Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

BASA diajakan “ulin” ku Kang Wawan ka wewengkon Gadog, hate bungahna mah nataking. Bungah ka giri-giri, bungah anu taya papadana. Geus lila pisan tara momobilan, komo dina mo­bil alus sakelas sedan mah.

Salila ieu tong boroning naèk mobil alus angkot ogè beunang disebutkeun teu sataun sakali. Kukuluyuran tèh cukup dina Si Jimat motor heubeul bari jeung butut meunang ngaririhan ti Wa Haji Idar anu taun jeung merkna ogè geus leungit bakating ku lila pisan.

BACA JUGA :  DARI PREMAN TERMINAL, SEKDES HINGGA ANGGOTA DPRD PROVINSI JABAR

Dina STNKna ditulis tahun pangjieunan samèmèh masehi, cebah. Lumayan sanajan butut-butut ogè bisa nguntar-nganteur ka ditu-kadieu bari jeung tepi ka anu dujugjug. Kunaon pangna ditegeskeun tepi ka tempat anu dijugjug? Sabab di jaman ayeuna mah loba pisan kajadian anèh. Mo­bilna alus, supirna aya, bèngsinna cukup, tapi loba anu teu nepi ka tujuan. Dina nepina ogè rada lila.

Anu ceuk ukuran normal mah bisa satengah poè, ieu mah nepina tèh sanggeus saminggu. Teuing tah anu genep poè èta kamana heula. Kunaon keukeuh make Si Jimat? Panimbang ka hiji teu boga deui motor sèjèn (ngan èta-ètana) jadi teu bisa milih.

BACA JUGA :  JELANG LAGA MALAM INI, TIMNAS VS AUSTRALIA

Panimbang kadua cepet jeung murah. Lamun naèk angkot dina sapoè kudu udulan duit nepi ka Rp 35 rèbuna, ngagunakeun Si Jimat mah duit sakitu tèh bisa 2 minggu. Urusan kahujanan kapa­nasan mah, nomer saratus lah.

============================================================
============================================================
============================================================