ajaran Islam, komo deui salah sahiji prameswarina, nyaèta Subang Larang, pan musÂlimah.
“Malah bisa jadi aya hiji ruÂsiah anu tepi ka ayeuna tacan kaungkeb, atawa mèmang salilÂana bakal jadi rusiah Allah, ngeunaan ngahyangna Prabu Siliwangi jeung sawaktu mileuÂleuheungkeun Ratu Subang LaÂrang. Naha ieu tèh aya patalina jeung sumebarna Islam di Tatar Pasundan anu kacida cepetna ? Wallohu alam,†saurna daria.
“Tah èta tèh conto lamun kaÂruhun urang mibanda sifat-sifat kaakuran anu luar biasa.â€