Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
NGABANDUNGAN jeung merÂhatikeun kurikeuleum taun 2013, anu rèk ngaleungitkeun basa daèrah kaasup basa SunÂda tangtuna, ku Mentri PenÂdidikan Nasional harita, Prof. Dr.Ir Muchammad Nuh, aya ku araranèh pisan. Kanyataan nu aya, sanajan geus dijadikeun muatan lokal sarta diajarkeun di sakola ti mimiti di SD, basa-basa daèrah tèh rada arang diÂgunakeun, kaèlèhkeun ku basa deungeun.
Geura wè talingakeun, kurÂsus basa Inggris, Perancis jeung basa lianna ngaleuya di unggal tempat, ari kursus basa Sunda, teu hiji-hiji acan. Lamun enya kitu kajadianana, beunang diÂpastikeun basa-basa daèrah anu aya, bakal leuwih cepet caremÂna, sigana tèh moal nepi lima puluh taun kahareup, Ma Enok anu cicing di lembur singkur (lain Ma Enok anu bogoheun ka Haji Muhidin) nitah incuna tèh bakal ku basa Indonèsia, malah bisa jadi basa Inggris. Boa ngaran incuna ogè, lain Ujang atawa Dadang (hè..hè..) tapi diganti ku Michaèl, Jack atawa Gabriele. Sabab, gèngsi tèa.
Padahal, Unesco sorangan geus netepkeun yèn tanggal 21 Februari mangrupakeun Poè Basa Ibu Internasional anu diÂlumangsungkeun di Bangladesh tanggal 17 November 1999. PaÂnetepan tanggal 21 Februari pikeun Dinten Basa Indung, tèh lain ngan saukur padu heuay, nyarita tanpa nyata, catur tanpa bukur, tapi hasil panalungtikan. Diantarana nyebutkeun basa-basa anu aya geus mimiti laleunÂgitan, kusabab nu ngagunakeuÂnana beuki saeutik jeung teu dipalirè ku nu ngagunakeunana.
Sakumaha anu dipikanyaho, sistim disiplin di nagara urang masih kènèh kumaha anu dibarÂendo, atawa paternalistik, sieun ku atasan, sanajan pingpinanana teu eucreug ogè, bawahanana miluan ngarojong (Di jaman kiwari loba kènèh anu leuwih sieuneun ku atasan ti batan ku Nu Maha Kawasa). Sakumaha anu dicaritakeun ku Kang Dedy (salah saurang PNS), sawaktu manèhna manggih kacurangan babaturanana, tur mènta sangÂkan èta buru-buru dibèrèsan, sabab ngarugikeun nagara.
“Anu mecleng tèh anu rèk ngabenerkeun, lain anu dibenerkeun. Teu salah lamun aya anu nyebutkeun anu jujur bakal ancur, karasa ku kuring sorangan,â€pokna tèh. Tah paÂtali jeung sistim “kabapaan†tèa, hiji kawijakan moal bisa di(jalan)keun, urang kudu ngaku yèn Jokowi, Walikota Solo anu kungsi jadi Gubernur DKI Jakarta leuwih Nyunda tiÂbatan pamingpin urang Sunda.