Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
TAS ngalongok babaturan anu gering di Tanah Sareal, kuring nyimpang ka masjid anu aya di komplèk paimahan Budi Agung. Di jero nyampak aya aya-aya aki-aki anu keur mendeko, jiÂgana mah keur ngadagoan datangna waktu lohor. Ditilik tina umurna, ceuk ijiran moal kurang ti tujuh puluhan, ngan mamarasna katingal beresih jeung cahayaan. ParimbagaÂnana mah jiga salah saurang kasepuhan anu remen didongÂkapan, Aki Markum. Rambutna bodas jeung jangkung leutik.
Ningali kitu tèh ras inget ka anjeunna, anu remen ngaÂnasèhatan yèn hirup mah geus aya nu ngatur, ulah sisirikan, kitu deui urusan milik jeung reÂjeki, sabab milik mah moal paaÂhiri-hiri, bagya teu paala-ala. Caritaan almarhum Ki MarÂkum, salah saurang kasepuhan Cileungsi anu kakara nganÂtunkeun sabulan kaliwat, mani asa ngajelengèng kènèh dina puhu ceuli, rarasaan moal bisa kapopohokeun saumur hirup. Ki Markum tèh kolot sampeuÂran, dipisepuh ku balad-balad kuring anu resep ngalalana, nèangan anu arareuweuh.
Di sebut arareuweuh tèh, pèdah kudu ditèangan sarta diguar ti kolot-kolot anu nyimÂpen riwayat atawa caritaan-carÂitaan anu dianggap aya patalina jeung jaman baheula. Sabab geuning loba pisan kajadian ahèng anu teu kungsi kaungkaÂbeun, boh ku media anu aya atawa buku. Caritaan kolot baheula anu luhung ku piweÂjang, boh ngeunaan kajayaan karuhunna atawa adab-adaban ngeunaan lumaku kahirupan anu kudu dijalankeun, loba anu carem, kabawa kubur marenÂgan jeung nu mawa lalakonna. Sabagèan diantarana aya ogè anu diwujudkeun dina buku-buÂku sajarah, tapi disagèdèngeun èta tètèla loba kènèh anu tacan kaguar, dina kapanggihna ngan saukur jadi totondèn wungkul, ukur siloka bari jeung teu nyaÂho kumaha mukana.
Kawas monyèt anu ngaguÂgulung kalapa, nyaho rasana ngeunah tapi teu bisa mèsèkÂna. Antukna kaluhungan-kaluÂhungan jeung pangajaran anu pinuh ajèn inajèn ngan sauÂkur jadi tutunggul waktu anu laas ku jaman. Carita atawa dongèng anu kuduna bisa ditÂepikeun ka anak incu nepi ka buyut tèh pugag teu kaguar. Numatak kitu, Aki Markum mah, resepeun pisan, lamun aya barudak ngora, atawa anu saentragan kuring, nanyakeun kaayaan baheula. Mangsa anÂjeunna berjoang ngalawan panÂjajah atawa nyaritakeun cariÂtaan ti akina ngeunaan kaayaan Bogor mangsa baheula.