Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

TEU salah lamun aya paribasa anu nyebutkeun ciri sabumi cara sadèsa, sabab di unggal tempat boga kabiasaan atawa adat sèwang-sèwangan. Conto­na di su’al tarawèh, lain urusan jumlah, 11 atawa 23 jeung witir. Jero teuing lah, lamun geus kana jumlah mah, sabab masing-ma­sing ogè boga pamanggih jeung dasar anu kuat. Tah hiji waktu, basa Ki Mardud, tas buka bareng di wewengkon jalan Pajajaran, lantaran lamun balik heula ka imahna geus pasti moal kaburu tarawèhan. Lian ti peuting èta malem Saptu, loba urang Bogor anu digarawè di dayeuh baralik ka lemburna. Geus pasti jalan-jalan di Kota Bogor tèh pinuh ku rupa-rupa kandaraan, boh mo­tor atawa mobil anu daratang ka Bogor. Numatak tibatan katinggaleun tarawèhan anu ngan dilaksanakeunna sataun sakali. Kabeneran kadèngè aya nu keur adzan Isya. Pastina ogè aya musholla, anu teu jauh di dinya. Nya mending milu shalat Isya berjamaah sakalian tarawèh. Anu rada bèda jeung tarawèh di lemburna tèh nyaèta samèmèh shalat tarawèh dimi­mitian, imam mènta waktu ka jamaah pikeun nerangkeun fa­dilah shalat tarawèh dina bakal dilaksanakeun dina peuting èta. Sedeng di lembur pamatuha­nana tèh henteu kitu ieuh.

Halaman:
« 1 2 | Selanjutnya › » Semua