Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
BOGOR, baku ari geus datang jatidiÂrina tèh, sanggeus ti peuting ngaguyÂuran taneuh Pajajaran nepi ka kudu ngalaman ngaringkuk di Masjid AtÂtaqwa tengah peuting, kabulusan saÂbab teu boga jas hujan, isuk-isuk ogè, kapaksa kudu nyirekem deui di goÂwok, ngadagoan langit cangra, sabab girimis geus nyampakeun, mangsa panon kakara beunta.
Bogor tèa atuh, pan kawèntar pisan, Kota Hujan, kota anu teu perÂnah ngalaman kakurangan cai (kuÂduna mah), tapi tètèla bulan kamari mah loba anu tingjarerit, teu kabaÂgèan cai. Cenah mah saat disedotan ku pausahaan cai curah, nepikeun ka caina korèdas. Mangsana datang usum halodo tèh ribut, caina saat. Teu kabayangkeun kumaha jadina, lamun di sumberna waè, katelah loba hujan, wahangan jeung sumber cai, saat, kumaha di tempat sèjèn nya. Nukitu tèh ninggang kana paribasa beurit paèh di leuit tèa meureunan. Tapi kètang, sanajan dimamana ogè, tetep wè aya hukum leuweung, anu kuat ngèlèhkeun anu teu walakaya. Kuat lain dina harti baheula, tukang tarok tukang bobok, tapi loba dunya, beunghar pangabisa, panjang lèngÂkah, loba konèksi.
Biasana, sok lengkep tah, keur mah loba dunya barana, hubungananÂana ogè rèa, dina boga urusan tèh loba anu nulungan. Mangsa di jalma leutik jeung teu boga duit, wayahna wè dina antrian tèh kudu pangtukangna. Lain semet kadinya wungkul deuih, sakaÂpeung mah antrian tèh, kapiheulaan anu pandeuri tèa.
Teu bisa disinglarkeun yèn duit di jaman kiwari geus jadi “berhala†anyÂar anu bisa “naklukeun†kakawasaan, boh ku jalan kasar, mènta proyèk bari jeung ngancam, satengah kasar (bari sandar-sindir), ngigètan yèn nepi ka ayeuna jadi pamingpin atawa inohong tèh baheulana aya campur leungeunna kènèh. Anu lemes, tara loba carita, mangsa aya pagawèan anu kudu dipigawè hèg pamarèntahÂan taya waragadna, nu boga duit mah langsung ngacung ngamanggakeun. Contona jalan tol, terminal jeung nu sèjènna. Lamun geus kitu daèk-teu daèk antara pangusaha anu loba duit jeung pamarèntah tèh jadi sawawa.