Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
PIKEUN anu saentragan kuring atawa saluhureun, sigana mah rada arapaleun ka Kiai MuhamÂmad Arief Solèh, urang CemÂplang Kabupatèn Bogor, anu baÂheula mah kacida kawèntarna, ku jenengan Kiai Balap.
Malan mun teu salah, basa ki adi anu bungsu disunatan kungsi nanggap mantenna. Kiai Balap biasana sok ditanggap ku nu suÂnatan, eusi sahibul hikayatna anu dicaritakeun dina basa Sunda. Anu ngabèdakeun Kiai Balap jeung tukang dongèng sèjènna (atawa para da’i) nyaèta dina nyaritakeunana sohibul hikayat bari jeung dikawihkeun atawa diÂlagukeun.
Anu pangkawèntarna sarta teu pernah bosen dicaritakeun jeung didèngèkeunana tèh Kiai Haji Ahmad atawa Si Kopèah BeuÂreum. ( Jigana mah ngaran Arief tèh rada kawènèhan jadi tukang carita nya, sabab aya ogè ngaran Arief, nyaèta Mama Arièf Hidayat sarua tukang ngadongèng ogè).
Pamungkas papendak jeung anjeunna tèh, mangsa keur nyuÂsun buku Milangkala Bogor ka 521, lamun 3 Juni kamari, Bogor mièling milangkala ka 530, harÂtina 9 taun kaliwat, tegesna dina taun 2003.
“Kapanggihna†Kiai Balap, èh maksudna rèkaman Kiai Balap tèh, basa keur ngahuleng mikiran “bayareun†kuliah budak hawar-hawar kadèngè aya sora anu keur ngadongèngkeun Kiai Haji AhÂmad, ngarasa panasaran gancang wè disampeurkeun.
Horèng Ki lanceuk keur nyetèl CD-na, ah tibatan mikiran kumaha nèangan duit, mending ngaregepÂkeun sahibul hikayat Kiai Ahmad tèa. Sakumaha biasana, sahibul hikayat dimimitian ku bubuka, nyaritakeun kahayang jalma anu harayangeun asup surga.
Diantarana, tujuan anu disuÂnatan tèh nyaèta supaya beresih tina najis, supaya beresih ngalakÂsanakeun ibadah ti jaman Kangjeng Nabi Ibrohim. Beberesih di dieu ngawengku mayar zakat, kaasup mayar hutang ka sasama jeung ka pamarèntah, diantarana cicilan BiÂmas/Inmas, PBB, listrik jrrd.
“Lamun ditanya sakabèh jalma pasti hayang ka surga, tuÂkang dagang anu sok ngurangan timbangan ngajawabna hayang ka surga, kitu ogè tukang gaplèh anu unggal peuting sarta sapeuÂpeuting gaplèh anapon ditanya mah, ngajawabna mah angger wè hayangeun asup surga.â€.
Dicaritakeun aya hiji jalma anu ngakuna ngagem agama IsÂlam, tapi hirup sapopoèna tojaiah pisan jeung aturan agama Islam. Eta jalma tèh, pagawèanana ngan maèn judi waè, karesepna ngadu hayam sarta bogaeun anak ngaÂranna Ahmad, anu umurna kaÂkara sapuluh taun.
Bapana Ahmad tèh dicaritaÂkeun ngalaman balangsak kacida, dahar isuk henteu sore, imahna ogè balalocor. Tapi sanajan kitu, angger wè mantangul, emÂbungeun ngarobah sikepna jadi jalma anu taat ka Allah.
Lantaran tara meunang daÂhar, Ahmad ngalalana nuturkeun indung suku leumpang ka pasar sarta nimu duit satalèn di jaman normal, tuluy dibalanjakeun ka toko pikeun kaperluan dahar, sarta sèsana dibeulikeun useup pikeun nganafkahan indung bapÂana. Lilana dua bulan, Ahmad gawèna ngan saukur ngaliwet sarta dipapagahan ngaji ku santri anu nanggungjawab manèhna.
Ah, pokona mah, lamun direÂgepkeun mah matak pogot, sabab salian ti loba jeung munel eusina ngeunaan agama, ogè leubeut ku heureuy kumaha wè urang Sunda mun ngadongèng. Kiai Arièf Balap, saujratna salah sahiji kabeungharan tina kumaha pinÂterna urang Sunda nepikeun paÂpatah, tausiyah dina wujud anu leuwih gampang ditarima.
Dina tausiyahna, Kiai Balap teu kudu pepeta, kawas para dai anu aya di tipi-tipi, tapi ngan saukur ngandelkeun kahèbatan lambeyna (verbal). Solawat anu diwanohkeun tèh nyaèta Solawat Muhtar, anu mun teu salah kieu, Allohumma solli alaa nuril anwar wasiril asrar..watilyakil ahayil wamiftahil babilyasar…jstna.
Kiai Ahmad salah sahiji eusina nyaritakeun kataatan ka nu jadi guru, sarta hormatna manusa ka nu jadi indung bapana. Sanajan sikep indung bapana, kacida ngèwaeun kana kadatangan Ahmad, anu kaÂkara mulang ti pasantrèn salila 18 taun, kusabab mangsa mulang teu mawa cau atah-atah acan.
Dina lebah ieu urang Sunda ogè bogaeun nyaèta guru ratu wong atua karo, guru jeung indÂung bapa sarua kudu dihormatna, ogè indung kudu dipunjung bapa kudu dipuja sabab indung anu ngakandung bapa nu ngayuga.
Doraka ka indung bapa bakal nyababkeun kaluhur teu sirungan ka handap teu akaran. AllohumÂma solli alaa nuril anwar wasiril asrar..watilyakil ahayil wamiftahil babilyasar… cag ah !