Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

TEU salah lamun aya paribasa anu nyebutkeun ciri sabumi cara sadèsa, sabab di unggal tempat boga kabiasaan atawa adat sèwang-sèwangan. Conto­na di su’al tarawèh, lain urusan jumlah, 11 atawa 23 jeung witir. Jero teuing lah, lamun geus kana jumlah mah, sabab masing-ma­sing ogè boga pamanggih jeung dasar anu kuat. Tah hiji waktu, basa Ki Mardud, tas buka bareng di wewengkon jalan Pajajaran, lantaran lamun balik heula ka imahna geus pasti moal kaburu tarawèhan. Lian ti peuting èta malem Saptu, loba urang Bogor anu digarawè di dayeuh baralik ka lemburna. Geus pasti jalan-jalan di Kota Bogor tèh pinuh ku rupa-rupa kandaraan, boh mo­tor atawa mobil anu daratang ka Bogor. Numatak tibatan katinggaleun tarawèhan anu ngan dilaksanakeunna sataun sakali. Kabeneran kadèngè aya nu keur adzan Isya. Pastina ogè aya musholla, anu teu jauh di dinya. Nya mending milu shalat Isya berjamaah sakalian tarawèh. Anu rada bèda jeung tarawèh di lemburna tèh nyaèta samèmèh shalat tarawèh dimi­mitian, imam mènta waktu ka jamaah pikeun nerangkeun fa­dilah shalat tarawèh dina bakal dilaksanakeun dina peuting èta. Sedeng di lembur pamatuha­nana tèh henteu kitu ieuh.

“Bungah wè anu aya, jadi tambah kanyaho tah,” ceuk Ki Mardud, katambah di musholla èta tèh bilalna wawuh deuij, nyaèta Kang Mul anu sapopoèna gawè di Dines Pendidikan Kota Bogor. Tah lantaran panasaran tèa, naon fadilah shalat tarawèh mimiti ti peutingan munggaran nepi ka tilu puluh manèhna mèn­ta tulung ka Kang Dul, sangkan dipangnèangankeun dina inter­net. Tah dina keretas anu dipan­galakeun tina internet tèh eusina kieu. Ti Ali bin Abi Thalib ra yèn anjeunna nyanggemkeun; Nabi Muhammad SAW ditaros ngeu­naan kautamaan-kautamaan tarawih di bulan Ramadhan.. Saterasna anjeunna ngadawuh: yèn jalma mu’min dibersihkeun sakabèh dosana kawas kakara dilahirkeun ku indungna. Dina malem kadua, anu shalatan di­hampura ogè indungbapana la­mun duaanan a mu’min. Dina malem katilu salah saurang malaikat ngagorowok di sahan­dapeun Arsy, mimitian migawè amal, mugia Allah ngahampura dosa anjeun anu geus kaliwat. Malam kaopat mah meunang pa­hala kawas maca opat kitab nyaè­ta Taurat, Injil, Zabur, jeung Al- Furqan (Al-Quran).

BACA JUGA :  KUSTA, KENALI PENYAKITNYA RANGKUL PENDERITANYA

“Dina maleman ka lima, Al­lah mere pahala kawas pahala nu shalat di Masjidil Haram, Ma­dinah jeung Aqsha. Sedeng di malem ka genepna Allah mere pahala kawas jalma anu keur tawaf di Baitul Makmur jeung sakabèh taneuh, batu anu aya di dinya mangmèntakeun ham­pura ka Allah,” ceuk Aki Mar­dud maca dina kertas. Dina malem katujuh, kawas anu meunang darajat Nabi Musa, AS basa ngèlèhkeun Fir’aun jeung Haman. Peutingan ka dalapan Allah bakal maparinan ka èta jalma sakumaha anu geus di­paparinkeun ka Nabi Ibrahum As. Malam kasalapan, kawas ibadahna kangjeng Nabi Mu­hammad SAW. Malam kasapu­luhna Allah maparinan karunia ka jalma anu migawè tarawèh, kahadèan dunya jeung ahèrat. Dina kesabelas, tah anu tarawèh tèh gubragna ka alam dunya ka­was mimiti dilahirkeun tina beu­teung indungna. Malem ka dua belas, mangsa datang dina poè kiamat pameunteuna cahayaan lir bulan purnama, Satuluyna dina malem katiluwelas, dina poè kiamat dijauhkeun tina sa­gala kagorènngan sarta dina kaayaan tengtrem.

BACA JUGA :  KUSTA, KENALI PENYAKITNYA RANGKUL PENDERITANYA

“Malem kaopta belasna, para malaikat sarumping bari masihan kasaksian pikeun di­rina yèn manèhna geus migawè shalat tarawèh, mangka Allah moal baka ngahisab dina poèan kiamat.” Tah anu tarawèh dina malem ka lima belasna didaruakeun ku para malaikat pamanggul Arsy jeung Kursi sarta dina malem ka genep be­lasna, Allah masihan kabèbasan pikeun salamet tina naraka jeung dibèbaskeun asup ka surga.

“Enya nu matak rada teu kaharti lamun kaum Mu’min henteu ngalaksanakeun tarawèh tèh. Para solihin mah nepi ka ceurik-ceurik nyuhunkeun ka Allah, mangsa papisah jeung Ra­madan tèh, sangkan dipendak­keun jeung ramadhan anu bakal datang,” saur Ki Mardud deui. Pahala tarawèh tangtuna pikeun anu beurangna ngalaksanakeun puasa, sedengkeun pikeun anu godin bari jeung teu boga uzur mah, duka kumaha tah. Sabab sanajan ditebus ku puasa sau­mur hirup can tangtu kabayar

Bagi Halaman
============================================================
============================================================
============================================================