Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

ABONGKÈNA ayeuna mah geus sarwa instant atawa sarwa cepet, sagala tèh hayang sarwa cepet atawa sarwa èkpres, hari­aneun ari palebah mobil, karèta api atawa kapal udara mah. Tapi ari urusan sèjèn mah ulah atuh, kawas anu keur papacan­gan. Kèna-kèna geus ditandaan anu nandakeun yèn datangna si lalaki ka imah awèwèna tèh geus meunang panyatujuan boh kula­warga lalaki atawa awèwèna.

Cohagna kulawarga lalaki­na geus datang ka kulawarga awèwèna pikeun maheutkeun jangji, ngatur tanggal pikeun unggah ka bale nyungcung. Sanajan enya ogè geus kitu, tapi pan masih kènèh lain muhrim lamun can duanana dirèndèng­keun, sarta dinikahkeun ku kolot awèwèna, bari jeung aya mahar, sarta saksi-saksi ti dua peulah pihak, bari kajadian èta tèh disaksian ku patugas panya­tet nikah ti KUA. Sarta kadituna meunang SIM, surat idzin mon­dok jeung pagawèan sèjènna.

Tah surat sakti ieu (anu mangrupa pangwujudan tina pagawèan anu geus dilakonan) anu bisa ngahalalkeun anu ha­ram. Barudak kiwari mah, dina urusan nu kararitu tèh mani palinter pisan, sababaraha bu­lan kaliwat, pan geunjleung loba kapanggih alat kontrasèpsi di jero wangunan under pass Jalan Pajajaran. Tah dumasar kana pangalaman èta, saujratna kudu ngajadikeun alesan pikeun nga­ronjatkeun kawaspadaan.

Sabab sasatna gedong ko­song tèh geuning bèda kagunaa­nana baheula jeung ayeuna tèh. Lamun baheula mah dijadikeun sayang atawa pamiceunan jurig anu teu kadeuleu, ayeun mah jurigna tèh ngajelegedeg. Kawas anu dicaritakeun ku tukang sapu, basa isuk-isuk beberesih gedong kosong, naha bet subuh-subuh aya sababaraha pasang “jurig” anu tas marondok di dinya.

BACA JUGA :  JELANG LAGA MALAM INI, TIMNAS VS AUSTRALIA

Kitu deui di tempat-tempat anu paroèk kawas di Leuweung Cifor deukeut Situ Gedè, geun­ing ayeuna mah loba dicicingan manusa. Munasabah wè lamun dina mangsa kiwari loba baru­dak sakola anu kasurupan baba­rengan (massal), loba jurig anu narèangan tempat panyicingan sabab tempat maranèhanana disaroro ku manusa.

Lamun babeula kungsi ka­caritakeun yèn astana tèh an­gker sabab tempat kuburan jalma, ayeuna mah antara ku­buran jeung tempat manusa tèh ngarèndèng, malah saka­peung mah, “maranèhanana” ngarèlèhan, tempatna dipindah­keun, digalusur pikeun kapent­ingan jalma hirup.

Dina palebah èta mah, para Raja Sunda Galuh, leuwih waspada, tempat pakuburanana tèh, di luhu gunung anu hara-haraeun, sanajan sabagèan di­antarana geus mimiti aya anu kaèrèdkeun, contona Situs Ba­digul, anu ceuk sabagèan tem­pat suci atawa aya ogè nu nye­butkeun kuburan salah saurang Raja Pajajaran, geus malih war­ni mindah rupa jadi komplèk paimahan mèwah.

Kasadaran manusa kana palebah ngaraksa, ngamumulè jeung ngariksa paninggalan karuhunna tèh kaèlèhkeun ku piuntungeun. Untungna wè ay­euna aya sababaraha anu haat ngaluangkeun pamiikir jeung harta bandaa pikeun ngamu­mulèna, salah sahijina anu keur dipigawè ku LSM Sangga Erawan jeung Yayasan Gentra Pajajaran.

BACA JUGA :  KUSTA, KENALI PENYAKITNYA RANGKUL PENDERITANYA

Balik deui kana anu kahay­angna sarwa instan jeung cepet tèa, nepi ka ayeuna mah, sagala disingget, kawas Rumah Tidak Layak Huni, disingget Rutilahu, Rumah Susun Sèwa, disebutna rusunawa. Loba pisan èta tèh, Markas Kantor Kepolisian Resor Bogor Kota jadi Mapolresta. Tah palebah dieu urang Sunda rada palalinter, kawas kecap ATM ku ahli nyawèr mah disinggetna tèh lain Auto Teller Machine, sabab cenah lamun geus narikah mah, kaum hawa atawa pihak awèwè tèh bakal meunang ATM.

“Basa ditanya naon ATM tèh, naha pèdah salakina gawè di bank kitu?” Ih lain, cenah sabab sakabèhna ogè bakal meunang, lain pèdah salakina gawè di bank, sabab tukang kiridir jeung tukang tahu ogè, bogaeun ATM tèh, hartina Alat Tusuk….ah mangga wè teraskeun, pamali.

Kitu ogè basa Tukang Nga­dongèng Sunda Haji Mama Arif Hidayat nyingget sababaraha kantor sangkan leuwih cepet, Kantor Wilayah jadi Kanwil, Kantor Urusan Agama jadi KUA, Kantor Departemen jadi Kan­dep, Kantor Kependudukan jeung Catetan Sipil jadi Kan­dukcapil, tah anu rada hèsè tèh nyaèta Kantor Jutawan, meu­reun pantesna mah, Kawan nya.

“Ih lain atuh, lamun Kantor Jutawan mah sakuduna kan… ,”pokna tèh teu laju, da bisi keu­na ku KIP, sabab kaasupna kana kalakuan Porno Ucap. Ha…ha, teu sakabèh bisa disingget Ma, kaasup Kantor Jutawan. (*)

Bagi Halaman
============================================================
============================================================
============================================================