Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

KAAYAAN di wewengkon Kam­pung Gunung Sodong Desa Karehkel Kacamatan Leuwiliang, teu bèda ti kampung anu aya di lembur sakumaha biasana. Simpè, kusabab pangeusina loba anu digarawè, boh ka sawah, ka huma miang ka tempat sèjèn pikeun kasab. Nu aya tèh loloban kaum ibu, anu migawè pagawèan rumah tangga ti mimiti nyeu­seuh, beberesih, ngasuh ataw pe­pelakan di buruan imahna.

Komo deui kampung ieu mah kaasup tungtung lembur, lain tempat pangjujugan, sabab taya tempat wisata anu bisa di jojo. Anu remen ngaliwat tèh treuk lweutik jeung mobil pick up anu ngangkutan batu. Kitu ogè tara unggal poè, sabab batuna teu kudu digali teu make alat beurat, saterusna dibeulahan dina uku­ran normal.

BACA JUGA :  SAHUR OF THE ROAD RAWAN DENGAN TAWURAN PELAJAR

Batu di Gunung Sodong ieu tètè lakawilang bèda jeung batu-batu anu aya di wewengkon lian­na di Kabupatèn Bogor. Batu anu kapanggih diantarana mangrupa Menhir (batu sesembahan jeung batu Pangcalikan.

Numutkeun katerangan anu dikumpulkeun batu Pangcalikan diperkirakeun paninggalan Raja Tarumanagara katilu Maharaja Purnawarman. Rada anèh wu­judna tèh, lamun ti hareup jiga tempat diuk, tapi disawang ti gigir mah kawas makuta. Salian ti èta aya ogè totondèn atawa ciri anu mangrupakeun ayana kaka­wasaan dinatarana kujang, tapak maung sarta lambang gambar kembang.

BACA JUGA :  SAHUR OF THE ROAD RAWAN DENGAN TAWURAN PELAJAR

Dumasar panitènan wakil Bu­pati anu resepeun pisan ngariksa jeung ngaraksa budaya kaasup BCB-na, Karyawan Fathurach­man, batu anu aya di wewengkon ieu umurna antara 5000 nepi ka 7000 taun saencan Masehi.

============================================================
============================================================
============================================================