Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
KURANG sèhat, atawa gering, lamun dilenyepan kalayan daria tètèla ngandung hikmah anu kaÂcida gèdèna, kusabab Nu Maha Kawasa, Allah SWT, kacida nyaaÂheunana ka mahlukna. Boh gerÂing dina harti awak teu cageur, atawa kaayaan èkonomi kulaÂwarga anu dicoba ku masakatan. Sakumaha anu dialaman ku salah saurang sobat kuring anu ngarasa “bungah†pèdah meunang cocoÂba èta. Baheula basa keur digawè dihiji pausahaan swasta nasional, panghasilanana kawilang lumaÂyan, malah leuwih, bisa ngeuÂreut bisa neundeun, bisa barang bèrè sagala. Salain ti boga imah dua, mobil ogè nepi ka tiluna. Hanjakalna kulantaran dikurilinÂgan ku harta banda anu ngaleuya tèa, manèhna jadi loba kasemÂpetan pikeun migawè rucah, tur anu teu saluyu jeung agama.
“Lantaran mobil boga, duit aya, mangsa aya kasempetan pikeun ngalakukeun anu teu uni tèh, kari prak sabab sarana aya,â€pokna tèh basa papanggih tas shalat Jumaahan. Atuda rèk teu kitu kumaha, awèwèna aya, duit nyampak, meureun kari ngÂabiur ka salah sahiji hotel di PunÂcak. Lain ngan saukur èta wungÂkul, sabab sawaktu di hotel tèh geus tangtu dicampuran ku ngiÂnum, inumeun anu matak ngamÂabokkeun. Kalakuan kitu tèh lain ngan sakali, tapi teu kaitung. Sabab ampir unggal aya kasemÂpetan, teu beurang teu peuting. Kitu ogè, dina ngamuluskeun proyèk-proyèkna, anu disuguhÂkeun tèh anu kararitu. Padahal anu ngajalanan jeung anu nyaÂdiakeun tèh dosana sarua.
“Pokona mah sagala anu dipahing ku agama mangsa hariÂta mah dipigawè, kaasup ngaboÂhong ka kulawarga, majarkeun aya rapat di luar kota, padahal mah migawè kalakuan anu paÂpalingpang jeung agama. Eta tèh anu kainget, encan kalakuan ka babaturan, ka konsumen, ka tatangga, ah pokona mah laÂmun diinget-inget mah matak soak,â€pokna tèh bari rambisak.
Tangtuna èta mah jadi lamÂbaran kahirupan anu geus ditingÂgalkeun lin, pan ayeuna mah geus robah salapan puluh darajat. unggal jalma ogè boga lambaran hideung dina mangsa tukangna, nu penting mah kahareupnakeun lin?†cèkèng tèh mairan.
“Enya-enyana mah, ngan huÂsus pikeun diri sorangan sok gingÂgiapeun, naha tobat tèh bakal ditarima ku Gusti Allah,â€pokna deui.
“Kudu yakin Allah mah Maha Welas Asih, lautan pangampura, nu penting mah taubatan nasuha tèa, jeung teu ngalakonan deui, ceuk para ustad mah.â€