Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

SABABARAHA urang pagawè nagri sipil anu keur ngarariung, diantarana Kang Wahyu, Kang Hamzen mani kerung bangun satengah teu percaya basa maca pangumuman anu nyebutkeun yèn baju hansip atawa linmas geus dihapua tina daftar seragam anu kudu dipakè. Bingungna mah, salian ti anyar kènèh, ongkos nga­jaitna ogè can dibayar. Bubuhan boga langganan tukang jait ti ja­man keur lèlèngohan kènèh.

Di sagèdèngeun bajuna anu ayeuna ukur digantung dina kap­stok, Hansip atawa pertahanan sipil tètèla mibanda catetan saja­rah anu lumayan panjang. Malah boga poè milangkala sagala dina tanggal 19 April.

Dumasar katerangan Dirjen Pamarèntahan Umum Ke­mendagri Agung Mulyana, Han­sip geus aya ti jaman Hindia Walanda, munggaran dijieun pikeun nyanghareupan seran­gan ti Jepang. Numutkeun Agung, Pamarèntah Walanda ngahaja nyieun hiji organisasi anu tugasna nangtayungan rahayat tina serang ti luhur anu harita disebut LBD (Lucht Bescherming Dients) ata­wa Perlindungan Pemecah Udara.

LBD ieu dijieun ti mimiti pamarèntahan puseur nepi ka daèrah anu koordinasikeun ku para pajabat pamarèntah sipil. Kagiatanna mere panerangan ka masarakat, beware aya serangan musuh, panangtayungan, nulun­gan anu kahuruanm, kaciakaan, nepi ka ngokolakeun pangung­sian.

Saentas jaman Jepang, pamarèntahan ieu nyieun or­ganisasi anu mèh sarimbag anu disebut Pertahanan Sipil dina taun 1943 anu pancènna pikeun pertahanan sarta sagemlengna ku rahayat. Organisasi ieu dijieun nepi ka handap pisan anu disebut Gumi atawa RT. Organisasi ieu pisan cikal munggaranna Han­sip anu dirarangkènkeun jeung kapentingan pertahanan jeung panangtayungan masarakat tina serangan musuh. Salian ti èta, Hansip mibanda tugas pikeun ngajaga kaamanan, ngumpulkeun dana, ngokolakeun pangbagian bahan kadaharan jeung nu lianna.

Baca Juga :  Penyaluran BST Dimasa Sulit, Bikin Masyarakat Pangradin Sumringah

Saterusana sabada ka­mèrdèkaan, aya kaputusan Wakil Menteri Pertama Urusan Pertah­anan/Kemanan No. MI/A/72/62 tanggal 19 April Tahun 1962 ngeu­naan Peraturan Pertahanan Sipil nepi ka tahun 1972 mangsa pan­gbinaan Hansip dipasrahkeun ti Menhamkam/Pangab ka Mendag­ri anu dipageuhkeun ku Kepres No. 55 Tahun 1972.

Dina tanggal 20 Mei 1960, In­donesia kalayan resmi kadaftar jadi anggota Internasional Civil Defence Organisation (ICDO), anu saterusna ngaideuan pang­wujudan organisasi Pertahanan Sipil kalayan resmi atawa formal dina tangal 19 April 1962, sarta saterusna dijasdikeun poè mila­ngkala atawa Hari Ulang Tahun Pertahanan Sipil (HUT Hansip).

Dina tahun 1972, dumasar Keppres No. 55 Taun 1972, or­ganisasi Pertahanan Sipil dis­ampurnakeun jadi organisasi Pertahanan Sipil (Hansip) jeung organisasi Perlawanan Rakyat sarta Keamanan Rakyat (Wanka­mra) dina raraga panertiban pal­saanaan sistim Hankamrata.

Dumasar kana Keppres No.56 Taun 1972, pangbinaan organisasi Pertahanan Sipil dipasrahkeun ka Departemen Dalam Negeri, sawatara pangbinaan organisasi perlawanan rakyat jeung keaman­an rakyat anu sifatna kombatan tetep di sahandapeun Departe­men Pertahanan Keamanan.

Baca Juga :  Kreasi Ditengah Pandemi, Patriot Desa Latih Emak-emak Rengasjajar

Tapi ku ayana Peraturan Pemerintah Nomor 6 Tahun 2010 ngeunaan Satuan Polisi Pamong Praja, anu nyebutjkeun tugas jeung fungsi anu aya patalina jeung katertiban umum, kateng­treman masyarakat jeung perlind­ungan masyarakat nepi ka kiwari geus dilaksanakeun ku Satuan Polisi Pamong Praja. Ahirna di ja­man Presiden SBY ngaluarkeun Peraturan Presiden Nomor 88 Taun 2014 anu eusian nyabut Ka­putusan Presiden Nomor 55 Ta­hun 1972.

“Meureun ngalaman tah di ja­man Walikota Ahmad Sam atawa Ahmad Sobana aya kènèh Ka­mawil. Unggal poè bajuna make baju seragam Hansip,” ceuk PNS anu nyenyekel surat èdaran ngeu­naan pangaturan baju seragam di lingkungan pagawè nagri sipil.

“Kuring mah lain urusan èta euy. Ngan bingung wè kudu di­kumahakeun, salian ku lebar ku lawon jeung duit pikeun ngajait­na, baju ieu kudu dikumahakeun. Dipakè sarè hareudang, dipakè jalan-jalan ka mall pasti diseung­seurikeun batur, dipakè kaondan­gan bisi pahili jeung nu jaga di tempat hajatan. Sabab nu make baju Hansip di jaman kiwari ukur dina sinètron wungkul, Kardun, Mali jeung Tarmiji,”pokna bari seuri.

Ku aya aya waè atuh kawi­jakan tèh nya, jiga anu teu dip­ikirkeun asak-asak samèmèhna, kawas sapoè teu meunang make kendaraan dina poè Sènèn anu ngabuntut buruy, teu puguh al­ang ujurna. Teung dimana tah anu kitu tèh nya. (*)