Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
SALAH sahiji kecap tina basa SunÂda anu ayeuna kacida kawèntar ka jomantara tèh, nyaèta ngabuburit, hiji pagawèan anu dilakonan ku keur nu paruasa samangsa ngadaÂgoan bedug magrib. Kecap ngabuÂburit lumakuna keur dina bulan puasa, atawa dilakonan ku nu keur paruasa wungkul, sabab pikeun jalma anu teu puasa mah teu kaaÂsup kana pagawèan ngabuburit sanajan aya dina jero bulan puasa.
Sabab, anu dimaksudkeun di dieu tèh, lain ngan saukur ngadaÂgoan burit atawa datangna magrib wungkul, tapi leuwih deukeut kana ngadagoan mangsana buka puasa. Pikeun anu geus godin ti beurang mah, teu kaasup kana golongan anu ngabuburit. NgabuÂburit, asal kecapna burit, sabèhdiÂtueun sore dina harti saujratna.
Sabab, sore sakapeung sok ditarjamahkeun kana samèmèh tengah peuting. Misalna, Tamba sarè, sore-sorè, urang maèn catur yu, ah! Ulah sarè sore-sorè baruÂdak ngora mah. Jadi ngabuburit tèh meureun ngadagoan burit, wanci anu geus ngadeukeutan Magrib. Pagawèan ieu, jigana tèh geus lumaku di sakuliah NusanÂtara, sabab boh anu di Pulo Jawa, atawa saluareunana, sarua kecapÂna tèh ngabuburit.
Anu dipigawèna rupa-rupa, aya anu ngetrèk dina motor (nèangan picilakaeun anu kieu mah), aya nu jalan-jalan sore bari nèangan calon kabogoh (barudak rumaja èta mah, aki-aki jeung nini-nini mah moal ieuh), aya anu aruÂlin ka tempat atawa puseur pangÂbalanjaan, bari ngaborong pikeun èngkè lebaran. Ah, pokona mah rupa-rupa wè polah jalma.
Di Bogor, tempat-tempat anu sok dipakè pikeun ngabuburit tèh biasana mah di Taman Kencana, Sempur, Taman Peranginan, JaÂlan Tentara Pelajar di Cimanggu, Taman Yasmin, anu ayeuna mah geus ngawujud jadi pasar ngaÂlayah. Baheula mah, osok ogè di Komplèk Pembenihan Muara, ayÂeuna mah sigana loba jalma anu ngadon ngabuburitna tèh di BNR, sabab di palebah dinya tèh geus loba tempoeun.
Di Cibinong sigana mah di saÂpanjang jalan Komplèk PamarènÂtahan Kabupatèn Bogor, dijaÂdikeun tempat ngadagoan burit, atawa bisa ogè bari neuteup beungeut cai di sisi situ. Anu pangkajojona, tempat pikeun ngareureuh, salian ti Kebon Raya, mangsa keur panas-panasna tèh nyaèta Leuweung Cifor jeung sisi Situ Gedè. Lamun meneran keur perè mah, loba anu ti imahna bari marawa samak jeung bantal, ngaÂdon ngagolèr di sisi situ.
Tapi saur Ustad Cècèh mah, anu pangafdolna ngabuburit tèh di masjid. Ba’da shalat Ashar tèg der wè ngaderes Qur’an mun bisa mah nepi ka sababaraha juz, lanun teu kuat cukup sababaraha lain.
“Unggal ba’da Ashar istiqomah ngaderes Qur’an, Insya Allah dina sabulan puasa geus tamat saÂbabaraha balikan tah.†saurna basa kuliah subuh di majlis ta’lim di lemburna. Tah dina kasarèanana ogè angger meunang ganjaran, tiÂbatan panon diumbar pikeun nemÂpoan anu teu araruni mah.
Di jaman kiwari, saur Ustad Cècèh, loba pisan hal-hal anu matak ngabatalkeun pahala puaÂsa. Geura wè, di mall, di pasar, di jalan raya, loba kènèh kaum hawa anu ngamurah-marèh awakna. Meureun maksudna mah hayang nèmbongkeun kaèndahan ka kaum Adam, tapi carana salah.
“Lamun arèk ditempokeun mah, èngkè wè ka salakina nya?†pokna deui di hareupeun para jamaah anu hadir dina pangajian èta. Jadi, lamun tèa mah kapaksa kudu ngabuburit kawas budak ngora, pikeun urang anu geus karolot mah, ulah loba teuing tingkah.
Puguh awak geus rangkèbong, kulit geus kalendor, hayoh make hayang momotoran sagala. AnÂtukna ti peuting karasa muriang, mangsa Isya jeung tarawèh tèh kalah ngagolèr dina enggon sarè.
“Barudak ngora onaman awakna kuat kènèh, teu kawas urang anu geus rarèmpo, teu kaop salah barang dahar ogè pan beuÂteung tèh langsung karasa lin.â€
Dina sajeroning ngabuburit tèh alusna mah basajan atawa sederhana, ulah nepi ka katiwaÂhan kecap teuing atawa kamaliÂnaan, Sebab anu sarwa teuing tèh biasana gorèng tungtungna, salah sahiji panyabab nagara kacow tèh diantarana aya kecap teuing diÂtungtungna. Boh tolèransi teuing, bageur teuing atawa ngèlèhan teuing. (*)
Bagi Halaman