Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
CEUK urang Batawi, atawa JaÂkarta, banjir anu tumiba ka wewengkonna tèh kusabab kiriÂman ti Bogor. Beuh naha kitu nya? Tapi kètang teu salah-salah teuing, tapi lain urang Bogor, maksudna mah kaayaan alam di Bogor anu leuwih luhur tiÂbatan Jakarta wè, panyababna mah nya.
Da kitu tèana mah sifatna cai, nèangan tempat anu leuwih handap. Komo deui, usum ngiÂjih kieu, ceuk tina bèja ti Koran jeung televise, aru ku lila-lila teuing jeung badag mah teu burung kakeueum, ari semet mumuncangan mah, komo deui lamun ditambahan ku cai anu ngugugudag.
Di Bogor, sakurangna aya dua wahangan, anu lumpatÂna ka Beulah “Wètanâ€, kahiji Cisadanè kaduana Ciliwung. Ciasadanè, oh ceuk Pantun BoÂgor arawa hasil panalungtikan urang Walanda anu kungsi daÂrang ka wewengkon Tatar PakÂuan geus aya ti baheulana. Dina salah sahiji situs dicaritakeun yèn Cisadanè tèh hartina bodas atawa suci jadi Cisadanè tèh cai anu disucikeun.
Eta mah baheula jigana tèh mangsa caina hèrang beresih, bisa dipakè mandi jeung kokoÂjayan. Jaman harita mah loba baÂrudak (ayeuna mah loba nu jadi pajabat jeung geus parangsieun) anu ngalun, boh dina ban atawa gètèk. Sanajan cenah nyababÂkeun banjir, Cisadanè tèh loa pisan gunana, caina dijadikeun bahan utama pikeun salah saÂhiji pausahaan cai daèrah di wewengkon Tangerang.
Geus ti babaheulana, mangsa jaman Walanda ngajajah urang, wahangan Cisadanè digunakeun ku bangsa Kumpeni. Sakapeung Cisadanè tèh sok ngamuk, utaÂmana mah lamun hujan di giÂrangna teu eureun-eureun.
Wahangan anu kadua nyaèta Ciliwung anu dina PanÂtun Bogor mah disebutna tèh Cihaliwung. Dina taun 1657, disebutkeun dina sastra Sunda anu mangrupa guguritan yèn Ciliwung tèh asalna tina ngaran salah sahiji raja di Karajaan SunÂda, nyaèta Sang Haliwungan atawa Prau Susuk Tunggal, puÂtrana Maharaja Wastu Kancana anu gaduh prameswari Dèwi Lara Sarkati putrina salah sahiji Resi di Lampung.