Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
MANG Una (titik) ngaranna teu panjang-panjang, tapi tetep dièkahan jeung dijieunkeun buÂbur beureum bubur bodas ku indung bapana mangsa lahir, geus teu kaasup ngora, umurÂna geus satengah abad leuwih. Punjulna aya kana 6 taun mah.
Keur ngorana kaasup jalma senang, sabab kolotna jalma boga. Ngan kitu tèa, kusabab anak ngan hiji-hijina sarta diogo pisan, sagala kahayangna dituÂrutkeun, nepi ka hirupna tèh kurang jamuga. Sakolana teu bèrès sabab kalalanjoanan jadi jagoan kampung anu gawèna ubrang-abring kaditu-kadieu wungkul. Harta banda kolotna anu rèa tèh bèak dijualan, teu puguh wujudna.
Kungsi rumah tangga jeung urang tatangga lemburna, Bi Emèh, tapi teu kungsi teu lila. Bi Emèh mènta dipirak, sabab teu tahan kana kalakuan salakiÂna anu resep kènèh ngagulung kalakuan keur mangsa ngora, ubrang-abring bari jeung resep ngadu hayam. Lantaran ditingÂgalkeun ku pamajikanna, brek Mang Una tèh gering.
Imah titinggal kolotna dijual pikeun uubar. Alusna saentas kitu tèh Mang Una robah saratus dalapan puluh darajat, jadi rajin ka masjid, daèk beberesih masÂjid, adzan unggal waktu. LantaÂran katempona geus insyaf, ku Mama Ajengan Tatang Anshori Ketua DKM Al Hasanah diangkat jadi marebot sarta dibèrè kamar pikeun sarèna. Sèsana ti ngonÂgora nyaèta kawanina.
Salembur Kampung PangÂhegar mah arapaleun, kumaha wawanènna. Tah sual ieu mah tètèla teu leungit, angger pol. Sababaraha bulan katukang aya kajadian ahèng anu matak ngaÂgeunjleungkeun Kampung PanÂghegar. Harita mun teu salah mah keur jaman parebutan Piala Dunya. Pertandingan bola teu sirikna ampir unggal waktu, ti isuk nepi ka tengah peuting hayoh wè nyiarkeun maèn bola.
Sawatara tivi nu lianna ogè teu èlèh sèt, nyetel sinètron anu ramè pisan mangsa keur Magrib. Atuh dina jaman harita mah, nu baroga duit kaci meuli tipi anyar, sabab parebut nongÂton jeung pamajikanna nu leuÂwih resepeun nongton sinètron tibatan bola.
Tibatan mun keur hayang teu dibèrè, atuh kapaksa maÂreuli tipi anyar. Nu teu boageun duit mah nya kapaksa ngèlèhan, milu lalajo ka tatanggana anu geus boga tipi dua. Sangkan henteu èra, kusabab unggal peuting, nongtonna tèh bari mekel kopi sorangan jeung kaÂdaharan sabrakeun, pikeun diÂdahar jeung nu boga imah.
Hiji waktu, teuing keur ngalindur, poho atawa mèmang keur ngajajal speaker, jam satenÂgah sapuluh ngong wè Mang Una tèh adzan sakumaha biasana, meneran harita keur poè Ahad. Atuh anu keur istirahat bari lalaÂjo bola tèh caruringhak bari dina jero hatèna tatanya. Naha Mang Una adzan wayah kitu, pan ka waktu lohor mah jauh kènèh, kakara satengah sapuluh.
Any harita keur araya di imah gancang daratang ka masÂjid sabagèan hayang nanyakeun kunao Mang Una adzan salah waktu. Sabagèan deui nyangka Mang Una geus pikun, geus teu nyaho waktu, geus meujeuhna diganti. Teu sirikn saeusi lemÂbur ngadeugdeug ka masjid, kaasup Mama Ajengan Anshori, kusabab bisa kumaonam.
“Mang Una naha make adzan wayah kieu? ngalindur lain?†ceuk Ujang Maman satengah nyereng. Nu ditanya ngabetem. Nu dilaluar rèang, malah aya anu togmol sagala mènta ka Mama Ajengan Tatang, sangkan Mang Una buru-buru diganti, bisi adÂzan deui lain dina waktuina.
“Wah, Mang Una geus rada gèlo sugan,†ceuk anu dipèci beureum. Sawaktu disebut gèlo, Mang Una beungeutna mani geunteul. Tuluy nyarita kieu. Ngomongna satengah ngagerÂem, teuing nahan ambek atawa nahan kaèra. Sigana mah nahan kaambek.
“Yeuh darèngèkeun ku sakabèh anu aya di dieu. Nu èdan saha? Nu gèlo saha? uing? Mangsa kuring adzan magrib jeung Isya, nu datang ukur opatan. Mangsa kuring adzan subuh nu datang sarta shoÂlat ukur Mama Ajengan jeung kuring, muadzin.
Padahal sakampung ieu euÂsina aya saratus urang. Mangsa kuring adzan lain waktuna nu datang mani loba pisan,â€pokna tatag pisan. Nu daratang caricÂing teu nèmbalan kawas gang katincak, rumasaeun tara sholat berjamaah di masjid. Teu lila tuluy bubar. Alhamdulillah dina poè èta jeung kahareup mah masjid tèh pinuh waè. (Carita ti Kang Sam) (*)
Bagi Halaman